[1] Rebun-rebun keneh, dina poe kahiji tina minggu eta, para wanita geus arindit ka pajaratan bari marawa rampe jeung minyak seungit beunang nyadiakeun mangkukna tea.
[2] Barang geus tepi, kasampak batu tutup guha pajaratan teh geus ngagoler.
[3] Tuluy maranehna teh, sup ka jero, tapi layon Isa teu aya.
[4] Sabot tingharuleng, ujug-ujug, breh bae aya anu narangtung duaan deukeut maranehna; papakeanana ngagebur cahayaan.
[5] Maranehna mareungpeunan beungeut bawaning ku sieun, tapi anu duaan teh ngajak ngomong, «Anjeunna teh hirup, naha diteang ka enggon anu paraeh?
[6] Teu aya di dieu Anjeunna mah, geus gugah. Sing inget ka dawuhana-Na keur basa di Galilea tea.
[7] Kapan saur-Na: Putra Manusa teh geus mistina diselehkeun ka jelema-jelema doraka terus disalib, tapi tangtu gugah deui dina poe katiluna.»
[8] Ras bae, maranehna, inget deui kana dawuhan Anjeunna tea.
[9] Samulangna ti pajaratan, hal eta, ku maranehna dicaritakeun ka murid-murid anu sabelas; kitu deui, ka duduluran-duduluran sejenna.
[10] Eta wanita-wanita teh, — nya eta Maryam Magdalena, Yohana, Maryam ibu Yakobus, jeung anu sejen-sejenna anu ngabarengan — pada nyaritakeun hal eta ka rasul-rasul tea.
[11] Tapi caritaanana dianggap omong kosong bae, teu dipercaya.
[12] Ngan Petrus anu buru-buru lumpat muru ka pajaratan. Barang manehna ngalongok ka jero guha pajaratan, ngan nenjo boeh bae ngalumbuk. Manehna teh, leos indit deui bari tumanya di jero hatena, aya naon kira-kirana.
[13] Poe eta keneh, aya dua murid Isa anu keur laleumpang ka hiji kampung ngaranna kampung Emaus. Jauhna ti Yerusalem kira-kira tujuh pal.
[14] Bari leumpang nyaritakeun sagala anu anyar kajadian.
[15] Sabot gunem catur tukeur pikiran, jol bae Isa nyaketan maranehna, terus angkat bareng jeung maranehna.
[16] Tapi panon maranehna kawas anu kalampudan, nepi ka teu warawuh ka Anjeunna.
[17] Saur Isa, «Keur gunem catur naon?» Maranehna ngarandeg semu nu heran.
[18] Pok, nu ngaranna Kleopas, ngajawab, «Naha Anjeun teh jalmi ngumbara di Yerusalem, nepi ka teu terang kana kajadian anu sakitu haneutna keneh?»
[19] Saur Isa, «Naon tea?» Jawabna, «Eta, perkara Isa, urang Nasaret tea, nu kagungan daya kakuatan dina kasauran jeung dina tindakan di payuneun Allah jeung di kalangan bangsa kuring.
[20] Tapi ditangkep ku imam-imam kapala jeung ku pepentol-pepentol bangsa kuring, tuluy Anjeunna diserenkeun pikeun dihukum pati, nya eta disalib tea.
[21] Tadina, pohara diharepna ku kuring sarerea, diharep bakal ngabebaskeun bangsa Israil. Kajadianana teh, tilu poe ka tukang.
[22] Geus kitu, meunang deui beja anu pikareuwaseun pisan ti babaturan wanita, anu rebun-rebun keneh tas ngalongok pajaratan.
[23] Cek maranehna: Layon Anjeunna teh teu aya. Maranehna nerangkeun nenjo malaikat-malaikat anu nyaurkeun, yen Anjeunna geus gugah hirup deui.
[24] Terus disidikkeun ku babaturan ka pajaratan, enya Anjeunna geus teu aya.»
[25] Saur Isa, «Bodo maraneh, pikiran maraneh teh kuled, nepi ka teu percaya kana sagala kasauran nabi-nabi!
[26] Ari Al Masih teh naha lain geus mistina nandangan eta sakabeh, geusan jalan kana kamulyaana-Na?»
[27] Ti dinya, ku Anjeunna diterangkeun ka maranehna naon-naon anu geus dituliskeun dina Kitab Suci, mimiti ti kitab-kitab Musa nepi ka kitab-kitab paranabi.
[28] Sanggeus deukeut ka kampung anu dijugjug, Anjeunna kawas anu rek lajeng.
[29] Tapi ku maranehna dikeukeuhan diajak sindang, pokna, «Ngarereb heula di kuring, geus burit, sakeudeung deui ge panonpoe surup.» Terus Anjeunna sindang ka maranehna.
[30] Waktu tuang ngariung jeung maranehna, Anjeunna nyandak roti, muji sukur, nyemplekan roti, terus disodorkeun ka maranehna.
[31] Geus kitu, kakara panon maranehna teges, wawuh deui ka Anjeunna, tapi Anjeunna terus ngaleungit ti dinya.
[32] Cek maranehna, «Pantes waktu Anjeunna sasauran tadi di jalan bari nerangkeun Kitab Suci, hate urang kacida kumejotna.»
[33] Ti dinya, kencling bae maranehna baralik deui ka Yerusalem pikeun nepungan murid-murid anu sabelas; ari kasampak teh, nya keur kumpul sabatur-batur.
[34] Cek murid-murid nu di darinya, «Enya Jungjunan teh geus gugah, geus nembongan ka Simon.»
[35] Ti dinya, murid-murid anu ti Emaus pupulih perkara papanggihanana tadi di jalan, jeung carana maranehna wawuh deui ka Anjeunna waktu Anjeunna nyemplekan roti.
[36] Sabot keur gunem catur kitu, breh bae, Isa geus ngadeg di tengah-tengah maranehna; lajeng Anjeunna sasauran, «Bagea!»
[37] Maranehna ngararenjag pacampur jeung sieun, panyangkana jurig.
[38] Anjeunna sasauran deui, «Naha ngararenjag jeung hamham sagala?
[39] Tenjo ieu leungeun jeung suku Kami, pek rampa sarta sidikkeun; da jurig mah, euweuh jirimna, henteu tulangan henteu dagingan, sakumaha Kami ayeuna.»
[40] Bari sasauran kitu Anjeunna nembongkeun panangan jeung sampeana-Na.
[41] Maranehna bati hemeng atoh pacampur jeung heran, tapi acan pati percaya keneh. Ku sabab eta, Anjeunna lajeng mariksakeun, «Aya kadaharan?»
[42] Ku maranehna dihaturanan lauk sapotong,
[43] terus ku Anjeunna dituang di dinya.
[44] Anjeunna sasauran deui, «Bareto Kami geus ngomong waktu urang masih babarengan keneh, yen sagala rupa anu geus ditulis ngeunaan diri Kami dina kitab Toret Musa, kitab nabi-nabi jeung kitab Zabur pinasti kudu dilakonan. Eta omongan Kami, ayeuna kabuktian.»
[45] Ti dinya, Anjeunna nyaangkeun pikiran maranehna, nepi ka maranehna bisa ngahartikeun Kitab Suci.
[46] Saur-Na deui, «Geus dituliskeun kieu: Al Masih kudu nandangan eta kabeh, dina poe nu katilu gugah deui ti antara nu paraeh.
[47] Jeung deui: Kalayan Asmana, hal pertobat jeung panghampura dosa teh kudu diwawarkeun ka sagala bangsa, mimiti ti Yerusalem.
[48] Nya maraneh saksina tina ieu sakabeh perkara.
[49] Kami ge tangtu ngutus anu geus dijangjikeun ku Ama Kami ka maraneh. Tapi maraneh kudu tetep heula di ieu kota, nepi ka mangsana maraneh meunang pangdeudeul kakawasaan ti manggung.»
[50] Geus kitu, maranehna ku Isa dicandak ka luar kota, nepi ka deukeut kampung Betania.
[51] Sabot Anjeunna keur ngaberkahan ka maranehna, tuluy paturay, diangkat ka sawarga.
[52] Brek, maranehna, sarujud nyembah ka Anjeunna; terus maranehna teh marulang deui ka Yerusalem kalawan suka bungah.
[53] Maranehna, sapopoena, araya bae di Bait Suci bari ngamulyakeun ka Allah.