[1] Waktu Isa ningali anu keur ngarasupkeun duit kana kotak persembahan, loba anu baleunghar, marerena teh galede.
[2] Katingali deui aya randa miskin, ngasupkeun rupiaan dua siki kana eta kotak.
[3] Anjeunna ngalahir, «Cek Kami: Eta randa merena leuwih gede ti batan nu sejen.
[4] Nu sejen mah, marerena teh, awahing ku kaleuwihan teuing duit; ari eta randa mah, mere sakitu teh, awahing ku teu boga; malah eta anu dibaktikeun teh duit balanjana anu ngan sakitu- kituna.»
[5] Aya sababaraha jelema anu maruji kaalusan Bait Allah, helok ku wangunana anu dihias ku batu-batu anu arendah jeung rea-rea deui barang pangbakti. Isa ngalahir, saur-Na,
[6] «Eta kabeh, anu katembong ayeuna, baris datang kana mangsana burak-barik diruntuhkeun, nepi ka moal aya batu hiji-hiji acan anu diantep nyusun patumpang.»
[7] Murid-murid tumaros ka Anjeunna, pokna, «Iraha bakal kajadianana, Jungjunan? Sareng upami mangsana datang, kumaha galagatna?»
[8] Waler-Na, «Maraneh sing caringcing, supaya teu kabawa ku sakaba-kaba. Sabab bakal loba jelema anu mamake ngaran Kami, ngaku-ngaku: Kami Al Masih teh. Atawa ngaromong: Geus tereh ninggang kana ugana! Peupeujeuh maraneh ulah kabengbat.
[9] Jeung lamun ngadenge peperangan jeung huru-hara, maraneh teu kudu reuwas-reuwas. Eta kabeh pasti kajadian ti samemehna keneh, tapi eta teh lain hartina geus tereh ninggang kana waktu panungtungan.»
[10] Saur-Na deui, «Pidatangeun jaman bangsa ngalawan bangsa, karajaan-karajaan ngalawan karajaan.
[11] Jeung bakal aya lini anu hebat; kitu deui pagebug jeung paceklik di mana mendi; kitu deui kajadian-kajadian anu matak ketir jeung galagat-galagat di langit anu pohara pikasieuneunana.
[12] Tapi memeh eta kabeh kajadian, maraneh mah geus ditangkep manten jeung dikaniaya, digusur ka tempat-tempat ibadah jeung ka panjara-panjara, diserenkeun ka raja-raja, jeung ka nu karawasa ku lantaran percaya ka Kami.
[13] Maraneh teh kudu ngalakonan kitu, supaya bisa jaradi saksi Kami.
[14] Ku sabab eta sing teger hate, ulah bingung-bingung mikiran kudu kumaha nya ngomong ngabela diri.
[15] Sabab Kami pribadi nu baris mere piomongeun kalawan perceka, nepi ka lawan-lawan maraneh moal mampuh ngalawan atawa ngabantah.
[16] Jaba ti kitu, maraneh ge bakal diserenkeun ku kolot sorangan, dulur sorangan, kaum kulawarga, jeung sobat-sobat. Malah mah, ti antara maraneh teh aya sababaraha urang anu bakal nepi ka dipaehan.
[17] Jelema kabeh bakal mikaijid ka maraneh ku sabab percaya ka Kami.
[18] Najan kitu, buuk maraneh salambar ge moal aya nu leungit tina sirah.
[19] Asal maraneh kuat nandanganana, geus pasti hirup.»
[20] «Baris datang mangsana, Yerusalem dikepung ku musuh. Dina geus kituna maraneh kudu nyaho, yen eta teh ciciren geus tereh kana rugrugna.
[21] Dina waktu eta, jelema-jelema nu marangkuk di Yudea kudu kabur ka pasir-pasir, urang kotana kudu ngungsi, urang desana ulah ka kota.
[22] Sabab nya harita pisan datangna wawales ka ieu kota, sagala nu kasebut dina kitab nya harita kabuktianana teh.
[23] Tada teuing balangsakna ibu-ibu anu harita keur kakandungan atawa keur nyarusuan! Sabab sakuliah nagara, pinuh ku kasangsaraan anu pohara hebatna sarta hukuman geus tumiba ka ieu bangsa.
[24] Maranehna baris tiwas dihakan pedang sarta jadi tawanan sagala bangsa. Kota Yerusalem bakal dilaleyek ku bangsa-bangsa anu teu wawuh ka Allah, lilana nepi ka datang dawuh-Na.»
[25] «Jeung bakal aya galagat-galagat anu tembong dina panonpoe, dina bulan, dina bentang-bentang. Bangsa-bangsa di sakuliah tonggong bumi bakal ngarasa sieun bari samar polah ku kaayaan laut anu ngamuk tingjelegur.
[26] Jelema-jelema lebur kabeh pangacianana, awahing ku sieun nyanghareupan kajadian-kajadian anu tumiba ka ieu bumi sabab kakuatan-kakuatan langit genjlong.
[27] Nya harita, jelema-jelema teh bakal narenjo Putra Manusa sumping dina mega, kawasa tur mulya.
[28] Dina geus kituna, maraneh sing gede hate, ulah ngaheruk sabab geus tereh salamet.»
[29] Geus kitu, Anjeunna nyarios deui nganggo misil, saur-Na, «Pek, tengetkeun tangkal kondang atawa tangkal naon bae:
[30] Lamun geus bijilan sirung, eta teh tandaning geus tereh usum halodo.
[31] Kitu deui, upama maraneh narenjo eta kajadian-kajadian, kudu nyaho yen Karajaan Allah tereh ngawujud.
[32] Cek Kami: Saenyana, ieu umat anu kiwari bakal ngalaman eta sakabeh kajadian.
[33] Langit jeung bumi bakal euweuh, tapi ucap Kami mah moal datang ka euweuh.»
[34] «Jaga diri sing ati-ati, hate ulah kabita ku senang-senang jeung mabok-mabok; ulah haben bae mikiran kapentingan lahir, supaya ulah kaberedeg jeung kajiret ku datangna poean Pangeran.
[35] Sabab eta poe teh, narajang ka sapangeusi dunya.
[36] Kudu sayaga sapapanjangna dibarung neneda, supaya maraneh boga kakuatan bisa luput tina eta kajadian-kajadian, malar bisa madep ka payuneun Putra Manusa.»
[37] Beurangna, Isa ngawuruk di Bait Allah, peutingna ka luar kota, ngawengi di gunung anu ngaran Gunung Jetun.
[38] Isukna, jelema-jelema dararatang deui ka Anjeunna seja ngadarengekeun piwuruk-Na di Bait Allah.