Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 10:33

[1] Pesta anu disebutna «Pesta Paska» geus tereh datang. Jalma-jalma teh, dalaharna ngan ukur roti anu teu diragian.

[2] Imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab nareangan akal pikeun maehan Isa, tapi sarieuneun ku jalma rea.

[3] Sup, Iblis nyurup ka hiji murid ti anu dua belas anu ngaran Yudas Iskariot.

[4] Ki Yudas terus nepungan imam-imam kapala jeung kapala pangawal Bait Allah, mere akal petana nangkep Isa kalawan lantip nepi ka bisa diserenkeun ka aranjeunna.

[5] Aranjeunna gumbira sarta geus mupakat yen ki Yudas rek dibere duit saanu.

[6] Ki Yudas satuju sarta ti wates harita, manehna terus ngintip wanci nu mustari rek nyerenkeun Isa bari ulah kanyahoan ku jalma rea.

[7] Hari raya Roti Tanpa Ragi tea geus mimiti, domba korban Paska kudu dipeuncit.

[8] Petrus jeung Yahya ku Isa dipiwarang sasadiaan, saur-Na, «Geura indit nyadiakeun kaperluan urang ngarayakeun Paska.»

[9] Maranehna mihatur, «Di mana bade ngersakeun teh?»

[10] Waler-Na, «Di kota. Engke, barang sup ka kota, maraneh bakal panggih jeung lalaki anu mawa kendi dieusi cai. Tuturkeun ka imah nu mana asupna.

[11] Ka nu boga imah bejakeun kieu: Guru simkuring mariksakeun, mana kamar keur Kami dahar Paska jeung murid-murid?

[12] Maraneh tangtu dibawa ka hiji kamar di loteng, lega sarta cukup paparabotanana. Sadiakeun ku maraneh di dinya.»

[13] Bral, Petrus jeung Yahya arindit sarta kapanggih anu disaurkeun ku Isa teh, tuluy bae nyayagikeun.

[14] Sanggeus cunduk kana waktu, Isa calik, tuang jeung rasul-rasul-Na.

[15] Saur-Na, «Geus meunang hayang pisan Kami ngarayakeun Paska bareng jeung maraneh teh, samemeh Kami sangsara.

[16] Sabab sabalakana mah, Kami teh moal kungsi ngarayakeun deui nepi ka mangsana deui engke di Karajaan Allah.»

[17] Anjeunna nyandak lumur, ngucap sukur, pok deui sasauran, «Heh ieu tampanan, bagikeun ka sarerea.

[18] Sabab cek Kami, ti wates ieu Kami moal nginum-nginum deui cai buah anggur, nepi ka ngawujudna Karajaan Allah.»

[19] Geus kitu, Anjeunna nyandak roti, muji sukur, disemplekan, sarta dipaparinkeun ka murid-murid, saur-Na, «Ieu teh awak Kami anu dibikeun ka maraneh. Pek, lalampahkeun pikeun tanda mieling ka Kami.»

[20] Sanggeus tuang Anjeunna nyandak lumur, tuluy sasauran deui, «Ieu lumur eusina perjangjian anyar ku karana getih Kami anu dikucurkeun pikeun maraneh.

[21] Tapi di dieu, anu bareng ngariung ieu meja jeung Kami, aya nu boga leungeun hasud anu niat nyerenkeun Kami.

[22] Putra Manusa memang geus pasti kudu iang, tapi estu cilaka jelema anu ngalantarankeun Kami diselehkeun!»

[23] Murid-murid recok silih tanya saha anu kitu teh.

[24] Ahirna, maranehna jadi cekcok marebutkeun saha nu unggul.

[25] Ku Isa diwawadian, saur-Na, «Ari di bangsa-bangsa, raja-raja teh marentah ka rayatna, anu nyarekel kawasa disebutna pelindung rayat.

[26] Maraneh mah ulah kitu. Anu dipikolot di maraneh mah malah kudu daek jadi pangngorana, anu jadi pamingpin kudu daek jadi juru laden.

[27] Cik antara nu dilaladenan dahar jeung anu ngalaladenanana luhur mana? Luhur anu dilaladenan. Tapi kapan Kami oge di maraneh teh pelayan.

[28] Maraneh salawasna babarengan jeung Kami, sajeroning Kami nyorang sagala cocoba.

[29] Sarta Kami geus nangtukeun hak-hak Karajaan pikeun maraneh, nya eta hak anu geus dipaparinkeun ka Kami ku Ama.

[30] Jadi, maraneh boga hak dahar nginum sameja jeung Kami di jero eta Karajaan. Jaba ti eta, maraneh ge dibere kalungguhan pikeun nerapkeun hukum ka dua belas kaom Israil.

[31] Simon, Simon! Tuh Iblis geus ngincer ka maneh, rek ditapikeun kawas ka gandum.

[32] Tapi maneh ku Kami geus dipangnedakeun, supaya ulah nepi ka pecat iman. Di mana geus tobat, maneh wajib mere sumanget ka pada batur.»

[33] Jawab Petrus, «Jungjunan, abdi rido dipanjara atanapi kedah paeh babarengan sareng Jungjunan!»

[34] Tapi saur Isa, «Cek Kami: Petrus, peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali mungkir, nya eta nyebutkeun teu wawuh ka Kami.»

[35] Saur-Na deui ka sarerea, «Waktu maraneh ku Kami diutus bari teu meunang mawa rajut duit, bekel, jeung tarumpah, kumaha ngarasa aya kakurang?»

[36] Diwangsul, «Teu pisan-pisan.» Saur-Na deui, «Tapi ayeuna mah ari boga, bawa rajut duit teh, kitu deui bekel sejenna. Pedang oge, lamun euweuh, jual bae jubah beulikeun pedang.

[37] Sabab masing nyaho, yen ayat Kitab Suci ngeunaan diri Kami tereh bukti, unina: Anjeunna geus disaruakeun jeung jelema doraka. Kabeh anu geus ditulis ngeunaan diri Kami, ayeuna geus ngamimitian.»

[38] Maranehna ngawangsul, «Jungjunan, kaleresan ieu aya pedang dua.» Waler-Na, «Cukup.»

[39] Geus kitu, Anjeunna angkat ka luar kota kawas sasari, nya eta ngajugjug Gunung Jetun sarta diiring ku murid-murid-Na.

[40] Sasumpingna ka ditu Anjeunna sasauran, «Maraneh kudu sembahyang supaya ulah beunang ku dodoja.»

[41] Geus sasauran kitu, Anjeunna mencilkeun anjeun jauhna kira-kira sapamaledog; tuluy bruk nyuuh bari sasambat,

[42] «Duh Ama, manawi kenging mah, candak ieu lumur kasangsaraan teh ti abdi; Sanaos kitu, ulah numutkeun panuhun abdi, nanging pangersa Ama nu kedah laksana.»

[43] Ti dinya, aya malaikat ti langit nembongan ka Anjeunna pikeun maparin sumanget.

[44] Anjeunna teh keur katarajang kasieun anu pohara; sasambat-Na beuki husu. Cikaringet-Na lir tetesan-tetesan getih, nyakclakan kana taneuh.

[45] Tamat ngadu'a, lajeng cengkat nyampeurkeun murid-murid. Maranehna teh kasampak keur sarare teu kawawa ku nalangsa.

[46] Ku Anjeunna disauran, «Naha sarare? Harudang! Heg sarembahyang, supaya ulah beunang ku dodoja.»

[47] Sabot sasauran keneh, breg bae daratang ka Anjeunna jelema loba pisan. Di antarana, aya Yudas Iskariot, — murid ti antara anu dua belas — anu leumpangna teh pangheulana. Manehna nyampeurkeun ka Isa arek ngarangkul.

[48] Saur Isa ka manehna, «Yudas, maneh nyerenkeun Putra Manusa teh ku ngarangkul?»

[49] Ari murid-murid aya kajadian kitu teh hohoak, pokna, «Jungjunan, kumaha urang sabetan bae ku pedang?»

[50] Nu saurang mah geus keplas manten nyabet bujangna Imam Agung, keuna kana ceulina nepi ka rampung.

[51] Tapi saur Isa, «Geus, cukup!» Daun ceuli nu rampung teh ku Anjeunna diterapkeun nepi ka jadi walagri deui.

[52] Saur-Na ka imam-imam kapala, kapala pangawal jeung ka para kokolot, «Na Kami teh rampog nepi ka dibawakeun pedang jeung pepentung?

[53] Ongkoh unggal poe Kami aya jeung maraneh di jero Bait Allah, naha henteu ditangkep di dinya bae? Heug, memang ieu teh kasempetan maraneh sarta hakna kawasa gelap tea.»

[54] Isa geus ditangkep, dibawa ti dinya, digiring ka bumi Imam Agung. Petrus nuturkeun ti kajauhan.

[55] Di tengah buruan bumi aya anu keur mirunan diparake siduru, Petrus milu siduru.

[56] Katenjoeun ku hiji gandek awewe, sanggeus neges-neges pok manehna ngomong, «Tah ieu ge baturna itu.»

[57] Ku Petrus dipungkir, «Lain, wawuh ge henteu ka dinya teh!»

[58] Teu lila aya deui anu ngomong, pokna, «Maneh ge sarombongan jeung itu!» Petrus mungkir deui, «Lain, lain!»

[59] Heuleut sajam, pok deui bae, aya nu ngomong, tandes pisan pokna, «Sidik ieu jelema teh baturna itu, urang Galilea keneh!»

[60] Tapi cek Petrus, «Lain, kuring mah teu nyaho-nyaho!» Harita keneh kadenge hayam kongkorongok.

[61] Isa ngareret ka Petrus. Ras Petrus inget kana kasauran Anjeunna: «Memeh hayam kongkorongok peuting ieu, maneh geus tilu kali mungkir, nyebut teu wawuh ka Kami.»

[62] Leos bae, manehna indit bari ceurik, awahing ku nalangsa.

[63] Ari Isa ku anu narahan teh diparoyok jeung disiksa.

[64] Raray-Na dirungkupan tuluy ditanya, «Sebut, saha ieu anu neunggeul?»

[65] Rea-rea deui omongan-omongan biadab anu ditujukeun ka Anjeunna.

[66] Sanggeus bray beurang, para kokolot bangsa Yahudi, imam-imam kapala, jeung ahli-ahli Kitab ngayakeun rundingan. Geus kitu, Isa ku aranjeunna dijagragkeun ka Mahkamah Agama.

[67] Cek aranjeunna, «Lamun enya maneh Al Masih, sebutkeun!» Waler Isa, «Disebutkeun oge aranjeun moal percaya.

[68] Kitu deui, lamun Kaula aya pertanyaan ku aranjeun moal diwalon.

[69] Mimiti ayeuna Putra Manusa teh geus jumeneng di tengeneun Allah Nu Mahakawasa.»

[70] Cek aranjeunna, ragem, «Jadi, maneh teh Anak Allah?» Waler-Na, «Tah, cek aranjeun keneh Kaula teh Putra Allah.»

[71] Cek aranjeunna, «Naon gunana deui saksi? Terang-terangan ku Manehna sorangan geus diaku.»

Lukas — Chapters