Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 2:25

[1] Geus kitu, aya deui hiji totonde anu aheng, di langit: Agung sarta matak helok kabina-bina. Aya tujuh malaikat, mawa tujuh rupa balai anu panganggeusan, nya eta kanyataan anu panutup tina bebenduning Allah.

[2] Breh, aya anu jiga laut kaca pagalo jeung seuneu. Jelema-jelema anu geus ngelehkeun sato, arcana, katut nu make cap angka-angka lambang tina ngaranna tea, narangtung di sisi eta laut kaca, nyarekel kacapi ti Allah.

[3] Breng ngawihkeun pupujian Musa, — abdi Allah tea — jeung pupujiana-Na Anak Domba: «Nun Pangeran, Allah Nu Murba Wisesa, padamelan Gusti agung aheng teu aya bandingna! Nun Rajaning sadaya bangsa, jalan Gusti estu adil tur sayaktosna!

[4] Saha anu teu gimir ku Gusti? Saha anu moal ngaku kaagungan Gusti? Anging Gusti Anu suci. Bangsa-bangsa sadayana baris darongkap sumembah, wireh padamelan Gusti anu adil, nyata kasaksi ku sadayana.»

[5] Ti dinya, katingal Bait Suci nu di sawarga, muka; breh, anu aya di jerona katembong.

[6] Tujuh malaikat anu mawa tujuh rupa balai, kalaluar ti Bait Suci; papakeanana ngeplak bodas jeung harerang; dadana, marake beulitan emas.

[7] Salah sahiji mahluk nu opat tea, ngabagikeun tujuh pinggan emas, — anu dieusi ku bebenduning Allah Anu jumeneng salalanggengna — ka malaikat anu tujuh tea.

[8] Geus kitu, Bait Suci teh pinuh ku haseup ku karana kaagungan jeung kakawasaan Allah. Teu aya saurang-urang acan anu bisa asup ka dinya: Samemeh balai anu tujuh rupa anu dicekel ku tujuh malaikat tea, dilaksanakeun kabeh.

Wahyu — Chapters