[1] Geus kitu, aya opat malaikat, narangtung di opat jihat bumi. Eta malaikat-malaikat nyerek angin bumi anu opat, teu meunang nebak ka daratan, lautan, atawa kana tatangkalan.
[2] Breh deui hiji malaikat, unggah tina pangbijilan panonpoe nyekel cap-Na Allah Nu jumeneng. Eta malaikat, cumeluk ka opat malaikat anu dibere kawasa pikeun ngaruksak daratan jeung lautan tea; kieu cumelukna:
[3] «Daratan, lautan, tatangkalan, ulah waka digempur; urang cap heula tarang abdi-abdi Allah nu disembah ku urang!»
[4] Ku simkuring kadenge, jumblah anu geus dicap teh aya saratus opat puluh opat rebu urang ti sakabeh kaom Israil.
[5] Anu dicap ti kaom Yuda dua belas rebu urang. Ti kaom Rubin dua belas rebu urang. Ti kaom Gat dua belas rebu urang.
[6] Ti kaom Aser dua belas rebu urang. Ti kaom Naptali dua belas rebu urang. Ti kaom Menase dua belas rebu urang.
[7] Ti kaom Simon dua belas rebu urang. Ti kaom Lewi dua belas rebu urang. Ti kaom Isaskar dua belas rebu urang.
[8] Ti kaom Sebulun dua belas rebu urang. Ti kaom Yusup dua belas rebu urang. Ti kaom Binyamin dua belas rebu urang.
[9] Ti dinya, simkuring ningal jelema mangpirang-pirang reana tanpa wilangan, — ti sagala bangsa, seler-seler bangsa, kaom-kaom, jeung basa-basa — narangtung payuneun singgasana jeung payuneun Anak Domba, marake jubah bodas ngeplak jeung nyarekel daun palem.
[10] Breng bareng ngararucap, sorana ngageder: «Kasalametan urang asal ti pangersa Allah, anu linggih dina singgasana, jeung ti Anak Domba!»
[11] Malaikat-malaikat anu rajeg sabudeureun singgasana, kitu oge parasesepuh jeung mahluk anu opat tea, — payuneun singgasana — bruk sarujud ka Allah;
[12] breng, kabeh ngarucap: «Amin! Puja, puji, kaagungan, kaluhungan, pamuji sukur, kahormatan, kakawasaan, kawisesaan, salamina kagungan Allah nu disembah ku urang, salalanggengna. Amin!»
[13] Hiji sesepuh mariksa ka simkuring, saurna, «Anu dijarubah bodas teh saha, jeung ti mana?»
[14] Walon simkuring, «Sumuhun teu terang. Juragan anu langkung uninga.» Saurna deui, «Eta teh jelema-jelema anu tas dikaniaya kacida hebatna. Jubahna jadi barodas ngeplak sabab geus diseuseuh dina getih itu Anak Domba.
[15] Kitu lantaranana, pangna ayeuna araya di dieu, di payuneun singgasana Allah. Beurang peuting ngabdi ka Mantenna di Bait-Na anu suci. Maranehna ditangtayungan ku Mantenna, anu linggih dina singgasana tea.
[16] Maranehna moal kasorang deui ku lapar, moal ngarasa halabhab deui, moal karerab deui ku panasna panonpoe, atawa ku panas naon bae.
[17] Sabab baris diaping ku Anak Domba nu aya di tengah-tengah singgasana, dituyun ka cinyusu kahirupan sarta cipanon maranehna ge, ku Allah, bakal dipupus.»