[1] Geus kitu, Isa nyarioskeun hiji misil pikeun nandeskeun yen maranehna ulah bosen kana sembahyang.
[2] Saur-Na, «Di hiji nagara aya hiji hakim anu teu sieun ku Allah jeung tara pisan ngahargaan batur.
[3] Di dinya keneh, aya hiji randa anu sering datang ka eta hakim menta dibela perkarana urusan jeung lawan.
[4] Geus sakitu lilana, pamentana teh, ku eta hakim ditolak bae. Tapi lila-lila, eta hakim teh ngomong dina hatena: ‹Najan aing teh teu sieun ku Allah jeung sangeuk ngahargaan batur,
[5] tapi si randa teh nyusahkeun pisan; keun ku aing rek dimeunangkeun, supaya ulah terus bae datang deui, datang deui, bisi malik nyalahkeun aing.›»
[6] Saur Jungjunan, «Pek eta omongan hakim anu lalim teh lenyepan!
[7] Na Allah teh teu kersa ngabela umat pilihana-Na anu beurang peuting sasambat ka Anjeunna? Jeung memeh ngabela teh naha Anjeunna sok ngulur-ngulur waktu heula?
[8] Cek Kami: Anjeunna mah moal tempo deui, tangtu ngabela ka maranehna. Najan kitu, lamun engke Putra Manusa datang, kira-kirana bakal manggihan iman kapercayaan di ieu dunya?»
[9] Isa nyaurkeun deui hiji misil, ditujukeun ka jelema-jelema anu umangkeuh ibadah bari nyapirakeun batur, saur-Na,
[10] «Aya dua jelema arasup ka Bait Allah rek sembahyang. Nu saurang, urang Parisi, nu saurang deui tukang cuke.
[11] Ari urang Parisi dina hatena kieu sembahyangna: ‹Ya Allah, simkuring muji sukur ka Anjeun; jalaran simkuring mah, henteu sami sareng anu sanes, sanes rampog, sanes jelema kejem, sanes tukang jinah, sareng oge henteu sami sareng eta si tukang cuke.
[12] Simkuring mah dua minggu sakali sok puasa, kawajiban mayar perpuluhan tina panghasilan dicumponan.›
[13] Ari tukang cuke tea, nangtungna oge nyingkurkeun maneh, jeung teu wani dangah; malah bari jeung neunggeulan dada, — sembahyangna teh — pokna: ‹Duh Gusti Pangeran, jisim abdi rumaos dosa, taya sanes mung nyuhunkeun sih piwelas-Na.›
[14] Cek Kami: Ieu tukang cuke mulangna teh geus jadi jelema anu kaetang bener ku Allah; ari nu saurang deui mah, henteu. Sabab saha-saha anu umangkeuh jeung luhur hate, bakal direndahkeun; saha-saha anu ngarendahkeun maneh, baris dijungjung.»
[15] Ti dinya, loba anu dararatang marawa anakna anu laleutik keneh ka Isa, rek marenta dipangusapkeun. Ari ku murid-murid dicarekan.
[16] Tapi saur Isa, ka maranehna, «Ingkeun eta barudak teh sina ka Kami, ulah dihalang-halang, sabab nya jelema-jelema anu kawas eta anu ngamilik Karajaan Allah teh.
[17] Cek Kami: Saenya-enyana, saha-saha anu henteu narima Karajaan Allah sakumaha budak leutik, manehna moal bisa asup ka dinya.»
[18] Aya hiji pamingpin, nanyakeun kieu ka Isa, «Nun Guru anu saestu, simkuring teh kudu kumaha, supaya tinemu sareng hirup anu langgeng?»
[19] Waler Isa, «Naha Kami disebut saestu? Saurang ge teu aya anu saestu, kajaba ti Allah nyalira.
[20] Tangtu anjeun ge uninga kana timbalan-timbalan Allah anu kieu: ‹Ulah jinah, ulah maehan, ulah maling, ulah ngucapkeun panyaksen palsu, jeung kudu hormat ka indung bapa.›»
[21] Walonna, «Eta parantos dilakonan, ti ngongora.»
[22] Jawabanana, ku Isa diwaler deui, «Aya keneh sarupa deui anu kudu dijalankeun: Jualan kabeh pangaboga, bagi-bagikeun ka nu mariskin; engke, tangtu bakal meunang harta sawarga; geus kitu, ka dieu deui, tuturkeun Kami.»
[23] Dititah kitu teh, eta jelema mani melenguk, inget kana kakayaanana.
[24] Ku Isa dipeleng bae, geus kitu Anjeunna sasauran, «Bangga pisan pikeun jelema nu loba duit mah rek asup ka Karajaan Allah teh.
[25] Babari keneh onta nyeplos kana liang jarum, ti batan jelema beunghar asup ka Karajaan Allah.»
[26] Anu ngadarenge eta kasaurana-Na ngaromong kieu, «Kitu galagatna mah, atuh saha nu bisa disalametkeun?»
[27] Saur Isa, «Anu mustahil cek manusa, pikeun Allah mah bisa.»
[28] Petrus mihatur, «Ieu abdi-abdi teh parantos cul sagala rupi sarta ngiring ka Jungjunan.»
[29] Saur Isa, «Kieu cek Kami, saenya-enyana, saha-saha anu ku lantaran milih Karajaan Allah cul imah, cul pamajikan, cul dulur, cul kolot, jeung cul anak,
[30] dina waktu ieu keneh sakur anu ditinggalkeun teh baris kaganti manglipet-lipet; jeung engke, dina jaman nu bakal datang, bakal ginanjar hirup nu langgeng.»
[31] Murid-murid anu dua belas ku Isa dipanggil, terus kieu saur-Na, «Ayeuna urang ka Yerusalem. Sagala rupa perkara anu geus diserat ku nabi-nabi, tina hal Putra Manusa, tinangtu bukti.
[32] Sabab Anjeunna bakal diselehkeun ka bangsa anu teu wawuh ka Allah, dihina-hina, dipoyok, diciduhan,
[33] dikaniaya, sarta terus dipaehan ku maranehna; tapi dina poe nu katilu, tangtu Anjeunna teh hirup deui.»
[34] Tapi murid-murid teh, kabeh oge, euweuh anu ngarti. Kasaurana-Na teh, hartina henteu katepi, maksudna henteu kasusud.
[35] Sanggeus Anjeunna meh sumping ka kota Yeriko, aya nu lolong keur andiprek musapir di sisi jalan.
[36] Ngadenge loba jelema ngasrek, manehna nanyakeun, «Aya naon?»
[37] Dijawab, «Isa, urang Nasaret, ngalangkung.»
[38] Tuluy manehna ngagero, «Nun Isa, Putra Daud, mugi aya piwelas ka abdi!»
[39] Ku nu laleumpang panghareupna dicarek sina repeh. Tapi gegeroanana beuki tarik, «Nun Putra Daud, mugi aya piwelas ka abdi!»
[40] Reg, Isa liren, nu lolong dipiwarang dicandak ka Anjeunna. Sanggeus dideuheuskeun ku Anjeunna dipariksa,
[41] «Hayang dikumahakeun ku Kami teh?» Jawabna, «Nun Jungjunan, abdi teh hayang tiasa ningal!»
[42] Saur Isa, «Heug, geura bisa nenjo. Maneh geus salamet lantaran boga iman!»
[43] Sapada harita keneh, bray bae, panonna awas; terus milu ngiring ka Anjeunna bari ngamulyakeun ka Allah. Bala rea anu nyaraksian oge ragem maruji ka Allah.