[1] Sidangna terus dibubarkeun, Isa dihadepkeun ka Pilatus.
[2] Ku aranjeunna didakwakeun, «Ieu Jalmi parantos katalungtik nyasabkeun ka bangsa simkuring sareng ngalarang mayar pajeg ka Prabu; jabi ti eta, ngaku-ngaku Al Masih anu hartosna Raja.»
[3] Anjeunna ku Pilatus dipariksa, «Jadi, Maneh teh Raja urang Yahudi?» Waler-Na, «Leres, sakumaha kasauran anjeun.»
[4] Saur Pilatus ka imam-imam kapala jeung ka jalma rea, «Cek kami: Ieu Jelema henteu salah naon-naon.»
[5] Tapi maranehna beuki heuras, «Eta Jelema ngasut rayat di sakuliah Yudea ku ajaran-ajarana-Na. Ngawitanana di Galilea, ayeuna nepi ka dieu.»
[6] Pilatus mariksakeun na enya ieu Jelema urang Galilea?
[7] Barang kauninga yen Isa penduduk wilayah cepengan Raja Herodes, tuluy dikintunkeun ka eta raja, anu kabeneran keur aya di Yerusalem.
[8] Atuh kacida bingahna, waktu Raja Herodes ningali Isa teh. Sabab hoyongna tepang teh, geus lila; da geus sering ngadangu hal Anjeunna jeung hoyong ningali carana Isa ngadamel mujijat.
[9] Loba pisan papariksana ka Isa teh, tapi hiji ge taya anu diwaler.
[10] Sajeroning kitu, imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab maju ngadakwa ka Anjeunna beurat pisan.
[11] Geus kitu mah, Raja Herodes sabaladna mimiti nganistakeun ka Anjeunna ku rupa-rupa pamoyok. Anjeunna dianggoanan jubah kaagungan, terus dikintun deui ka Pilatus.
[12] Ti semet poe eta, Raja Herodes jeung Pilatus jadi mimitran; ari tadina mah, aranjeunna teh, mumusuhan.
[13] Imam-imam kapala, para pepentol, jeung rayatna ku Pilatus dipiwarang kumpul.
[14] Kieu saurna, «Ieu Jelema ku maraneh dibawa ka kami, didakwa nyasabkeun rayat. Ku maraneh geus kasaksian yen ku kami geus dipariksa. Kasalahan-kasalahan anu ku maraneh ditudingkeun ka diri-Na teu kapanggih buktina.
[15] Ku Raja Herodes oge henteu, kitu nu matak dipulangkeun deui ka kami. Sarupa ge euweuh kasalahana-Na anu manjing kana hukum pati.
[16] Ku sabab eta, ku kami ngan arek dirangket wungkul, tuluy dibebaskeun.»
[17] — Memang anjeunna kagungan wewenang ngabebaskeun salah sahiji sakitan dina unggal-unggal hari raya —
[18] Tapi nu ngadarakwa, bareng tingsaroak, «Singkirkeun! Barabas leupaskeun!»
[19] Barabas teh, dipanjarana, lantaran nyieun huru-hara jeung maehan.
[20] Pilatus keukeuh, sasauranana heuras ku bawaning hoyong ngabebaskeun Isa.
[21] Tapi ku maranehna dibales ku sosoak, «Gantung! Gantung eta Jelema teh!»
[22] Pilatus ngalahir deui katilu kalina, «Sebutkeun naon kasalahana-Na! Ku kami teu kapanggih dosa-Na nu satimpal jeung hukuman pati. Eta sababna, pangna Manehna ku kami ngan rek dirangket wungkul sarta tuluy dibebaskeun.»
[23] Tapi maranehna, sosoakna, beuki tarik; keukeuh maksa supaya Anjeunna dihukum salib sarta ahirna mah, hasil.
[24] Pilatus ngadamel putusan ngabulkeun pamenta maranehna.
[25] Sakitan anu geus nyieun huru-hara jeung maehan tea dibebaskeun sakumaha pamenta maranehna; ari Isa diserenkeun kumaha karep maranehna bae.
[26] Waktu maranehna ngagiring Isa, aya hiji jelema urang Kirena anu kakara datang ti luar kota, ngaran Simon. Manehna teh dipaksa dititah manggul salib pungkureun Isa.
[27] Loba pisan anu marilu nganteur, kaasup ibu-ibu anu sapapanjang jalan nyaleungceurikan Anjeunna.
[28] Isa sasauran ka maranehna bari ngareret, «Ulah nyaleungceurikan Kami, ibu-ibu Yerusalem! Mending nyeungceurikan diri jeung anak sorangan.
[29] Sabab pidatangeun mangsa jelema-jelema teh nganggap untung ka awewe gabug, anu teu kungsi kakandungan, teu kungsi nyusuan anak.
[30] Harita jelema-jelema bakal sasambat: Duh gunung-gunung geura gugur, kami tindihan; duh pasir-pasir, kami urugan!
[31] Sabab upama tangkal kai nu hirup nepi ka dituar ku maranehna, komo deui tangkal nu geus garing!»
[32] Harita teh, aya duaan deui penjahat anu rek dihukum pati bareng jeung Isa.
[33] Sanggeus narepi ka hiji tempat nu disebut Gulguta (hartina: Tempat Tangkorek), Isa terus disalib bareng jeung penjahat anu dua tea, nu digantungna teh di kenca jeung katuhueuna-Na.
[34] Sabot disalib Isa sasambat, «Nun Ama, mugi dihapunten ieu jalmi-jalmi, margi kieuna teh lantaran maranehna teu terang.» Geus kitu, anggoan Anjeunna ku maranehna dilotre terus dibagikeun.
[35] Jalma-jalma milu ngadareugdeug. Pamingpin-pamingpin maroyok ka Anjeunna, pokna, «Ieu Jelema purah nulung batur teh. Keun ayeuna sina nulungan diri-Na sorangan, mun enya mah manehna Al Masih anu kamanah ku Allah!»
[36] Serdadu-serdadu oge milu maroyok bari ngasongkeun anggur haseum ka Anjeunna,
[37] pokna, «Lamun enya Maneh raja urang Yahudi, cik tulungan diri sorangan!»
[38] Ari di luhureun mastaka-Na aya tulisan, unina: «Ieu raja urang Yahudi.»
[39] Penjahat anu saurang anu pada-pada digantung oge milu ngajejeleh ka Anjeunna, pokna, «Maneh teh lain Al Masih tea? Coba atuh tulungan diri sorangan jeung kami deuih!»
[40] Tapi manehna diwawadian ku anu saurang deui, pokna, «Na ari maneh teu sieun ka Anjeunna, teu sieun ka Allah, padahal sarua papada keur dihukum?
[41] Urang mah pantes dihukum oge, satimpal jeung kasalahan, ari Eta mah euweuh pisan dosa-Na!»
[42] Pok unjukan ka Isa, «Nun Isa, sing emut ka abdi upami parantos jeneng Raja.»
[43] Saur Isa, «Cek Kami, poe ieu keneh maneh bakal bareng jeung Kami di Pirdus.»
[44] Poe eta keneh, kira-kira pukul dua belas, — di sakabeh tempat, ngadak-ngadak reup poek; malah mah, poekna teh, nepi ka pukul tilu —
[45] panonpoe teh jiga nu ilang caangna; dibarung ku soehna reregan Bait Allah tea, nu bedah jadi dua.
[46] Isa ngagero bedas, saur-Na, «Nun Ama, Simabdi masrahkeun nyawa ka panangan Ama.» Tuluy, sanggeusna sasauran kitu, Anjeunna masrahkeun nyawa-Na.
[47] Komandan pasukan nu nyaksian eta kajadian, tuluy ngamulyakeun Allah, pokna, «Tetela, ieu Jelema teh, jelema bener!»
[48] Jelema-jelema anu eukeur ngadareugdeug, — barang aya kajadian kitu — kabeh ngolesed, terus baralik bari narepakan dada.
[49] Sakur anu enya-enya wawuh ka Isa, kitu deui para wanita anu marilu ka Anjeunna ti Galilea, narangtung keneh di dinya, ngawaskeun ti kajauhan.
[50] Aya hiji jelema nu ngarana Yusup; anjeunna teh anggota Majelis Agung; jalmana, hade jeung bener.
[51] Anjeunna mah, teu satuju kana putusan jeung tindakan Majelis Agung teh. Anjeunna teh bibit-buitna ti Arimatea, salah sahiji kota di tanah Yahudi. Anjeunna oge kaasup jalmi anu ngadago-dago ngadegna Karajaan Allah.
[52] Anjeunna ngadeuheus ka Pilatus, nyuhunkeun layon Isa.
[53] Geus kitu, layon-Na, ku anjeunna diturunkeun, dibungkus ku lawon bodas, terus dikurebkeun dina hiji guha anu anyar beunang ngabobok dina gunung cadas.
[54] Poe eta teh poe panyadiaan, piisukaneun poe Sabat.
[55] Para wanita, anu harita marilu ka Isa ti Galilea, oge marilu ka tempat-Na dikurebkeun, ngawaskeun carana Anjeunna dikurebkeun.
[56] Sanggeus marulang, maranehna nyadiakeun rampe jeung minyak emur. Poe Sabatna, maranehna rareureuh heula, sakumaha nu geus diparentahkeun ku hukum Toret.