[1] Tukang cuke, kitu deui jelema-jelema anu kasebutna doraka, daratang ka Isa seja ngadarengekeun kasaurana-Na.
[2] Ari urang Parisi jeung ahli Kitab tinggelendeng, «Eta Anjeunna make daek nampa jalma-jalma doraka, dahar bareng sagala!»
[3] Tapi Isa nyarios ka aranjeunna malapah gedang, saur-Na,
[4] «Upama aranjeun boga saratus domba, leungit hiji; kumaha jeung anu salapan puluh salapan deui, na aranjeun teh moal ninggalkeun heula di tegalan pikeun neangan anu leungit tea?
[5] Jaba ti eta, kumaha lamun geus kapanggih? Kapan eta domba teh mani dipunggu ku atoh-atohna.
[6] Nepi ka imah, tuluy nepungan babaturan jeung tatangga bari nyarita: Kuring boga pakaulan sabab domba nu leungit teh geus kapanggih.
[7] Cek Kaula ka aranjeun: Nya kitu oge di sawarga; lamun aya saurang jelema doraka tobat, atohna teh leuwih ti ku nu salapan puluh salapan anu geus balener jeung teu perlu ku pertobat.»
[8] «Atawa, lamun aya awewe boga sapuluh dinar, leungit hiji; cik kumaha, diteang moal? Kapan nepi ka masang lampu sarta imahna disapuan, nepi ka dinarna kapanggih deui.
[9] Ana geus kapanggih, terus nyalukan babaturan jeung tatangga bari nyarita: Kuring boga pakaulan sabab dinar kuring anu leungit kapanggih deui.
[10] Cek Kaula ka aranjeun: Nya kitu pisan deuih, lamun aya saurang jelema doraka tobat, malaikat-malaikat ciptaan Allah teh pohara barungaheunana.»
[11] Saur-Na deui, «Aya nu boga anak lalaki dua.
[12] Anu bungsu ngomong ka bapana: ‹Bapa, harta banda urang teh anu keur bagian abdi mah disuhunkeun ayeuna bae.› Bapana nurut, tuluy babagi.
[13] Heuleut sawatara poe, si bungsu ngajualan warisan bagianana kabeh; geus kitu, manehna indit ngalalana ka nagara sejen anu jauh. Di dituna, manehna roroyalan.
[14] Barang duitna beak, datang bae paceklik, si bungsu mimiti malarat.
[15] Tuluy ngadon buburuh ka urang dinya. Ku dununganana dititah ngangon bagong.
[16] Bakating ku lapar, manehna ku loloh bagong ge nepi ka kabita. Tapi watir, nu kitu oge euweuh nu mere.
[17] Kakara manehna eling ka diri, tuluy humandeuar: ‹Di bapa mah kuli gereyek, dahareun ngaleuya; ari aing nepi ka kudu paeh kalaparan!
[18] Mending balik, arek wakca ka bapa: Bapa, abdi rumaos doraka, ka sawarga sareng ka bapa;
[19] entong diangken deui anak, rumaos teu pantes, damel kuli bapa bae abdi mah.›
[20] Sanggeus mikir kitu, bral bae indit, balik ka bapana. Jauh keneh ku bapana geus katenjoeun sarta pohara watireunana; tuluy diburu, barang prok amprok, gabrug bae si bungsu teh dirangkul ku bapana.
[21] Pok, si bungsu nyarita: ‹Bapa, abdi rumaos doraka, ka sawarga sareng ka bapa; ayeuna mah, entong diangken deui anak, rumaos teu pantes.›
[22] Tapi bapana, anggur nitah ka bujangna: ‹Bawa ka dieu jubah anu pangalusna keur ieu anak kami; oge ali jeung tarumpah, keur ieu anak kami.
[23] Peuncit deuih anak sapi anu panglintuhna, urang pakaulan.
[24] Sabab ieu anak kami anu geus paeh, ayeuna hirup deui; anu geus leungit, datang deui.› Geus kitu, si bungsu teh dipestakeun.
[25] Ari lanceukna, harita eukeur di tegal. Barang balik geus deukeut ka imah, ngadenge aya sora suling jeung lagu tari-tarian.
[26] Tuluy nyalukan bujang saurang, nanyakeun: ‹Aya naon eta di imah?›
[27] Jawab si bujang: ‹Tuang rai sumping, ku tuang rama dipangmeuncitkeun anak sapi anu lintuh tea, dumeh putrana sumping deui kalayan teu kirang sawios-wios.›
[28] Si cikal terus pundung, embungeun ka imah. Tuluy ku bapana di teang bari dicombo.
[29] Tapi cek si cikal teh: ‹Abdi babantu di bapa teh, parantos mangtaun-taun sareng can kungsi ngalawan parentah; tapi ku bapa, teu dibere anak embe-embe acan pikeun abdi sukan-sukan jeung babaturan.
[30] Ayeuna, eta tuang putra anu nembe sumping entas ngawur-ngawur harta banda bapa; anu entas senang-senang sareng palacur-palacur, ku bapa mani dipangmeuncitkeun anak sapi anu sakitu lintuhna.›
[31] Walon bapana: ‹Anaking, ujang mah kapan jeung bapa bae; jeung deui, banda bapa teh, nya banda ujang keneh.
[32] Asa pantes, urang ayeuna sukan-sukan suka bungah sabab adi ujang anu sasatna geus paeh, ayeuna hirup deui; anu leungit, datang deui.›»