Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 8:56

[1] Tamat sasauran ka jalma rea, Isa angkat sarta sumping ka kota Kapernaum.

[2] Di dinya aya hiji perwira bangsa Rum, boga badega kacida kapakena. Badegana teh gering sahoseun.

[3] Eta perwira ngadenge perkara hal Isa. Tuluy menta tulung ka kokolot-kokolot urang Yahudi ngangkir Isa supaya badegana tea katulungan.

[4] Sanggeus daratang ka Isa, kokolot teh kacida ngaharepna supaya Anjeunna kersa nulungan. Pihaturna, «Eta jalmi teh pantes ditulungan.

[5] Margi jalmina nyaaheun ka bangsa urang. Malah kantos ngongkosan ngadamel tempat ibadah.»

[6] Isa rujuk, tuluy angkat sareng. Barang geus meh tepi ka nu dijugjug, amprok jeung sobat-sobat perwira tea anu mapag Anjeunna, talatahna, «Juragan teu kedah sumping ku anjeun. Abdi isin kasumpingan Anjeun teh; abdi isin nepanganana.

[7] Cekap ku ngadawuh ti dieu, ku sakecap oge tangtos badega teh katulungan.

[8] Abdi teh jalmi bawahan, gaduh cangkingan perjurit. Upami sanggem abdi ka perjurit: Indit, tangtos indit. Upami sanggem abdi: Ka dieu, tangtos nyampeurkeun. Atanapi marentah ka badega: Ieu gawekeun, tangtos dilampahkeun.»

[9] Ngadangu anu sarupa kitu, Isa jadi katarik. Anjeunna nyoreang ka nu ngiring bari saur-Na, «Kami kakara manggih kayakinan anu kandel kieu. Di urang Israil ge can aya.»

[10] Jurungan-jurungan dipiwarang mulang. Ari daratang, kasampak si badega teh geus cageur.

[11] Ti dinya, Isa angkat ka Kota Nain jeung murid-murid; kitu deui anu lian-lianna.

[12] Memeh asup ka kota, aya aleutan anu ngagotong mayit; mayit budak lalaki anak tunggal hiji randa, diiring ku urang dinya.

[13] Barang Isa ningali eta randa, manah-Na ngahelas. «Ulah ceurik,» saur-Na bari nyaketan kana pasaran.

[14] Pasaran teh dicepeng, nu ngagotongna eureun. Anjeunna ngalahir, «Agus, geura hudang!»

[15] Mayit ngulisik, diuk, tuluy ngomong. Geus kitu, ku Isa dipasrahkeun ka indungna.

[16] Nu nyaraksian jadi ngarasa sieun, terus maruji ka Allah. Aromongna deui, «Nabi Agung aya ka urang. Allah ngalayad umat-Na.»

[17] Tuluy sumebar beja ngeunaan Anjeunna ka sakuliah tanah Yudea jeung tempat-tempat sakurilingna.

[18] Ieu kajadian diunjukkeun ka Yahya ku murid-muridna.

[19] Tuluy Yahya ngajurung muridna duaan ka Isa, sina unjukan kieu, «Leres Anjeun teh anu bakal sumping tea, atanapi eta mah antosaneun keneh?»

[20] Sanggeus daratang, pok unjukan ka Isa, «Dipiwarang tumaros ku Yahya Juru Baptis, saurna leres kitu Anjeun teh nu baris sumping tea, atanapi Anjeunna mah antosaneun keneh?»

[21] Harita, Isa keur nyageur-nyageurkeun nu garering, nu kasarurupan roh jahat, jeung nu lalolong.

[22] Anjeunna ngawaler kieu, «Bejakeun ka Yahya sakur anu ku maneh katenjo, kadenge: Nu lalolong cageur, arawas deui. Nu lalumpuh cageur, barisa leumpang. Nu lepra cageur, jadi setra. Nu geus maraot dihirupkeun deui jeung ka nu mariskin diwawarkeun beja nu matak bungah.

[23] Nya bagja pisan sing saha anu henteu hamham sarta nolak ka Kami.»

[24] Sanggeus jurungan Yahya marulang, Isa nyarioskeun Nabi Yahya ka jalma rea, saur-Na, «Bareto, rek naraon aranjeun ka tanah kikisik teh? Rek nongton eurih anu ting arulang ku angin?

[25] Rek naraon ka daritu teh? Rek nongton anu ginding? Anu garinding jeung mararewah mah ayana di karaton.

[26] Rek naraon atuh? Rek manggihan nabi? Bener! Malah cek Kami mah leuwih ti nabi.

[27] Sabab nya anjeunna, anu kieu dituliskeunana dina Kitab Suci teh: ‹Kanyahokeun, Kami ngajurung utusan heulaeun Maneh, geusan naratas jalan sorangeun Maneh.›

[28] Sing percaya ka Kami: Di antara manusa mah, euweuh deui anu punjulna kawas Yahya. — Tapi di Karajaan Allah mah, anu pangrendahna ge leuwih luhur ti anjeunna —

[29] Kabeh jalma malah tukang-tukang cuke oge, — ngadarenge kana piwuruk Nabi Yahya teh — geus narurut kana pamundut Allah anu adil ku jalan dibaptis ku pangbaptis anjeunna.

[30] Tapi ku kaom Parisi jeung ahli-ahli Toret mah, maksad Allah ka maranehna teh teu ditarimakeun, nya ku arembungna tea dibaptis ku Nabi Yahya.

[31] Kudu kumaha disebutna ari nu karitu? Sarua jeung naon maranehna teh?

[32] Sarua jeung barudak di pasar, nu arulin silih geroan: Ku urang dipangnabeuhkeun, maraneh teu ngigel-ngigel! Ditembangan pinalangsaeun, euweuh semu-semu nalangsa!

[33] Nabi Yahya tara dahar tara nginum anggur, cek aranjeun jelema siwah.

[34] Putra Manusa dahar nginum biasa, cek aranjeun ahli nginum, ahli dahar, nyobat ka tukang-tukang cuke jeung runtah masarakat.

[35] Tetela, ieu hikmat teh beunangna mah ku nu barodo keneh.»

[36] Aya urang Parisi, ngangkir Isa ka imahna ngahaturanan tuang. Isa sumping, terus tuang.

[37] Di eta tempat aya hiji awewe, kasohor awewe doraka. Barang meunang beja yen Isa aya di eta urang Parisi, manehna datang mawa minyak seungit sabotol.

[38] Sanggeus datang, heug cicing dipungkureun Isa; segruk bae ceurik, cipanonna maseuhan sampean Isa. Geus kitu, sampean Isa ku manehna disekaan ku buukna. Sanggeus tuus, eta sampean teh diciuman, terus diminyakan minyak seungit.

[39] Urang Parisi teh dina hatena ngomongkeun Isa, «Lamun enya Manehna nabi, moal-moal teu nyahoeun saha, jelema naon eta awewe teh. Moal teu nyahoeun yen eta teh awewe doraka.»

[40] Isa nyarios ka manehna, saur-Na, «Simon, Kami boga picaritaeun.» Walonna, «Mangga saurkeun bae, Guru.»

[41] Saur Isa, «Aya dua jelema boga hutang ka tukang nginjeumkeun. Nu saurang hutangna lima ratus dinar, nu saurang deui lima puluh dinar.

[42] Ku sabab teu saranggupeun mayar; tungtungna, hutangna dibebaskeun bae. Cik, anu mana kira-kirana anu pangtumarimana?»

[43] Walon Simon, «Tangtos anu hutangna langkung ageung.» Saur Isa, «Bener jawaban teh.»

[44] Saur-Na deui ka Simon, bari nyoreang ka awewe tea, «Anjeun geus sidik ka ieu awewe. Kami teh tamu anjeun. Anjeun teu nyadiaan cai keur ngumbah suku; ari ku ieu awewe, suku Kami dikumbah ku cipanon jeung disekaan ku buukna.

[45] Anjeun ka Kami teu sasalaman-sasalaman acan; tapi ieu awewe mah, ti barang Kami sup ka dieu, teu eureun-eureun nyiuman kana suku.

[46] Sirah Kami ku anjeun teu diminyakan; tapi ku ieu mah, malah suku Kami nu diminyakan ku minyak seungit.

[47] Ku sabab eta, Kami rek nerangkeun yen: ieu awewe loba dosana, tapi geus dihampura sarta geus nembongkeun rasa tumarimana ka Kami sakitu nemenna. Lamun dosana teu pira mah, ana dihampura ge, rasa tumarimana moal sabaraha.»

[48] Geus kitu, Anjeunna ngalahir ka eta awewe, saur-Na, «Dosa maneh geus dihampura.»

[49] Anu keur dalahar bareng jeung Anjeunna ngaromong dina hatena, «Na Saha ieu teh? Saha jelemana nu wenang ngahampura dosa?»

[50] Saur Isa deui ka eta awewe, «Ku sabab maneh boga iman, maneh salamet. Sing jongjon nya hate.»

Lukas — Chapters