[1] Isa nyarios ka murid-murid, saur-Na, «Teu meunang henteu, tangtu bakal aya dodoja anu nyasarkeun. Tapi cilaka, pikeun jelema anu ngalantarankeun ayana eta dodoja.
[2] Jelema anu kitu, mending dibangbaluhan beuheungna ku batu panggilingan, tuluy balangkeun ka laut, ti batan matak nyasabkeun salah saurang ti ieu kaom anu lemah.
[3] Jaga diri maraneh! Upama aya dulur boga dosa ka maraneh, pepelingan; lamun manehna kaduhungeun, kudu dihampura.
[4] Malah najan sapoe tujuh kali dosa, tapi lamun tujuh kali ngarasa kaduhung, ku maneh kudu dihampura.»
[5] Rasul-rasul mihatur, «Jungjunan, pasihan abdi-abdi iman kapercayaan.»
[6] Waler Jungjunan, «Upama maraneh boga kapercayaan najan ngan sagede siki sasawi, tangtu bisa marentah ka ieu tangkal kondang: Maneh sing karabut, tuluy melak maneh di laut, tangtu diturut.»
[7] «Upamakeun salah saurang ti maraneh boga bujang. Eta bujang kakara datang tas ngawuluku atawa tas ngangon pipiaraan. Pamohalan ku dununganana dititah buru-buru dahar?
[8] Malah cek dununganana teh tangtu: Geura sadiakeun heula dahareun keur kami, ganti pakean, laladenan kami nepi ka beres dahar nginum, kakara maneh dahar. Lain kitu?
[9] Jeung piraku dununganana nyebut nuhun ka eta bujangna pedah pamentana diturut!
[10] Maraneh oge, ari tas lakon gawe anu diwajibkeun teh kudu ngarumasakeun kieu: Urang mah ukur abdi-abdi nu taya pangaji, darma ngalakonan timbalan.»
[11] Dina perjalanan ka Yerusalem, Isa angkatna mapay wawatesan tanah Samaria jeung Galilea.
[12] Barang sumping ka hiji desa, Anjeunna ditepungan ku sapuluh jelema lepra. Maranehna narangtung bae di nu rada jauh.
[13] Tuluy arunjukan rada tarik, «Nun Isa, Guru abdi, mugi aya sih piwelas ka abdi sadaya!»
[14] Isa neuteup ka maranehna, lajeng nimbalan, «Bral, tembongkeun awak maraneh ka imam!» Sabot maranehna laleumpang, dadak sakala jadi calageur, leprana leungit tanpa lebih.
[15] Anu saurang, barang yakin yen manehna geus cageur; geuwat manehna balik deui bari muji sukur ka Pangeran, sorana ditarikkeun;
[16] datang-datang teh, brek bae, manehna nyuuh kana sampean Isa bari pohara nganuhunkeun ka Anjeunna. Eta jelema teh urang Samaria.
[17] Anjeunna nimbalan, «Lain geus calageur kabeh eta nu sapuluh urang teh? Mana anu salapan urang deui?
[18] Naha maranehna henteu ka darieu deui pikeun muji sukur ka Pangeran? Na ngan ieu urang asing wungkul atuh?»
[19] Geus kitu, nimbalan ka eta jelema, «Nangtung, geura balik, maneh geus salamet ku lantaran iman kapercayaan maneh.»
[20] Ngawaler pertanyaan urang Parisi ngeunaan iraha-irahana pidatangeunana Karajaan Allah; saur Isa kieu, «Karajaan Allah datangna tanpa tanda-tanda lahiriah.
[21] Ku jalma-jalma moal bisa disebutkeun: Ieu di dieu! Atawa itu di ditu! Sabab saenyana mah, Karajaan Allah teh aya di kalangan aranjeun.»
[22] Saur-Na deui, ka murid-murid-Na, «Engke aya waktuna maraneh hayang nyaksian salah sahiji poe datang-Na Putra Manusa, tapi moal kalakon.
[23] Engke bakal aya nu ngomong ka maraneh: Tuh Anjeunna teh di ditu! Atawa: Ieu Anjeunna teh! Kade, ulah kabengbat, ulah kabawakeun.
[24] Sabab sakumaha kilat ngerelep ti tungtung langit ka tungtungna deui, nya kitu keneh Putra Manusa oge datang-Na teh.
[25] Tapi samemeh eta, Anjeunna teh kudu nandangan sangsara heula jeung ditampik ku jelema-jelema jaman kiwari.
[26] Datangna Putra Manusa teh dina jaman anu teu beda ti jaman Nabi Enoh.
[27] Jelema-jelema teh gawena ngan dahar, nginum, nikah, jeung ditikahkeun nepi ka poean Nabi Enoh unggah kana kapal; tuluy der bae caahna datang sarta ngabinasakeun sakabeh jelema.
[28] Oge cara kajadian keur jaman Elut: Jelema-jelema gawena dahar, nginum, jarual meuli, pulak-pelak, jeung ngaradegkeun.
[29] Sanggeus Elut kaluar ti nagara Sadumu, breg bae, turun hujan seuneu jeung walirang ti langit sarta ngabinasakuen sakabeh jelema nu aya di dinya.
[30] Nya kitu halna, dina poean Putra Manusa nganyatakeun Anjeun oge.
[31] Dina poean eta, lamun keur aya di loteng paniisan, ulah turun ka jero imah pikeun nyokot nanaon heula. Kitu deui, anu keur araya di tegalan, ulah ka imah heula.
[32] Sing eling, kumaha nasibna pamajikan Elut!
[33] Sing saha anu ngabelaan nyawa, bakal kaleungitan nyawa. Sing saha anu kaleungitan nyawa, eta nu mawa rahayu.
[34] Cek Kami ka maraneh: Dina peuting eta, mun aya duaan sare saranjang, nu saurang bakal dicandak, nu saurang deui ditinggalkeun.
[35] Dua awewe keur ngagiling, nu saurang bakal dicandak, saurang deui ditinggalkeun.
[36] Dua jelema keur di taregal, nu saurang bakal dicandak, saurang deui ditinggalkeun.»
[37] Cek maranehna ka Anjeunna, «Di mana Jungjunan teh?» Waler-Na, «Di mana aya bangke, di dinya ngagulungna manuk-manuk anu bareuki bangke.»