[1] Ti awal kadim keneh, Pangandika teh geus jumeneng. Eta Pangandika manunggal jeung Allah tur Pangandika teh nya Allah tea.
[2] Manunggalna jeung Allah teh, ti awitna keneh.
[3] Sakur jajadian alam, nya Anjeunna anu ngajadikeunana. Mun lain ku Anjeunna mah, sakur nu geus gumelar teh pamohalan aya.
[4] Eta Pangandika teh, sumbering hirup; ari hirup tea jadi caang atawa papadangna umat manusa.
[5] Caang teh, gumebyar di alam poek tur ku poek henteu kaungkulan pangawasana.
[6] Jol bae, sumping hiji utusan Allah, Yahya jenenganana.
[7] Sumpingna, pikeun jadi saksi nu baris nerangkeun saha eta Papadang teh, supaya ku lantaran anjeunna, eta Papadang teh dipercaya ku umat manusa.
[8] Ari anjeunna mah, lain Caang tea; da anjeunna mah, sakadar utusan anu kudu nerangkeun saha eta Caang teh.
[9] Tapi Caang anu sajatina mah, — nu nyaangan unggal jelema — nuju sumping ka alam dunya.
[10] Anjeunna teh parantos aya di alam dunya, — kenging-Na ngajadikeun tea — tapi pangeusi dunya teh teu wawuheun.
[11] Sumping-Na teh, nya ka nu jadi milik-Na ku anjeun, tapi ku umat-Na henteu ditarima.
[12] Tapi sing saha anu daek narima sarta percaya ka Anjeunna, ku Allah dipaparinan hak jadi putra-Na.
[13] Kituna teh, lain ku sabab turunan; lain oge ku jalan anu ilahar anu lumrah di manusa, tapi estu ku kakawasaan Allah bae.
[14] Eta Pangandika teh geus mijalma, aya dina hirup kumbuh urang sarta ku urang kasaksian kamulyaana-Na, nya eta kamulyaan anu dinugrahakeun ku Ingkang Rama ka Putra Tunggal, nu sajati tur leber ku sih kurnia.
[15] Ngeunaan Anjeunna, Yahya nerangkeun, «Tah ieu Anjeunna teh; anu cek kami: Engke, pandeurieun kami rek sumping Anjeunna anu aya-Na heulaeun kami; sabab jumenengna teh, samemeh kami gumelar.
[16] Ku kajembaran manah-Na, urang sarerea geus kaseundeuhan sih kurnia anu taya wates wangenna.
[17] Nabi Musa ka urang geus mere hukum Toret, ari Isa Al Masih mah, ngadatangkeun sih kurnia jeung kasayaktian.
[18] Saurang ge, can aya anu geus nenjo Allah. Tapi ku Anjeunna, — anu jadi Putra Tunggal Allah, anu hirup-Na dina pangkonan Rama — Allah teh bakal dinyatakeun ka urang.»
[19] Waktu Nabi Yahya ditaros ku utusan urang Yahudi di Yerusalem, nya eta panghulu-panghulu agung sarta urang Lewi, «Saha tea anjeunna teh?»
[20] Ku Nabi Yahya diwaler sajujurna bae, saurna, «Kaula lain Al Masih!»
[21] Pok deui nu naros teh, «Upami kitu, saha atuh? Naha Nabi Elias?» Walerna deui, «Lain.»
[22] Pok deui nararos, «Saha tea atuh? Simkuring kudu mawa jawaban ka nu ngutus. Cobi, saha salira teh?»
[23] Walerna, «Kami teh, nya eta soara anu cumeluk di alas kikisik kieu: ‹Geura lelempeng pijalaneun Pangeran,› sakumaha pilahir Nabi Yesaya.»
[24] Di antara eta utusan-utusan teh, aya sababaraha urang Parisi.
[25] Aranjeunna mariksa kieu, «Naon margina atuh anjeun ngabaptis, padahal Al Masih, lain; Nabi Elias, lain; nabi anu keur didago-dago oge, lain!»
[26] Ku Yahya diwaler, «Kaula mah ngabaptis oge ku cai; tapi di antara aranjeun teh, saenyana, geus aya Anu ku aranjeun teu kawawuhan;
[27] nya nu sumping-Na teh, pandeurieun kaula tea. Muka tali tarumpahna oge, kaula mah henteu wani.»
[28] Eta kajadian teh di daerah Betania, peuntaseun walungan Ciyordan, anu ku Nabi Yahya dianggo tempat ngabaptis tea.
[29] Poe isukna, Nabi Yahya ningali Isa bade mendakan anjeunna; tuluy dituduhkeun, saurna, «Tarenjo tuh, Anak Domba Allah, anu kawasa mupus dosa alam dunya.
[30] Nya Anjeunna nu dimaksud ku kami teh, anu cek kami, ‹Pandeurieun kami, tangtu sumping Anjeunna anu aya-Na heulaeun kami; sabab jumeneng-Na oge, samemeh kami gumelar.›
[31] Mimitina mah, kami oge henteu wawuh ka Anjeunna teh. Sanajan kitu, nu matak kami diutus jeung ngabaptis ku cai teh, supaya ngawawuhkeun Anjeunna ka bangsa Israil.»
[32] Nabi Yahya masihan deui panaksen, saurna, «Kami geus nyaksian Ruh lungsur ti langit mangrupa manuk japati, eunteup kana salira-Na.
[33] Tadina mah, kami can wawuh ka Anjeunna. Tapi Allah, anu nimbalan ka kami kudu ngabaptis ku cai, samemehna geus netelakeun ciciren-Na ka kami, timbalana-Na: ‹Samangsa- mangsa maneh nenjo aya Ruh lungsur terus eunteup ka hiji jelema, eta teh Anjeunna anu bakal ngabaptis ku Ruh Allah.›
[34] Geus katenjo eta teh ku kami. Ku sabab eta, ayeuna kami mere panaksen: Anjeunna teh Putra Allah.»
[35] Isukna, Nabi Yahya ngadeg deui di tempat eta keneh bareng jeung dua muridna.
[36] Waktu anjeunna ningali Isa ngalangkung, ngalahir, «Tuh, tenjo Anjeunna, nu diibaratkeun Anak Domba Allah tea!»
[37] Kadengeeun ku muridna anu duaan, tuluy bae duanana nuturkeun Isa.
[38] Isa nyoreang ka pungkur, anu naluturkeun teh dipariksa, «Nareangan naon?» Piunjukna, «Rabi (hartina Guru), dupi linggih di mana?»
[39] Saur Isa ka maranehna, «Tuturkeun bae Kami, engke ge nyaho.» Maranehna tuluy naluturkeun; jadi bae nyarahoeun panglinggihana-Na sarta poe eta mah, maranehna ngendek heula di Anjeunna. Harita teh kira-kira pukul opat.
[40] Salah saurang anu ngadenge pilahir Yahya anu terus nuturkeun Isa, nya eta Andreas, dulurna Simon Petrus.
[41] Tuluy manehna nepungan heula Simon dulurna, pok cacarita, «Kuring mah geus papanggih jeung Al Masih.»
[42] Tuluy Petrus dibawa ngadeuheus ka Isa. Manehna ku Isa diteuteup, tuluy saur-Na, «Ieu teh Simon, anak Yonas. Anjeun bakal dilandih Kepas (Kepas teh, nya Petrus tea nu hartina: Batu karang).»
[43] Poe isukna, Isa mutuskeun angkat ka Galilea. Di dinya pendak jeung Pilipus, saur-Na, «Tuturkeun Kami!»
[44] Pilipus teh asalna urang Betsaida, lemburna Andreas jeung Petrus.
[45] Pilipus tepung jeung Natanael, pok nyarita, «Kuring mah geus papanggih jeung anu disebut-sebut ku Nabi Musa jeung nabi-nabi sejen dina Kitab Toret tea, jenenganana Isa, Putra Yusup ti Nasaret.»
[46] Cek Natanael, «Wah, na aya kitu kira-kirana barang hade asal ti Nasaret?»
[47] Jawab Pilipus, «Ayeuna mah hayu urang saksikeun bae!» Kakara oge Natanael datang, Isa geus ngalahir manten, saur-Na, «Tah ieu urang Israil tulen anu euweuh kuciwana teh.»
[48] Pihatur Natanael, «Naha geuning uninga ka abdi?» Waler Isa, «Memeh maneh dicalukan ku Pilipus, ku Kami geus katenjo aya di handapeun tangkal kondang.»
[49] Cek Natanael, «Rabi, Jungjunan teh Putra Allah, Raja urang Yahudi!»
[50] Saur Isa, «Naha eta kayakinan anjeun teh lantaran cek Kami bieu maneh geus katenjo ku Kami handapeun tangkal kondang? Loba keneh anu leuwih aheng batan eta, geura engke oge kasaksian.»
[51] Saur-Na deui, «Cek Kami, saenyana, maneh bakal nenjo langit muka jeung malaikat-malaikat turun unggah ka Kersa Putra Manusa.»