[1] Geus kitu, Jebul, ti laut hiji sato hanjat ka darat. Huluna tujuh, tandukna sapuluh; dina unggal-unggal tanduk aya makuta; ari huluna, masing-masing ditulisan hiji ngaran anu ngahina;
[2] awakna, siga maung tutul; sukuna, siga suku biruang; bangusna, siga bangus singa. Seug ku Naga diserenan pangawasana, kapangkatanana, jeung kagagahanana.
[3] Huluna, salahsahijina, aya raheutna bangun matak paeh, tapi bet bisa cageur deui. Saeusi dunya mani hookeun, seug sato teh ditaluturkeun.
[4] Jelema-jelema kabeh muji ka Naga, anu geus mere kakawasaan ka eta sato; tuluy eta sato teh, disembah-sembah. Ceuk maranehna: «Saha nu bisa nandingan tur kuat ngalawan eta sato?»
[5] Eta sato dibere kabisa kana susumbar, ngaburulakeun ucap-ucap jahat, opat puluh dua bulan lilana.
[6] Seug mimiti nangtang ka Allah, nyacampah jenengana-Na, ngahina kana kasucian panglinggihana-Na, jeung ka sakur anu ngarancik di sawarga.
[7] Jeung deui, eta sato teh, dibere idin merangan jeung ngelehkeun umat Allah; tur dibere kawasa oge pikeun ngajajah ka kaom-kaom, seler-seler bangsa, bangsa-bangsa, jeung basa-basa.
[8] Jelema saalam dunya baris nyarembah ka dinya. Anu karitu teh, ngan ukur jelema-jelema anu ngaranna ti barang dunya dijadikeun geus henteu katuliskeun dina kitab hayat cangkingan Anak Domba anu dipeuncit tea.
[9] Ku sabab eta, nu rumasa boga ceuli kudu ngadenge!
[10] Anu pastina kudu kaboyong tangtu kaboyong; anu pastina dipaehan ku pedang, tangtu paeh ku pedang. Lebah dieu pentingna, jelema anu aribadah teh kudu tabah nyekel imanna.
[11] Breh deui, aya sato anu kadua. Bijilna ti jero bumi. Ieu sato, boga dua tanduk anu bangunna siga tanduk anak domba jeung bisa ngomong kawas Naga tea.
[12] Seug, eta sato, ngajalankeun sagala pangawasa sato anu kahiji di hareupeunana. Ieu sato teh ngalantarankeun bumi sakuliahna katut jelema-jelema anu ngeusianana, nyarembah ka sato anu kahiji, anu raheutna cageur deui tea.
[13] Ieu sato anu kadua teh, nembongkeun kaahengan-kaahengan anu hebat ka manusa, malah bisa nyieun hujan seuneu ti langit.
[14] Ku jalan nembongkeun kaahengan-kaahengan anu wenang dijalankeun dihareupeun sato anu kahiji, ieu sato teh, bisa nyasabkeun manusa-manusa anu ngarancik di bumi sarta marentah arca pikeun ngahormat sato anu huluna raheut cageur deui tea.
[15] Tur eta sato teh boga pangawasa ngahirupkeun eta arca, nepi ka arcana bisa ngomong ngaragragkeun hukum pati ka anu embung nyembah.
[16] Malah nyieun aturan anu keras pisan, yen sakabeh jelema gede leutik, anu beunghar anu miskin, nu merdika anu kumawula, kudu marake tanda dina leungeun katuhu jeung dina tarang.
[17] Jelema anu teu boga eta tanda, — nya ngaran eta sato atawa angka perlambang ngaranna — henteu meunang barang beuli atawa barang jual.
[18] Ieu teh siloka, jadi urang kudu lantip jeung surti. Anu surti mah, bisa nyaho kana angka bilanganana; sabab bilanganana teh, nuduhkeun ngaran hiji manusa. Angkana teh: Genep ratus genep puluh genep.