Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 7:22

[1] Sanggeus eta, breh aya malaikat sejen, turun ti sawarga; ieu malaikat teh, gagah perkosa. Cahaya kamulyaanana, sumirat ka sajagat buana.

[2] Tuluy eta malaikat cumeluk handaruan: «Geus rugrug! Babul nu sohor teh geus rugrug! Geus jadi panonoban setan-setan, tempat nyilib roh-roh najis, tempat kumbuh manuk-manuk nu gareuleuh piijideun.

[3] Sabab geus nyekok bangsa-bangsa ku anggur kamasiatanana anu pohara ngaruksakna. Raja-raja di saalam dunya geus marilu lacur ka dinya. Napsuna nu taya kaseubeuhanana geus ngabeungharkeun ka parasudagar!»

[4] Geus kitu, aya deui sora sejen anu datangna ti sawarga: «He umat Kami, geura kaluar ti dinya, ulah kabaud kana dosana, bisi kabawa cilaka.

[5] Sabab dosana geus sundul ka sawarga, kajahatanana hamo diantep ku Allah.

[6] Geura bales sakumaha kalakuanana ka maraneh. Bales dua kalieun. Eusian lumurna ku anggur anu kerasna dua kalieun ti anggur anu ku eta arek dicekokkeun ka maraneh.

[7] Siksa sarta nalangsakeun, satimpal jeung kamulyaan kasenanganana tadina. Sabab ceuk pangrasana: ‹Tenjo ieu aing ratu! Aing lain randa. Aing moal pernah nyaho disusah!›

[8] Ku sabab eta, balaina geus nuturkeun, wawalesna rek disapoekeun, diragragan panyakit, kalaraan jeung kalaparan. Dirina ge bakal diduruk, dihakan seuneu; nandakeun yen Pangeran, Allah, — anu mutus perkarana — Mahaperkosa!»

[9] Raja-raja sabuana, anu geus kapincut ku dayaning napsuna eta awewe nepi ka lacur jeung manehna, baris midangdam aluk-alukan, nyeungceurikan kota anu eukeur ngabulak-bulak ku seuneu, haseupna pating peledug.

[10] Maranehna narenjokeun ti kaanggangan sabab gimir ku eta balai. Aromongna: «Nya pohara! Babul nu sohor nu tohaga! Ngan ukur sajam, andika tumpes sapisan!»

[11] Parasudagar sadunya kabeh marilu ngaheruk, lantaran moal bisa dagang deui jeung manehna.

[12] Barang-barang dagangan nu aya di dinya geus hamo aya nu meuli deui: emas, perak, inten, mutiara, lawon lenen, lawon wungu, sutra, sakelat, barang-barang tina kai, tina gading, tina kayu kelas satu, tina parunggu, tina beusi, tina marmer,

[13] kayu manis, bungbu-bungbu, seuseungitan, menyan, emur, anggur, minyak, tipung, gandum, sapi, domba, kuda, kareta, budak-budak beulian, malah nyawa manusa pisan.

[14] Ceuk eta parasudagar: «Barang-barang kahasilan anu dipicangcam ku anjeun, ayeuna kabeh geus musna. Nu aralus nu arendah sarta sakitu lobana, ayeuna kabeh geus sirna, hamo kapimilik deui!»

[15] Ari sudagar-sudagar anu geus baleunghar ku bati dagang jeung eta kota, ukur nareuteup ti kajauhan; lantaran gimir ku balai, nu nyorang ka eta kota.

[16] Aromongna deui: «Nya pohara! Cilaka kabina-bina eta kota anu sakitu gedena! Urut midang saban poe ku pakean nu harade, tina lenen, lawon wungu reujeung sakelat, jeung reuceum ku perhiasan emas inten jeung mutiara!

[17] Kakayaan sakitu lobana ayeuna di jero sajam ledis beresih pisan!» Nangkoda-nangkoda, pagawe-pagawe kapal, kalasi-kalasi, kitu deui anu pakasabanana di laut,

[18] tingkoceak ti kajauhan barang narenjo eta kota keur ngagegedur kahuruan, haseupna mulek ka awang-awang. Aromongna: «Eta kota euweuh nu mapakan!»

[19] Seug maranehna ngawurkeun lebu kana sirah bari micangcam: «Lebar temen ku eta kota! Nasibna matak ginggiapeun! Urut sakitu ngabeungharkeunana ka parajuragan kapal ku barang-barangna anu aralus, ayeuna geus tumpes di jero sajam!»

[20] He sawarga, kitu deui umat Allah, rasul-rasul jeung paranabi! Masing barungah! Tukang nyiksa aranjeun, ayeuna ku Allah enggeus dihukum!

[21] Ti dinya, hiji malaikat ngangkat batu gede naker, sagede batu panggilingan; tuluy eta batu, ku malaikat teh dibalangkeun ka laut, bari cumeluk: «Kieu petana maneh, Babul Raya, baris dibalangkeun, moal katenjo-tenjo deui ku manusa.

[22] Sora kacapi, sora kawih, sora suling jeung tarompet, di maneh geus hamo kadenge deui. Geus moal aya deui pagawe, moal aya deui sora panggilingan!

[23] Moal nenjo-nenjo deui sinar lampu. Moal kadenge deui gerendengna panganten anyar. Sudagar-sudagar maneh anu pangjegud-jegudna di sakuliah bumi, kitu deui rayat maneh sagemblengna, ku maneh enggeus disihir nepi ka salalasar!»

[24] Eta kota teh geus ngajagal nabi-nabi, paraumat Allah, jeung parasahid lianna.

Wahyu — Chapters