[1] Isa, sanggeus dibaptis, ku Ruh Allah dipingpin ka tegal kikisik sina digoda ku Iblis.
[2] Sanggeus saum meunang opat puluh poe opat puluh peuting, Anjeunna ngaraos lapar.
[3] Torojol Iblis datang ngagoda, pokna, «Lamun nyata Anjeun Putra Allah, tah batu-batu parentah sina robah jaradi roti.»
[4] Isa ngawaler, «Ceuk Kitab: Manusa teh, hirupna, lain ku roti wungkul, tapi ku sabdaning Allah.»
[5] Ti dinya, Isa ku Iblis diajak ka Kota Suci, ka puncak Bait Allah nu pangluhurna.
[6] Si Iblis ngagoda deui, «Lamun nyata Anjeun Putra Allah, coba tuturubun ngaragragkeun maneh; sabab ceuk Kitab: Allah baris nimbalan paramalaikat sina nyanggap Salira, supados ulah kantos tigasruk kana batu.»
[7] Isa ngawaler, «Aya deui ceuk Kitab, kieu: Maneh ulah ngadoja ka Pangeran, Allah nu disembah ku maneh.»
[8] Ti dinya, Isa diajak ka puncak hiji gunung anu kacida luhurna. Breh tembong karajaan alam dunya katut sagala kaagrenganana.
[9] Pok, Iblis ngadoja, «Mangga eta candak sadayana, nyanggakeun, asal kersa nyembah sareng bakti ka kaula.»
[10] Tapi ku Isa diwaler, «Nyingkah maneh, Iblis! Sabab kieu ceuk Kitab: Kudu nyembah teh ka Pangeran, Allah nu disembah ku maneh, ngan Mantenna nu wajib dibakti.»
[11] Ti dinya si Iblis undur. Tuluy burudul paramalaikat sumping seja ngalalayanan ka Isa.
[12] Aya beja, yen Yahya dilebetkeun ka panjara. Sanggeus mendak beja kitu, Isa angkat seja nyilib ka Galilea.
[13] Saterusna, linggihna teh lain di Nasaret, tapi di Kapernaum, nya eta hiji kota deukeut basisir Galilea di daerah tanah Sebulun jeung Naptali;
[14] hal ieu teh, supaya kalaksanakeun dawuhan anu dilisankeun ku Nabi Yesaya anu kieu ungelna:
[15] «Tanah Sebulun, tanah Naptali, liliwatan anu ka laut; tempat anu ayana di peuntaseun walungan Ciyordan, Galilea; wilayahna jelema-jelema anu can kenal ka Allah!
[16] Bangsa-bangsa, anu hirupna di alam poek geus narenjo Cahya gumebyar! Nu caricing di tempat poek anu kahieuman ku maot teh baris kasorot ku eta Cahya!»
[17] Isa terus ngawitan nyebarkeun wawarana-Na, «Geura areling, tobat tina dosa! Karajaan Sawarga teh geus meh ngadeg!»
[18] Waktu Isa keur angkat mapay talaga Galilea, ningali tukang ngala lauk duaan, adi lanceuk; maranehna teh, keur ngaheurap di sisi basisir talaga. Nu saurang ngaranna Simon (anu katelah Petrus), saurang deui Andreas.
[19] Ku Isa digentraan, «Geura ngiring ka Kami! Engke, maraneh ku Kami rek diajar ngala jelema!»
[20] Eta nu disaur teh teu talangke, tuluy bae marilu: Heurapna mah cul ditinggalkeun.
[21] Sanggeus ngantunkeun eta tempat, Isa ningali deui dua jelema; eta nu duaan teh adi lanceuk keneh, — anak bapa Sebedeus — ngaranna Yakobus jeung Yahya; maranehna keur dangdan heurap jeung bapana, dina parahu; lajeng ku Isa disaur:
[22] Ieu oge teu talangke, tuluy marilu cul bae bapana mah ditinggalkeun dina parahu.
[23] Saterusna, Isa ngider ka sakuliah tanah Galilea, nyumpingan tempat-tempat pangibadahan, hutbah, ngawulangkeun Injil Karajaan Allah, nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.
[24] Beja ngeunaan hal Anjeunna teh, sumebar ka sakuliah nagara Siria. Murubul bae anu dararatang ka Anjeunna, marawa anu garering, nu nandangan rupa-rupa kasakit, nu nandangan musibat, nu kasurupan, nu sakalor, jeung nu lumpuh. Kabeh dicageur-cageurkeun ku Anjeunna.
[25] Antukna, Anjeunna jadi diiring-iring ku balarea. Aya nu ti Galilea, ti Dekapolis, ti Yerusalem, ti Yudea, malah aya nu ti daerah-daerah peuntaseun walungan Ciyordan.