Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 5:53

[1] Dina hiji poe Sabat, Isa sindang tuang ka hiji pepentol urang Parisi. Tamu-tamu sejenna, kacida ngarawaskeunana ka Anjeunna.

[2] Sabot kitu, jol aya jelema busung ngadon nangtung payuneuna-Na.

[3] Anjeunna ngalahir ka ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, saur-Na, «Meunang Kaula nyageurkeun ayeuna dina poe Sabat?»

[4] Maranehna teu ngajawab. Tuluy ku Anjeunna, — nu busung teh, dicepeng leungeunna — busungna dicageurkeun; geus kitu, dipiwarang indit.

[5] Anjeunna sasauran deui, «Lamun kalde atawa sapi aranjeun tigebrus ka jero sumur dina poe Sabat, naha moal ditulungan?»

[6] Euweuh anu sanggup ngajawab.

[7] Ku Anjeunna katiten, yen tamu-tamu teh bangun parebut tempat terhormat. Pok, Anjeunna ngalahir, saur-Na,

[8] «Lamun aranjeun pareng aya nu ngondang kana hajat kawinan, ulah diuk di tempat terhormat, bisi geus disadiakeun pikeun tamu anu leuwih luhur batan aranjeun.

[9] Ulah nepi ka ditegor ku nu boga hajat: Ngalih, ieu mah kangge juragan anu. Meureun aranjeun kaisinan kudu pindah ka tempat nu pangtukangna.

[10] Lamun datang ka nu hajat, diuk teh, mending di tempat nu pangbocetna bae. Teu mustahil nu boga hajatna muru ka anjeun bari ngahaturanan: Sae ngalih ka ditu, ka payun! Meureun aranjeun teh asa diajenan di hareupeun tamu-tamu sejenna.

[11] Sabab saha-saha anu ngunculkeun maneh, bakal direndahkeun. Saha-saha anu ngarendahkeun maneh, bakal diunculkeun.»

[12] Saurna deui, ka nu nuangkeun ka Anjeunna, «Bisi anjeun aya niat hajat, — beurang atawa peuting — nu diondang teh ulah ngan sobat-sobat, dulur-dulur, kulawarga, atawa tatangga-tatangga anu baleunghar bae anu kuateun males ngondang nepi ka anjeun meunang pamulangtarimana.

[13] Rek ngondang mah ka nu miskin, ka nu cacad, ka nu lumpuh, ka nu lolong.

[14] Tangtu bakal karasa kumaha bagjana rarasaan, najan maranehna mah moal kuat ngabales da taya kaboga. Babalesna mah pasti katarima ku anjeun dina poean hudangna jelema-jelema anu balener.»

[15] Geus kitu, tamu nu saurang mihatur ka Isa, «Bagja temen jalmi anu bakal dijamu di Karajaan Allah.»

[16] Tapi saur Isa ka manehna, «Aya anu nyieun hajat gede, ngondangan loba pisan.

[17] Sanggeus hajatna arek der ngamimitian, manehna nitahan bujang-bujangna sina ngahaturanan ondangan-ondangan: Mangga geura sarumping, parantos sayagi.

[18] Tapi nu diarondangna, kabeh marenta ditawakup. Cek saurang: Tawakup bae, kakara tas meuli kebon, hayang ngilikan heula.

[19] Cek nu sejen-sejenna: Tawakup bae, kakara tas meuli sapi kabiri lima rakit, rek dicobaan.

[20] Aya oge anu akon-akon anyar kawin jadi teu bisa datang.

[21] Bujang-bujang teh, lalapor ka dununganana. Jawab dununganana bari ambek: Teang ka jalan-jalan cagak; anu miskin, anu cacad, anu lolong, jeung anu lumpuh, sina ka darieu.

[22] Bujang-bujang teh lalapor deui: Pamundut parantos dilakonan, nanging tempat aya keneh anu kosong.

[23] Cek dununganana: Teang deui ka jalan-jalan jeung sisimpangan-sisimpangan. Sakur nu kapanggih bawa ka dieu, paksa bae, supaya imah kami pinuh.

[24] Cek Kaula ka andika: Ti nu geus diarondang mah saurang ge moal aya anu milu ngasaan kumaha ni'matna kadaharan Kami.»

[25] Hiji mangsa, anu naluturkeun Isa teh kacida lobana. Anjeunna nyoreang tuluy sasauran ka maranehna,

[26] «Anu rek milu ka Kami, tapi henteu iklas ninggalkeun bapa, indung, pamajikan, anak, dulur lalaki, dulur awewe, jeung ka diri sorangan, moal bisa jadi murid Kami.

[27] Anu embung manggul salib, tapi hayang milu ka Kami, moal bisa jadi murid Kami.

[28] Sabab upama bae maraneh rek nyieun munara, naha lain kudu ngitung-ngitung heula piongkoseunana: Cukup atawa moal nepi ka eta pagawean anggeus.

[29] Engke, hanas rarancang geus nangtung, tapi anggeus henteu; kapan jadi piomongeun batur:

[30] Humayua make hayang ngabangun, ari nganggeuskeun teu bisa.

[31] Atawa raja mana anu arek mapag perang henteu ngitung-ngitung heula sanggup henteuna ku serdadu salaksa ngalawan musuh anu perjuritna dua laksa?

[32] Mun teu sanggupeun, tangtu musuh anu jauh keneh teh dipapag ku utusanana anu kudu mawa badami ngajak dame.

[33] Nya kitu deui maraneh, saha bae, ari teu iklas ninggalkeun sakabeh nu jadi milik mah, moal bisa jadi murid Kami.

[34] Uyah teh gede gunana, tapi lamun jadi tiis taya rasana, rek bisa asin ku naon deui?

[35] Keur lahan taya gunana, keur gemuk kitu keneh, iwal ti kudu dipiceun. Anu rumasa ceulina paranti ngadenge, pek pake ngadenge!»

Lukas — Chapters