Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 3:09

[1] Ti dinya, simkuring ningal deui hiji malaikat anu gagah, turun ti sawarga. Eta malaikat teh diharudum ku mega; mastakana, dikukudung kuwung-kuwung; rarayna, gumebyar lir panonpoe; sampeanana, jeg pilar seuneu.

[2] Pananganana, nyepeng gulungan kitab leutik beunang muka. Sampeanana, nu katuhu napak ka laut, nu kenca napak ka darat.

[3] Eta malaikat ngagero handaruan, lir sada singa ngagaur, ditembalan ku tujuh guludug anu ngagulugur.

[4] Sanggeus jempe, ku simkuring rek dituliskeun; tapi kaburu aya anu ngagentraan ti sawarga, ungelna: «Eta picatur tujuh guludug ulah dituliskeun. Kudu dirasiahkeun!»

[5] Geus kitu, malaikat anu napak ka laut sarta napak ka darat tea, ngacungkeun panangan anu katuhu ka langit;

[6] tuluy ngucapkeun sumpah demi Allah Nu jumeneng, anu ngadamel langit sapuratina, bumi sapuratina, jeung laut sapuratina: «Geus cunduk waktuna!

[7] Engke, samangsa geus kadenge sangkakala anu baris ditiup ku malaikat nu katujuh, nya harita Allah seja ngabudalkeun rasiah putusan-putusana-Na, sakumaha anu geus diwartakeun ka paranabi, nya eta abdi-abdi Mantenna tea.»

[8] Gentra nu tadi kadenge ti sawarga tea, ngagentraan deui ka simkuring: «Cokot ku maneh ka ditu gulungan kitab anu muka ti malaikat anu napak ka laut jeung ka darat!»

[9] Tuluy simkuring indit, nyuhunkeun eta gulungan kitab ka eta malaikat. Ari saurna: «Heh tampanan, tuluy hakan! Eta gulungan kitab teh di jero beuteung mah rasana pait, tapi dina sungut amis asa madu!»

[10] Eta gulungan kitab ku simkuring ditampanan, terus didahar. Enya dina sungut mah, amisna, asa madu; tapi barang geus di jero beuteung, pohara paitna.

[11] Geus kitu, simkuring dipiwarang kieu: «Sakali deui, maneh kudu ngembarkeun pangandika Allah ka bangsa-bangsa nu loba, ka seler-seler bangsa anu basana rupa-rupa, jeung ka raja-raja!»

Wahyu — Chapters