Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 3:24

[1] Tutas titingalan anu eta, breh aya titingalan sejen. Aya panto di sawarga anu muka. Tuluy aya Nu ngagentra, lir sada sangkakala anu kadenge ti heula tea, ungelna: «Ka dieu unggah! Kami rek nembongkeun kajadian-kajadian saterusna!»

[2] Harita keneh simkuring kapurba ku Ruh. Geus kitu, di sawarga simkuring ningal anu keur linggih dina hiji singgasana.

[3] Pameunteu-Na mancur, lir permata yaspis jeung yakut. Singgasana-Na dikubeng ku katumbiri nu sumirat warna jambrut,

[4] diputer ku dua puluh opat tahta anu dicaralikan ku dua puluh opat sesepuh anu ngaranggo anggoan bodas ngeplak jeung makuta emas.

[5] Tina singgasana tea, bijil kilat tinggurilap, sada gugur tinggulugur. Di hareupeunana aya tujuh obor anu hurung, anu tinggalebur; eta teh tujuh Ruh Allah;

[6] jeung aya nu siga laut kaca ngagenclang, jeg kristal anu ngagenclang lumenggang. Sakuriling singgasana, unggal sisi, — tukang, hareup, kenca, katuhu — dikawal ku opat mahluk anu pinuh ku mata saluluarna.

[7] Mahluk anu kahiji, bangunna, siga singa; nu kadua, siga anak sapi; nu katilu, beungeutna, siga beungeut jelema; nu kaopat, siga galudra eukeur ngalayang.

[8] Opat-opatna, baroga genep jangjang tur luar jerona pinuh ku mata; opat-opatna, beurang peuting, teu eureun-eureun pupujian, pokna: «Suci, suci, suci Pangeran Allah Nu Murba Wisesa, Nu jumeneng ti bihari tug ka kiwari, jumeneng salalanggengna.»

[9] Saban-saban eta mahluk nu opat maruji, ngahormat, sarta muji sukur ka Anu linggih dina singgasana, Nu jumeneng salalanggengna;

[10] sesepuh anu dua puluh opat tea, sembah sujud ka Anu linggih dina singgasana, — Nu jumeneng salalanggengna — bari maruka makuta-makutana sarta arunjukan kieu:

[11] «Nun Jungjunan, Allah Pangeran! Estu layak Gusti ngasta kaagungan, kahormatan, sareng kakawasaan. Reh nya Gusti nu nyiptakeun saniskara. Nya ku karana pangersa Gusti, pangna eta sadaya ayeuna aya.»

Wahyu — Chapters