Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 7:46

[1] Isa lebet ka jero kota Yeriko, neraskeun perjalanan ngalangkungan eta kota.

[2] Di eta kota aya hiji jelema beunghar, kapala tukang cuke, ngaranna Sakeus.

[3] Manehna pohara hayangna nyaho kumaha jelemana anu jenengan Isa teh, tapi teu bisa lantaran kahalangan ku jalma rea; ma'lum manehna teh pendek.

[4] Kitu nu matak manehna lumpat miheulaan nu rea, terekel naek kana tangkal kondang megat Isa, anu memang baris ka dinya ngalangkungna.

[5] Di lebah dinya, Isa tanggah bari ngalahir, «Sakeus, turun! Poe ieu Kami arek nganjang ka maneh.»

[6] Sakeus tuturubun, Isa ku manehna dimanggakeun bari semu anu bungah.

[7] Tapi jalma rea gegelendeng, pokna, «Kumaha Anjeunna teh, bet kersa calik ka jelema anu doraka kitu!»

[8] Tapi Sakeus terus unjukan bangun tatag, «Jungjunan, kagaduh abdi satengahna sumeja dihajatkeun ka nu mariskin. Sareng bilih bae di antawisna aya kekengingan tina meres batur, bade dipulangkeun opat kalieun.»

[9] Ku Isa diwaler, «Poe ieu, rumah tangga ieu jelema geus meunang nugraha, da ieu oge putu Ibrahim keneh.

[10] Sabab Putra Manusa teh datangna rek neang jeung nyalametkeun anu poekeun jalan.»

[11] Ka sakur anu harita ngabarandungan Anjeunna, nya eta anu nyangka yen Karajaan Allah tereh ngawujud pedah Anjeunna geus deukeut ka Yerusalem, Anjeunna nyarioskeun hiji misil.

[12] Saur-Na, «Aya hiji ningrat indit ka nagara jauh. Di dituna anjeunna teh rek dijenengkeun raja sarta sarengsena rek balik deui.

[13] Memeh bral, anjeunna manggil heula sapuluh pagawena; tuluy maranehna teh dititipan duit, gedena sapuluh mina; pesenna: ‹Golangkeun ku maraneh nepi ka kami datang ti ditu.›

[14] Tapi eta ningrat teh, teu dipisuka ku sakumna warga nagara. Maranehna ngajurungan utusan sina nyusul sarta bebeja kieu: ‹Urang mah embung dirajaan ku eta jelema.›

[15] Sanggeus eta ningrat anu geus jeneng raja balik, pagawe-pagawe anu dititipan duitna dipanggil, rek nanyakeun kauntungan masing-masing.

[16] Cek nu saurang: ‹Juragan, artos anu sa-mina teh parantos jadi sapuluh mina.›

[17] Cek dununganana: ‹Sukur, tandaning maneh hade gawe, suhud dina nyekel urusan leuleutikan. Ku sabab eta, ku kami dibere kawasa nyekel sapuluh kota.›

[18] Jol anu kadua, omongna: ‹Juragan, artos anu sa-mina teh parantos jadi lima mina.›

[19] Cek dununganana: ‹Maneh ayeuna dikawasakeun nyekel lima kota.›

[20] Jol pagawe nu katilu, omongna: ‹Juragan, artos kagungan anu sa-mina teh ieu kasanggakeun, kenging mumungkus dina saputangan;

[21] da sieun ku juragan, margi terang juragan teh bengis, sareng resep nyandak teundeun batur, resep mupu pelak batur.›

[22] Cek dununganana: ‹Maneh pagawe jahat, ku kami baris ditindak satimpal jeung omongan maneh bieu. Ongkoh nyaho kami bengis, resep nyokot teundeun batur, resep mupu pelak batur.

[23] Komo nyaho, naha eta duit kami ku maneh henteu menta dipanggolangkeun ku tukangna, supaya ari kami balik ku kami katampa reujeung batina?›

[24] Ti dinya, manehna marentah ka pagawe-pagawe sejenna: ‹Cokot ti ieu jelema, eta duit anu sa-mina teh; bikeun ka nu duitna geus jadi sapuluh mina.›

[25] Cek maranehna: ‹Juragan, kapan eta mah parantos kenging sapuluh mina.›

[26] Tembal dununganana: ‹Cek kami, anu geus aya beubeunanganana bakal dibere deui, tapi anu henteu beubeunangan mah, anu geus aya di manehna oge baris dicokot.

[27] Saterusna, kabeh musuh-musuh kami anu henteu suka kami jadi rajana, jagragkeun kabeh ka dieu terus paehan di dieu hareupeun kami.›»

[28] Sanggeus sasauran kitu, Isa angkat ti payun neraskeun perjalanan ka Yerusalem.

[29] Deukeut kota Betpage jeung Betania anu pernahna di hiji gunung ngaran Gunung Jetun, Anjeunna miwarangan dua murid,

[30] saur-Na, «Teruskeun ka kampung beh hareup. Engke, barang sup ka dinya bakal nenjo kalde keur dicangcang, ngora keneh can aya nu numpakan. Laan cangcangna, terus bawa ka dieu.

[31] Mun aya nu ngageureuh-geureuh ku naon dileupaskeun, bejakeun bae rek dianggo ku Jungjunan.»

[32] Bral nu duaan arindit, kaldena kapanggih cocog jeung nu disaurkeun tadi.

[33] Sabot ngudar cangcangna, nu bogana nanyakeun naha dileupaskeun?

[34] Dijawab, «Rek dianggo ku Jungjunan.»

[35] Kalde disanggakeun ka Isa sarta geus beunang nilaman ku pakean maranehna. Ku Isa dititihan dibantuan ku maranehna.

[36] Sabot kitu, jelema-jelema teh bur-bar ngalamparkeun jubahna di jalan.

[37] Sanggeus deukeut ka Yerusalem, — di pupudunan Gunung Jetun — murid-murid anu ngariring mimiti galumbira jeung maruji ka Allah; sorana tarik, galumbira lantaran kaparengkeun narenjo mujijat-mujijat.

[38] Cek maranehna, «Wilujeng Anjeunna, anu sumping jumeneng Raja kalayan jenengan Pangeran. Kerta santosa di sawarga, agung luhur nu di manggung!»

[39] Sawatara urang Parisi anu milu jeung aleutan jalma rea mihatur ka Isa, «Eh, Guru cobi eta murid-murid Anjeun carek!»

[40] Waler-Na, «Cek Kaula, lamun maranehna repeh, tah batu nu bakal surak teh.»

[41] Sanggeus deukeut ka Yerusalem sarta geus katingalieun; Anjeunna sasauran semu ngalimba ngeunaan nasib eta,

[42] «Tada teuing hadena, upama heug maneh poe ieu ngarasa yen maneh teh pohara mikabutuhna kasajahtraan. Hanjakal maneh teh lir meungpeunan mata!

[43] Sabab pidatangeun mangsa baris dirurug musuh, dikepung ti unggal juru ditingker rapet nepi ka mojok.

[44] Maneh katut sakumna rayat baris tumpur jadi lebu, rata saampar lemah. Eta teh bongan maneh keneh, embung malire keur waktu pitulung ti Pangeran tumiba.»

[45] Ti dinya Isa lebet ka Bait Allah. Anu keur jarual meuli di dinya ku Anjeunna diusiran;

[46] sarta kieu pilahir-Na, «Cek Kitab, Gedong Kami teh gedong paranti sembahyang. Tapi ku maraneh dijieun guha begal.»

[47] Saterusna, saban-saban poe Anjeunna ngawuruk di Bait Allah. Ku imam-imam kapala, ku ahli-ahli Kitab, jeung ku pepentol-pepentol bangsa Israil terus diarah-arah bae rek ditelasan.

[48] Tapi maranehna henteu manggih pijalaneun sabab rayat kabeh katarik sarta narurut ka Anjeunna.

Lukas — Chapters