[1] Hiji ti antara tujuh malaikat anu nyarangking pinggan balai tea, nyampeurkeun ka simkuring, bari saurna: «Ka dieu! Urang nenjo hukuman anu baris dikeunakeun ka awewe ratuning palacuran, nya eta nagara gede anu di sisi walungan gede tea.
[2] Raja-raja sakuliah jagat, kabeh, geus lalacur jeung manehna. Jelema saalam dunya ge, geus marabok ku anggur palacuranana.»
[3] Geus kitu, lelembutan simkuring dibawa ku malaikat ka alas kikisik. Di dinya, aya hiji awewe keur diuk numpakan hiji sato anu beureum euceuy, anu pinuh ku tulisan ngaran-ngaran anu sipatna ngahina. Satona, huluna tujuh tandukna sapuluh.
[4] Warna papakean eta awewe, wungu jeung beureum euceuy, pinuh ku perhiasan emas, permata, jeung mutiara. Leungeunna nyekel mangkok emas, pinuh ku rereged kamasiatanana.
[5] Dina tarangna aya tulisan rasiah, anu pihartieunana: «Babul Raya, indung ungkluk, sarta bibit rurujiting bumi.»
[6] Manehna keur mabok ku getih umat Allah jeung ku getih jelema-jelema anu sumpah satia ka Al Masih. Simkuring ngarasa heran kabina-bina.
[7] Saur malaikat ka simkuring, «Naha andika heran? Ku kaula rek dibejakeun rasiahna eta awewe; kitu deui sato tutumpakanana, anu huluna tujuh tandukna sapuluh.
[8] Eta sato anu katenjo, bareto teh hirup, tapi ayeuna mah geus ngiles. Tapi engke, eta sato, baris muncul deui, — ti jero guha tea — sarta baris binasa ku polahna. Jalma-jalma pangeusi bumi, anu ti barang dunya mimiti dijadikeun ngaranna teu dicatet dina kitab Kahirupan, bakal hareraneun nenjo eta sato. Sabab eta sato anu geus ngiles teh, bet muncul deui.
[9] Hal eta teh, bisana kaharti ngan ku nu lantip jeung surti. Huluna anu tujuh teh, hartina, tujuh gunung pangancikan eta awewe jeung nuduhkeun tujuh raja.
[10] Nu lima diantarana geus tijungkel, nu kagenep jeneng keneh, ari nu katujuh acan aya; tapi mun geus aya, jenengna moal lila.
[11] Ari eta sato anu asal aya, tapi tuluy ngiles teh, nya eta perlambang raja nu kadalapan anu milu ka golongan anu tujuhan tea sarta eta oge baris binasa.
[12] Ari hartina sapuluh tanduk, nuduhkeun sapuluh raja nu acan jeneng. Engkena baris bareng jeung sato tea jaradi raja, tapi lilana ngan sajam.
[13] Tujuan ieu sapuluh raja, ngan sarupa, nya eta rek nyerenkeun kakawasaan jeung wewenangna ka sato tea.
[14] Maranehna bakal merangan Anak Domba. Tapi nu unggul mah, Anak Domba tea katut parapanganut-Na nu satia; sabab Anjeunna teh, Gustining sagala gusti, Rajaning sagala raja.»
[15] Saurna deui ka simkuring, «Walungan-walungan anu ayeuna katenjo, anu jadi tempat awewe palacuran tea, nuduhkeun bangsa-bangsa, rayat murba, kaom-kaom, katut basana masing-masing.
[16] Eta awewe, baris dipikaijid ku tanduk anu sapuluh jeung ku satona; sagala kakayaanana dijabel, awakna ditaranjangan, dagingna diharakan, terus diduruk ku seuneu tepi ka beak.
[17] Sabab hate maranehna, ku Allah dikersakeun boga maksud anu sarua pikeun ngalaksanakeun tujuan Mantenna, nya eta disina nyerenkeun karajaan eta awewe ka sato tea, nepi ka pangandika Allah bukti laksana.
[18] Ari eta awewe, hartina, nuduhkeun nagara gede tea, anu marentah raja-raja saalam buana.»