Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:51

[1] Geus kitu, malaikat nu kalima, niup sangkakalana. Tuluy aya hiji bentang anu ragrag ti langit ninggang ka bumi. Eta bentang diserenan sosi hiji guha anu jero (pangancikan roh-roh jahat).

[2] Barang lawang eta guha dibuka, peledug bijil haseup, — pohara kandelna, kawas haseup tina pameuleuman gede — anu moekan panonpoe.

[3] Ti jero eta haseup, merul simeut, — matih lir kalajengking — ambreg ka bumi.

[4] Eta simeut-simeut teh, geus dibere parentah teu meunang ngaruksak bangsa jujukutan, tatangkalan, atawa tutuwuhan lianna; tapi ngan pikeun ngagalaksak ka manusa wungkul, anu dina tarangna henteu marake cap Allah.

[5] Sanajan kitu, eta jelema-jelema teh henteu meunang nepi ka dipaehan; cukup ku disiksa, — dibere kanyeri kawas diseureud ku kalajengking — lilana lima bulan.

[6] Di sajero lima bulan tea, jelema-jelema teh nareangan jalan pikeun paeh, tapi teu nimu. Paeh diteangan, tapi Paehna nyingkir.

[7] Simeut-simeut tea, bangunna, siga kuda beunang ngararahaban ku dangdanan perang. Huluna, siga make makuta emas; beungeutna, siga beungeut jelema;

[8] jeung baruukan, siga buuk awewe; huntuna, siga huntu singa;

[9] dadana, siga nu make baju beusi; sora jangjangna, ngaguruh lir sada kareta perang anu ditarik ku kuda loba;

[10] buntutna, siga buntut kalajengking jeung peurahan deuih; nya pikeun nyiksa jelema-jelema tea, lilana lima bulan.

[11] Jeung aya rajana anu ngatur, nya eta malaikat guha tea; ngaranna dina basa Ibrani, Abadon, ari dina basa Yunani Apolion (hartina: Tukang ngamusnakeun).

[12] Liwat balai nu ieu, aya dua rupa keneh balai.

[13] Malaikat nu kagenep niup sangkakalana: Ti opat juru mezbah emas, — di payuneun Allah tea —

[14] bijil parentah ka malaikat anu bieu niup sangkakala: «Bebaskeun opat malaikat anu ditahan di sisi walungan Ci-Eprat!»

[15] Tuluy malaikat nu opat teh, dileupaskeun. Eta opat malaikat ditahan di dinya teh, diancokeun kana hiji wanci anu geus dipasti jamna, poena, bulanna, jeung taunna pikeun maehan sapertilu umat manusa.

[16] Ti dinya, simkuring ningal aya wadyabalad gede kacida; bilanganana kadenge aya dua puluh juta urang.

[17] Kabeh tarumpak kuda, dibaraju kere, warnana beureum euceuy, biru langit, jeung koneng walirang. Ari kudana, huluna siga hulu singa. Tina bangusna, bijilan seuneu, haseup, jeung walirang.

[18] Ieu tilu rupa balai anu kaluar tina bangus-bangus kuda teh, nya eta seuneu, haseup, jeung walirang. Ngabalaikeun ka manusa, nepi ka sapertilu umat manusa paraeh.

[19] Kasaktian eta kuda memang dina bangusna, jeung dina buntut-buntutna anu bangunna jiga oray haruluan, sarua ngaruksakna.

[20] Manusa nu sakarina, anu teu paraeh ku eta bahla, tetep henteu euih-euih tina kalakuan masiatna. Angger bae nyararembah ka brahala, anu dijieunna tina emas, tina perak, tina parunggu, tina batu, jeung tina kai; nya jijieunan maranehna keneh: Arca anu teu nenjo teu ngadenge, jeung teu leumpang.

[21] Angger bae maranehna resep maehan, resep sihir, resep rucah, sarta resep pulang-paling.

Wahyu — Chapters