Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 5:38

[1] Ieu wahyu Isa Al Masih, wahyu ti Allah ka Anjeunna, sangkan dipintonkeun ka sakabeh abdi-Na; ieu wahyu teh, ngeunaan perkara-perkara anu meh kajadian. Al Masih ngutus malaikat-Na, mintonkeun ieu wahyu ka Yahya abdi-Na.

[2] Yahya nyarioskeun sakabeh titingalianana. Nya ieu pertelaanana anu diandikakeun ku Allah jeung anu dipintonkeun ka anjeunna ku Isa Al Masih.

[3] Bagja anu maraca katut ngadarenge kana ieu pangandika tur ngimankeun sugri anu kauni di dinya. Sabab tereh pijadieunana.

[4] Surat ti simkuring, Yahya. Kahatur jamaah anu tujuh, di wilayah Asia. Rahmat rahayu ti Mantenna — anu kiwari jumeneng, bihari jumeneng, sarta anu baris rawuh deui; kitu deui, ti tujuh roh anu lumungguh di payuneun singgasana-Na — nyarengan aranjeun.

[5] Sarta ti Isa Al Masih, Saksi Anu saestu, anu pangpayunna gugah ti antara nu paraeh, Kapalaning raja-raja di bumi. Demi welas asih-Na ka urang, Anjeunna pupus pikeun ngaleupaskeun urang tina dosa; —

[6] urang ge geus dijadikeun hiji karajaan, dijadikeun imam-imam anu kumureb ka Allah, Rama Anjeunna — kamulyaan, kakawasaan, kagungan Al Masih salalanggengna. Amin.

[7] Ieu nu katingali ku simkuring teh: Al Masih rawuh dina mega, tembong ka saban jelema, kaasup jelema anu numbak ka salira-Na. Jelema satonggong bumi narenjo ka Anjeunna jeung bari aluk-alukan. Saestuna pisan. Amin.

[8] «Kami teh Alif jeung Ya!» Timbalan Pangeran, Nu Murba Wisesa, anu kiwari jumeneng, bihari jumeneng, sarta anu baris rawuh deui.

[9] Simkuring, Yahya, — dulur aranjeun, batur di jero kasusah, batur di jero Karajaan Allah, batur mantep dina kamanunggalan jeung Isa — keur mencil di pulo Patmos, marga ku pagawean anu tumali jeung pangandika Allah jeung ngamashurkeun panyaksen-Na Isa.

[10] Dina hiji poe, anu disebut Poean Pangeran, simkuring aya dina pangaruh Ruh. Geus kitu, ngadenge anu ngagentra di tukangeun; tarikna tanding sangkakala, ungelna:

[11] «Tuliskeun sakur anu katenjo, tuluy kirimkeun ka jamaah anu tujuh, nya eta anu di Epesus, Semirna, Pergamus, Tiatira, Sardis, Piladelpia, jeung Laodikea!»

[12] Simkuring malik, hayang ningal ka nu ngadawuhna. Tuluy simkuring ningal aya tujuh ajug emas;

[13] di satengaheunana aya Nu ngaraga, wujud-Na siga manusa, nganggo jubah landung jeung sabuk emas.

[14] Rambut-Na ngeplak lir kapas, soca-Na moncorong lir seuneu hurung.

[15] Sampeana-Na gilap herang, lir suasa keur dibesot; ari gentra-Na, lir gumuruhna curug gede.

[16] Panangan tengen-Na, nyepeng tujuh bentang; tina baham-Na, bijil pedang anu dua pangadekna; ari pameunteu-Na, gumebyar lir srangenge keur manceran.

[17] Bruk, simkuring ngalumpuruk lebah sampeana-Na, kapupul bayu. Gap, panangana-Na nyabak ka simkuring sarta ngadawuh: «Ulah sieun.

[18] Ieu Kami Nu Awal jeung Nu Ahir. Ieu Kami Nu jumeneng. Kami geus nemahan ajal pati. Tapi tenjo, ieu Kami hirup salalanggengna. Nya Kami anu ngereh ajal pati katut karajaanana.

[19] Tuliskeun sakur anu katenjo ku maneh, boh anu ayeuna, boh anu bakal datang.

[20] Ieu tujuh bentang dina leungeun katuhu Kami teh, nya eta perlambang tujuh malaikat jamaah. Ari tujuh ajug emas, nya eta perlambang jamaah nu tujuh.»

Wahyu — Chapters