Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 5:47

[1] Geus kitu, di sawarga aya sora mani ngageder, sora pupujian jalma loba, pokna: «Muji sukur ka Allah! Haturkeun ka Mantenna: Kawilujengan, kamulyaan jeung kakawasaan.

[2] Putusan Mantenna adil saestu. Indung palacuran, anu jahat ngaruksak buana, tur geus maehan abdi-abdi Mantenna, ayeuna enggeus dihukum.

[3] Muji sukur ka Allah! Nagarana geus dihuru, haseupna meledug salawasna.

[4] Dua puluh opat sesepuh jeung mahluk nu opat tea nyarembah ka Allah, anu linggih dina singgasana bari nyarebut: «Amin! Muji sukur ka Allah!»

[5] Tina singgasana bijil soara: «Sanggakeun puji ka Allah nu disembah ku urang, he sadaya abdi-Na anu gimir ka Mantenna, gede leutik!»

[6] Der sora ngageder deui, lir sada gumuruhna banjir sarta sadana gugur ngagulugur. Unina: «Muji sukur ka Allah! Pangeran, Allah nu disembah ku urang, Nu Murba Wisesa, jumeneng Raja.

[7] Hayu urang suka bungah sarta muji ka Mantenna. Sabab ayeuna, poe rendenganana anu ngagem gelar Anak Domba. Panganten istri geus didangdosan,

[8] sarta geus dipaparin sangkan nganggo lenen bodas lemes cahayaan.» [Lawon lenen bodas lambang kaibadahan umat Allah].

[9] Malaikat tea sasauran ka simkuring, «Tulis: Estu bagja anu diondang kana ieu pesta rendengan Anu ngagem gelar Anak Domba!» Saurna deui, «Ieu teh saestuna dawuhan Allah!»

[10] Brek, simkuring deku seja nyembah ka anjeunna. Tapi saurna, «Ulah kitu! Kaula ge sarua, ngabdi keneh, — sasama andika sarta sasama dulur-dulur andika, nya eta sakur anu nyarekel pertelaan Isa — ngan Allah anu wajib disembah. Sabab pertelaan Isa teh, jadi sumber ilhamna nabi-nabi.»

[11] Geus kitu, simkuring ningal sawarga muka. Torojol hiji kuda bodas, ditunggangan ku Nu jenengan Satuhu-Saestu, anu adil dina tarung tur adil dina ngahukum.

[12] Socana moncorong, lir seuneu hurung; mastaka-Na nganggo makuta, rea pisan. Dina mastaka-Na aya tulisan hiji jenengan, taya nu wawuh lian ti Anjeunna.

[13] Panganggo-Na beunang nyelep ku getih; gelarana-Na: Pangandika Allah.

[14] Anjeunna diiring ku sawadya balad sawarga tararumpak kuda bodas, papakeanana lenen bodas ngeplak.

[15] Tina baham-Na bijil pedang seukeut kabina-bina, pikeun nyabetan sakabeh jelema anu teu dipiboga ku Allah. Jelema-jelema anu karitu, ku Anjeunna baris dikeprik ku iteuk beusi, digiring jeung digebruskeun kana pameresan, bak bebenduning Allah Anu Murba Wisesa.

[16] Dina jubah jeung pingping-Na aya gelaran anu unina: «Rajaning sagala raja, Gustining sakabeh gusti.»

[17] Breh deui, simkuring ningal hiji malaikat, nangtung dina panonpoe. Tuluy eta malaikat cumeluk ka manuk-manuk, anu keur halaliber di langit. Sorana handaruan:

[18] «Ka darieu kumpul kana pesta Allah! Loba hakaneun, daging raja-raja, daging jendral-jendral, daging prajurit-prajurit, daging kuda jeung nu tarumpakna, daging sakabeh jelema, daging jelema merdika, daging jelema nu kumawula, nu gede nu leutik!»

[19] Geus kitu, katembong sato tea; eta sato bareng jeung raja-raja saalam dunya katut sawadya baladna, geus ngahiji arek perang ngayonan Anu tunggang kuda bodas sawadya balad.

[20] Tapi sato teh kacerek, kitu deui nabina anu palsu, anu geus ngalantarankeun jelema salalasar daraek dicap ku eta sato jeung nyembah kana arcana. Duanana digubruskeun hirup-hirup kana lautan seuneu walirang anu hurung ngagedur.

[21] Ari anu lian-lianna paraeh disabetan ku pedang anu bijil tina baham Nu tunggang kuda bodas tea. Manuk-manuk sarareubeuh ku bangke-bangke.

Wahyu — Chapters