Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 5:30

[1] Geus kitu, malaikat teh nuduhkeun walungan kahirupan, anu matak hirup hurip; caina ngenclong ngagenclang, lir kaca kristal; sirahna, tina singgasana Allah jeung tina singgasana Anak Domba;

[2] Ngocorna, ngaliwatan tengah-tengah kota; di sisina, kenca katuhu, aya tangkal; eta teh tangkal kahirupan, anu buahanana saban bulan, nya eta sataun dua belas kali; daunna, bisa mere kacageran.

[3] Di eta kota, geus moal aya deui anu kudu meunang la'nat ti Allah. Warga-wargana ngabaraktina ka Mantenna,

[4] bisa ningal ka Mantenna sarta dina tarang masing-masing aya jenengan Allah.

[5] Di dinya, geus taya peuting; teu perlu lampu atawa panonpoe; sabab geus caang ku kamulyaan Pangeran, Allah nu disembah ku urang. Kabeh wargana ngalalatur, — saperti raja-raja — pikeun salalanggengna.

[6] Saur malaikat tea ka simkuring: «Ieu dawuhan teh saestuna pisan, layak dipercaya. Pangeran, — Allah anu maparin nyawa hirup ka nabi-nabi — ngutus malaikat-malaikat-Na pikeun ngumumkeun ka abdi-abdi-Na, nya eta sakur anu baris kajadian sakeudeung deui.»

[7] Mangka waspada! Kami tereh datang. Bagja pikeun jelema anu percaya kana nubuwat-nubuwat anu ditulis dina ieu Kitab! Kitu dawuhan Isa.

[8] Eta kabeh, kadenge jeung katingal ku simkuring. Tutas ngadenge jeung ningal eta sakabeh; brek, simkuring sideku ka eta malaikat, seja nyembah ka anjeunna.

[9] Tapi saurna, «Ulah kitu! Kaula oge sarua ngabdi, sasama andika sarta sasamana nabi-nabi, nya eta sakur anu iman kana eusi ieu Kitab. Ngan Allah anu wajib disembah!»

[10] Saurna deui, «Nubuwatan-nubuwatan dina ieu Kitab, ulah dirasiahkeun sabab kabeh oge, geus meh kajadian.

[11] Sing saha nu lampahna jahat, mangka tetep dina jahatna; nu kotor mangka tetep kotorna; sing saha nu hade, mangka tetep hadena; nu suci mangka tetep sucina.»

[12] «Sing waspada! Kami tereh datang, mawa ganjaran pikeun sakabeh, satimpal jeung lampah masing-masing.

[13] Kami teh Alif jeung Ya: Nu Awal jeung Nu Ahir!» Kitu dawuhan Isa.

[14] Bagja pikeun jelema anu pamakena rapih beresih; manehna boga hak ngadahar buah tangkal kahirupan jeung meunang asup ka eta kota liwat lawang-lawangna.

[15] Sabalikna, anjing-anjing jarian: Tukang-tukang sihir, tukang rucah, tukang maehan, tukang nyembah brahala, tukang wadul omong jeung lampah, harirupna, di luareun eta kota.

[16] «Kami Isa, geus ngutus malaikat Kami ka maneh, nya eta pikeun ngembarkeun ieu perkara di jamaah Kami. Kami sirung turunan Daud; Kami, Bentang Timur nu moncorong.»

[17] Ruh jeung panganten istri tea unjukan: «Nun sumangga, geura rawuh!» Kitu deui sakur anu ngadenge ieu hal, kudu ngucap: «Sumangga, rawuh!» Saha bae nu halabhab, ka darieu. Sakur anu harayang nginum, pek geura ngarinum cikahuripan.

[18] Simkuring, Yahya, seja ngomat-ngomatan pisan ka sing saha bae anu ngadenge nubuwatan tina ieu Kitab: Ulah rek nambahan unina ieu Kitab; sabab tangtu ku Allah ditambah hukumanana, ku balai-balai anu ditulis di jerona.

[19] Sabalikna deui, sing saha anu ngurangan uni ieu Kitab, ku Allah baris dicabut hakna; manehna moal dibere bagian tina tangkal kahirupan jeung teu meunang asup ka Kota Suci.

[20] Anjeunna, Anu nyingkabkeun ieu sakabeh, ngadawuh: «Saestuna pisan. Kami tereh datang!» Leres pisan satimbalan. Sumangga rawuh nun Gusti!

[21] Mugi-mugi sih kurnia Isa, Gusti Jungjunan urang, ginuluran ka dulur-dulur. Amin!

Wahyu — Chapters