Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 7:59

[1] Sanggeus hanjat ti Ciyordan, Isa pinuh ku Ruh Allah. Ku Ruh Allah terus dicandak ka gurun keusik.

[2] Di dinya, anjeunna kenging opat puluh poe; lian digoda ku Iblis, Anjeunna oge teu tuang teu leueut. Sanggeusna, Anjeunna ngaraos lapar.

[3] Ku Iblis digoda, «Lamun Anjeun Putra Allah, cik eta batu jadikeun roti.»

[4] Ku Isa diwaler, «Cek Kitab: ‹Hirup manusa teu cukup ku roti wungkul.›»

[5] Ti dinya Isa dibawa ka tempat anu luhur sarta dina sakedet netra ku Iblis ditembongan sakabeh karajaan-karajaan alam dunya.

[6] Cek Iblis, «Eta kakawasaan jeung kaagungan-kaagungan, kabeh, kaula nu boga. Kaula bisa mikeun eta sakabeh ka saha bae sakahayang kaula.

[7] Kop keur Anjeun kabeh, asal nyembah heula ka kaula.»

[8] Waler Isa, «Cek Kitab: ‹Maneh kudu nyembah ka Allah, Pangeran maneh sarta ngan ka Anjeunna bae maneh kudu ngabakti.›»

[9] Ti dinya, Isa dibawa ka Yerusalem, ka puncak Bait Allah bagian pangluhurna. Cek Iblis, «Lamun enya mah Putra Allah, coba ngaragragkeun maneh ti dieu.

[10] Sabab cek Kitab: Anjeunna bakal nimbalan malaikat-malaikat-Na sina nangtayungan Anjeun.

[11] Jeung Anjeun ku malaikat-malaikat bakal dipayang, supaya ulah kungsi tigasruk kana batu.»

[12] Waler Isa, «Aya timbalan anu kieu: ‹Maneh ulah ngadoja ka Allah, Pangeran maneh.›»

[13] Sanggeus ngadojana teu mental, Iblis undur ti Isa bari ngadago kasempetan deui.

[14] Ku panuyun Ruh Allah, Isa mulih ka Galilea. Beja ngeunaan hal Anjeunna, sumebar ka sakuliahna.

[15] Anjeunna ngawitan ngawulang di tempat-tempat ibadah, matak resep urang dinya.

[16] Ti dinya sumping ka Nasaret, tempat Anjeunna keur murangkalih keneh. Dina poe Sabat angkat ka tempat ibadah, saperti biasana, ngadeg di payun rek ngaos Kitab.

[17] Anjeunna diasongan kitab Nabi Yesaya. Kitab dibuka, ayatna kieu ungelna:

[18] «Ruh Pangeran nangtayungan Kami. Kami ku Anjeunna dijenengkeun, pikeun ngumumkeun yen: Kaom sangsara bakal barungah.

[19] Kami diutus pikeun ngumumkeun yen: Tawanan-tawanan bakal merdika, nu lalolong bakal awas, anu dikaniaya bakal dibebaskeun. Jeung ngumumkeun, yen ayeuna teh jaman anu kamanah ku Pangeran.»

[20] Kitab ditutupkeun, dipasihkeun ka pejabat; Anjeunna gek linggih, dipalencrong ku sajamaah.

[21] Galindeng ngawulang, saur-Na, «Ayat nu bieu kakuping, poe ieu geus bukti.»

[22] Pilahir Anjeunna dihaminan ku jamaah, anu katarik ku kecap-kecap sakitu alusna. Jamaah ting kecewis, «Lain anak Yusup tea eta teh?»

[23] Isa sasauran deui, «Kawasna aranjeun rek ngucapkeun ka Kaula paribasa anu kieu: Ki Tabib, ubaran awak sorangan! Cik kajadian di Kapernaum teh, anu aya bejana ka dieu; ayeuna, buktikeun di dieu, di lembur sorangan!»

[24] Saur-Na deui, «Tetela, di lemburna mah, nabi-nabi teh teu aya nu dihargaan.

[25] Kaula rek ngasongkeun buktina: Jaman Nabi Elias, waktu langit nutup tilu taun satengah sarta paceklik di sakuliahna; harita, di Israil teh loba pisan randa.

[26] Tapi Nabi Elias henteu ditimbalan ka maranehna, anggur dipiwarang ka hiji randa urang Sarpat bawahan Sidon.

[27] Kitu oge jaman Nabi Elisa, waktu di Israil loba nu katerap ku lepra, teu aya saurang-urang acan anu dicageurkeun, iwal ti Naaman urang nagara Siria.»

[28] Diesek-esekkeun kitu, jamaah teh kacida arambekeunana, tuluy carengkat.

[29] Isa dijongklokkeun ka luar, tuluy dibawa ka pasir anu nampeu, rek diragragkeun tina gawir.

[30] Tapi Anjeunna, iasa lolos di tengah jalan.

[31] Ti dinya, Isa angkat ka Kapernaum, hiji kota di Galilea. Dina poe Sabat, Anjeunna ngawulang di tempat ibadah.

[32] Piwulang-Na narik perhatian, pinuh ku pangaruh.

[33] Di antara kaom dangu, aya nu karanjingan roh jahat; manehna ngomong tarik:

[34] «Isa, urang Nasaret! Rek naon ka urang? Rek ngabinasa? Urang nyaho, Anjeun teh Utusan suci ti Allah!»

[35] Harita keneh Isa nyeuseul, «Repeh! Ingkah maneh ti eta jelema!» Tuluy eta jelema teh ku setanna dibeubeutkeun, hadena teu kua-kieu. Setanna terus ingkah.

[36] Anu nyaraksian kabeh barengong, tuluy tingkecewis, «Ajaib kasaurana-Na! Parentah-Na teurak, kawasaan. Ruh jahat diparentahkeun ingkah, ingkah!»

[37] Tuluy bejana, sumebar ka sakuliah daerah.

[38] Sanggeus ngawulang, Isa angkat ka imah Simon. Harita, ibu mertua Simon teh keur gering, muriang; tuluy diunjukkeun ka Isa.

[39] Isa ngadeg di sisi nu gering, panyakit teh ditimbalan ingkah. Harita keneh, muriangna cageur; tuluy bae anjeunna teh ngalalayanan tamu-tamu.

[40] Sanggeus surup panonpoe, jul-jol anu marawa nu garering ku rupa-rupa kasakit. Masing-masing ku Anjeunna ditumpangan panangan, tuluy calageur.

[41] Anu kasurupan roh jahat ge loba; roh-roh jahatna tuluy aringkah bari tinggarero, «Anjeun, Putra Allah!» Ku Isa diseuseulan, jeung teu meunang ngaromong deui. Sabab maranehna mah wawuheun, yen Anjeunna teh Al Masih.

[42] Isukna Anjeunna angkat ngelemet ka nu simpe; atuh jalma rea teh pada milarian. Sanggeus kapendak, ku maranehna dikeukeuhan supaya ulah ngantunkeun.

[43] Tapi saur-Na, «Kota lianna, ku Kami kudu diteang sarta kudu diwawaran Injil Karajaan Allah oge. Sabab Kami, diutus teh pikeun ngalampahkeun tugas eta.»

[44] Lajeng Anjeunna nyumpingan tempat-tempat ibadah di Yudea, nya pikeun ngawulang tea.

Lukas — Chapters