Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 7:02

[1] «Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Epesus. Ieu pangandika anu nyepeng tujuh bentang dina panangan tengen, anu angkat-Na digondeng ku tujuh ajug emas:

[2] Kami nyaho pagawean-pagawean maneh; Kami ge nyaho kasuhudan jeung kamantepan maneh. Kami nyaho maneh jengkel ku jelema-jelema anu garoreng tekad, nya eta anu ngaku-ngaku nabi padahal lain; da ku maneh geus dijajal tea sarta kanyahoan, yen maranehna teh titiron.

[3] Maneh tagen, sabar nandangan sangsara ku karana Kami.

[4] Tapi aya cawadeunana: Maneh geus kurang nyaah ka Kami, teu kawas keur mimiti.

[5] Maneh geus pohara tibeubeutna! Geura tobat sarta lampahkeun deui kahadean saperti anu enggeus-enggeus. Lamun henteu! Kami tangtu datang nyokot ajug maneh tina tempatna.

[6] Ngan papadaning kitu, aya keneh nu matak suka ka Kami, dumeh maneh cua ku tingkah lakuna murid-murid Nikolaus anu dipake kacua ku Kami.

[7] Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah-jamaah. Sing saha nu unggul, baris wenang ngadahar buah Tangkal ki-Hirup ti Taman Pangeran.»

[8] «Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Semirna: Ieu pangandika ti Nu jumeneng, Nu Awal jeung Nu Ahir, Nu geus nyorang ajal pati, Nu hirup deui.

[9] Kami nyaho kalaraan maneh. Kami nyaho maneh miskin, tapi saenyana maneh teh beunghar! Kami nyaho maneh digogoreng ku jelema-jelema anu ngaku-ngaku urang Yahudi padahal lain. Sabab maranehna, kabeh, umat Setan.

[10] Ulah rentag ngayonan kasangsaraan nu kudu kasorang! Maneh baris ditempuh ku kasukeran sapuluh poe lilana, nandangan panggoda Iblis: Sawatara jalma, ti maraneh, baris dijebloskeun ka jero panjara. Maraneh sing pengkuh ka Kami, tumeka ing pati; tangtu maraneh, ku Kami diganjaran makutaning hirup.

[11] Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah-jamaah. Sing saha nu unggul, hamo kasiksa ku maot anu kadua.»

[12] «Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Pergamus: Ieu pangandika ti Nu nyepeng pedang anu dua pangadekna.

[13] Kami nyaho di mana maneh nya ngancik: Di enggon Iblis! Parandene maneh tetep kumureb ka Kami. Kitu deui, basa Antipas saksi Kami nu satuhu tea dipaehan di enggon Iblis, maneh tetep satuhu ka Kami.

[14] Tapi aya sababaraha hal di maneh anu Kami teu sapuk, nya eta: Aya nu nyarekel paham Balhum, anu baheula ngajar ka Balak nitah nyasabkeun urang Israil sina rucah jeung ngadahar sasajen pikeun brahala.

[15] Jeung aya anu marilu kana ajaran kaom Nikolaus.

[16] Geura tobat. Lamun henteu! Kami tangtu gancang-gancang datang, pikeun numpes anu kararitu ku pedang ti baham Kami.

[17] Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah. Sing saha nu unggul, baris meunang sabangsa kadaharan anu disebut: Manna Gaib jeung diganjar hiji batu putih, anu diukiran hiji ngaran anyar, anu hamo aya nu nyaho iwal ti anu narimana.»

[18] «Tulis! Pikeun malaikat jamaah di Tiatira: Ieu pangandika ti Nu jadi Putra Allah, anu soca-Na moncorong, lir seuneu hurung; sampeana-Na gilap herang, lir suasa.

[19] Kami nyaho lampah maneh. Maneh gede kanyaah, kandel iman, daek tutulung, tur sabar. Kami nyaho, eta kabeh ku maneh dilakonan leuwih ti nu enggeus-enggeus.

[20] Tapi Kami aya cawadeun ka maneh: Awewe anu ngaran Isebel, anu ngaku-ngaku jadi nabi Allah, ku maneh diantep bae. Eta teh mapatahan teu bageur, ngagoda ka abdi-abdi Kami, ngajak ngaranyed jeung ngajak ngadahar sasajen pikeun brahala.

[21] Eta awewe ku Kami geus dibere tempo, sangkan babalik pikir; tapi manehna euweuh euih-euihna, tetep bae rucah jinah.

[22] Ku Kami baris dibeubeutkeun kana pangheesanana, diterapan kasakit. Sakur anu geus jinah jeung manehna ge baris diterapan lara anu parna, saupama henteu tobat tina rucahna jeung eta awewe.

[23] Anak-anak eta awewe baris disina paraeh, sangkan jamaah nyaho, yen Kami teh estu awas kana saeusining hate jeung angen-angen manusa. Masing-masing ku Kami baris dibales satimpal jeung kalakuanana.

[24] Anu lian-lianna, nya maraneh anu di Tiatira, anu henteu ancrub kana eta kalakuan aeb jeung henteu milu nyukcruk elmu anu disebut ‹Seluk-beluk rasiah Setan,› ku Kami moal dimomotan kabeubeurat nanaon deui.

[25] Tapi anu geus kapimilik ku maneh kudu dicekel sing pageuh, tepi ka Kami datang.

[26] Sing saha nu unggul, jeung tigin nohonan parentah Kami nepi ka jucungna, ku Kami baris dikawasakeun murba ka bangsa-bangsa anu teu baroga Allah;

[27] manehna rek sina nyangking iteuk beusi pikeun ngancurkeun nu teu baroga Allah tepi ka bubuk, lir pariuk remuk.

[28] Manehna baris dibere kawasa, cara kawasa anu ku Kami katarima ti Kangjeng Rama, jeung diganjar Bentang Timur.

[29] Mun rumasa boga ceuli, denge sakur anu diandikakeun ku Ruh ka jamaah-jamaah.»

Wahyu — Chapters