[1] Ti dinya, simkuring dibere hiji tumbakan, jiga iteuk. Tuluy simkuring dipiwarang kieu: «Geura ukur Bait Suci katut mezbahna; terus itung jelema anu keur ngajalankeun ibadah di dinya.
[2] Buruan luarna kudu diiwalkeun, ulah diukur; sabab geus diserenkeun ka anu teu nyarembah ka Allah, anu bakal ngidek-ngidek Kota Suci, opat puluh dua bulan lilana.
[3] Kami baris ngutus dua saksi Kami, sina ngembarkeun pangandika bari marake karung, sarebu dua ratus genep puluh poe lilana.»
[4] Eta dua saksi teh, — nya eta dua tangkal jetun jeung dua obor anu pernahna di payuneun Gustining sabumi alam tea —
[5] sungutna, bisa ngabijilkeun seuneu pikeun ngahuru ka anu niat jail ka dirina. Ku sabab eta, sing saha bae anu jahat ka eta dua saksi, geus tangtu paeh kaduruk.
[6] Maranehna barisaeun meundeutan langit, supaya salila maranehna ngajalankeun kawajiban ulah turun hujan. Maranehna oge barisaeun ngarobah cai jadi getih atawa ngagebug bumi ku rupa-rupa musibat, iraha bae niatna.
[7] Sanggeus kawajibanana rengse, maranehna baris tarung jeung Sato anu bijil tina gorowong bumi sarta baris kasoran nepi ka tiwas duanana.
[8] Mayitna baris ngajaloprak di jalan raya, dihiji nagara gede, nya eta nagara anu geus nyalibkeun Gusti Jungjunan maranehna. Ngaran samaran eta nagara: Sadumu atawa Mesir.
[9] Mayit dua saksi teh didareugdeug ku jalma-jalma, — ti saban nagara, saban bangsa nu basana rupa-rupa, seler-seler bangsa — lilana tilu satengah poe; eta mayitna teh, ku eta jelema-jelema, henteu meunang dimakamkeun.
[10] Ku sabab duanana geus paraeh, jalma sadunya aratoh, pararesta bari silih kiriman kagegelan; sabab eta dua nabi teh, pikeun maranehna mah, ngajadi hiji siksaan.
[11] Sanggeus meunang tilu poe satengah, ku kersaning Allah, napasna eta dua saksi teh, arasup deui kana kurungan, terus hararudang deui. Nu narenjo eta kajadian teh, nepi sarieuneun.
[12] Geus kitu, aya anu ngagentraan ti sawarga: «Hiap unggah!» Tuluy duanana arunggah ka sawarga dina hiji mega, dipalencrong ku musuh-musuhna.
[13] Der, harita keneh aya lini gede teu kira-kira, nepi ka saperpuluh eta nagara ancur sarta anu paraeh nepi ka tujuh rebu urang. Anu harirup keneh pada katarajang baluas kabina-bina, seug masing-masing ngaku kana kaagungan Allah nu di sawarga.
[14] Balai anu kadua geus liwat, balai anu katilu tereh nyusul!
[15] Ti dinya, malaikat anu katujuh, niup sangkakalana: Harita keneh, di sawarga aya sora ngageder, nyarebut: «Alam dunya, ayeuna jadi purbaan Allah nu disembah ku urang katut Anjeunna anu geus diistrenan ku Mantenna, nya eta anu baris ngarajaan salalanggengna!»
[16] Dua puluh opat sesepuh anu caralik dina tahta payuneun Allah, bruk sarujud;
[17] tuluy bareng mariunjuk: «Nun Pangeran, Allah Nu Murba Wisesa, Anu jumeneng kiwari, anu jumeneng bihari! Sembah sewu-sewu sukur, Gusti ngasta kawasa rohaka, kiwari Gusti Nu nyakrawati.
[18] Bangsa-bangsa anu henteu daraek sumembah, pada narembongkeun amarah. Nanging wawales ti Gusti parantos nitih ka wanci: Ngaragragkeun hukum ka nu paraeh, ngaganjar ka paraabdi, nabi-nabi sareng jalmi nu saruci, anu ngaraos gimir ku Gusti, boh nu aya harkat, boh nu tuna harkat. Ayeuna ninggang mangsana, ngabasmi maranehna, anu ngaruksak jagat buana.»
[19] Sanggeus kitu, bray Bait Suci di sawarga muka. Peti Perjangjian Allah anu disimpen di dinya katembong. Kilat-kilat tingkerelep, guludug ngaguruh pating gulugur, dibarung ku lini jeung hujan es anu pohara hebatna.