[1] Isa kaluar ti Bait Allah, terus angkat. Geus kitu, murid-murid-Na tingtarunjuk kana wawangunan Bait Allah.
[2] Isa ngalahir ka maranehna, «Kutan eta anu katenjo? Kami ngabejaan: Engke mah, di dinya teh, moal aya batu anu diantep patumpang kitu sabab bakal aya anu ngaruntuh-runtuhkeun.»
[3] Isa cunduk ka luhur Gunung Jetun, terus calik. Sanggeus Anjeunna rineh nyalira, pok murid-murid-Na mihatur, «Dupi anu tadi disaurkeun teh, iraha piwaktoseunana? Oge hal Jungjunan bade rawuh, kitu deui ahir jaman, naon totondenna?»
[4] Waler-Na, «Peupeujeuh sing ati-ati, ulah nepi ka kabobodo!
[5] Sabab loba anu bakal ngaku-ngaku ngaran Kami, ngakukeun: Kami Al Masih! Loba anu bakal kasasabkeun.
[6] Turug-turug harengheng ku peperangan jeung beja-beja hal perang. Tapi maraneh mah, teu kudu geumpeur. Sabab eta kabeh geus pasti, tapi eta mah, lain panganggeusanana.
[7] Bangsa-bangsa silih lawan, nagara-nagara silih perangan, sarta di mana mendi aya kalaparan jeung lini.
[8] Najan kitu, eta mah kakara awalna tina kasangsaraan, memeh datang jaman anyar.
[9] Engke, maraneh bakal ditangkep, dikaniaya, dipaehan, jeung dimusuhan ku sarerea ku sabab Kami.
[10] Loba anu bakal murtad, silih selehkeun, jeung silih pikangewa.
[11] Nabi-nabi palsu maruncul sarta loba anu kasasabkeun.
[12] Kadorakaan oge beuki nambahan; ku sabab eta, loba anu bakal leungit kanyaahna.
[13] Tapi sing saha nu bisa tetep satia nepi ka jucungna, tangtu pinanggih karahayuan.
[14] Ari Injil, — pernyataan Karajaan tea — bakal sumebar ka sakuliah dunya, ngajadi saksi ka sakabeh bangsa; geus kitu, kakara ahir jaman teh datang.»
[15] «Di mana Musibat-hebat geus ngajega di tempat suci sakumaha cek ungel dawuhan anu ditepikeun ku Nabi Daniel tea, — paramaos, perhatoskeun —
[16] nu marangkuk di Yudea kudu mubus ka pagunungan.
[17] Nu keur aya di hateup panganginan ulah turun pikeun barang cokot heula ka jero imah.
[18] Nu keur aya di huma ulah balik heula nyokot papakean.
[19] Tapi bo, anu harita keur kakandungan atawa nyarusuan mah, estu matak watir anu aya.
[20] Kudu ngadu'a ka Pangeran mudah-mudahan poean kabur teh, ulah eukeur usum tiris atawa ninggang di poe Sabat.
[21] Sabab siksaan tina eta musibat teh, kacida matak ketirna; taya babandinganana, ti barang dunya gumelar nepi ka jaman kiwari sarta ka hareupna moal aya-aya deui.
[22] Cacakan lamun waktuna henteu disingget, kabeh anu kumelip moal aya nu salamet. Tapi ku sabab ngemutkeun jalma-jalma anu meunang milih, waktuna teh disingget.
[23] Harita, mun aya nu uar-uar: ‹Ieu Al Masih di dieu!› Atawa ‹Itu Al Masih di ditu!› Ulah didenge.
[24] Sabab bakal muncul al masih-al masih palsu jeung nabi-nabi palsu, ngayakeun tanda-tanda anu hebat jeung sakur nu matak helok; nepi ka mun bisa mah jelema-jelema beunang milih tea ge, rek disasabkeun.
[25] Tah, eta ku Kami geus diterangkeun ti ayeuna ka maraneh.
[26] Jadi, mun aya nu uar-uar: ‹Tuh, Al Masih aya di alas kikisik!› Atawa ‹Eta, Anjeunna aya di kamar!› Ulah diandel!
[27] Sabab pisumpingeunana Putra Manusa teh, lir kilat anu ngerelep di wetan sarta cahayana ngaburinyay nepi ka tungtung kulon.
[28] Di mana ayana bangke, nya di dinya karumpulna manuk gagak.»
[29] «Sanggeus jaman siksaan tea, beak; reup panonpoe surem; bulan ilang cahayana; bentang-bentang maruragan; kakuatan alam kabeh genjlong.
[30] Breh di langit aya ciciren, cicirenna Putra Manusa. Bangsa-bangsa di sakuliah bumi tingdarengek nenjo Putra Manusa sumping luhureun mega di langit, nganggo sagala kakawasaan jeung kamulyaana-Na.
[31] Anjeunna bakal ngutus malaikat-malaikat-Na bari nariup sangkakala anu sorana hebat kabina-bina; eta malaikat-malaikat teh bakal ngumpulkeun umat Anjeunna nu geus beunang milih, ti tungtung langit ieu nepi ka tungtung langit itu.»
[32] «Lenyepan harti silokana tangkal kondang: Lamun dahanna geus mimiti ngandung cai jeung daunna geus mimiti renung, urang nyaho yen geus tereh usum panas.
[33] Kitu oge: Di mana perkara-perkara nu bieu dicaritakeun geus kasorang, sing inget yen waktuna tereh cunduk, geus nampeu di lawang panto.
[34] Cek Kami, ka maraneh: Ieu bangsa nu kiwari, moal waka euweuh memeh perkara-perkara nu bieu bukti.
[35] Langit jeung bumi bakal euweuh, ari ucapan Kami mah moal keuna ku euweuh.
[36] Tapi ari poena jeung waktuna mah, saurang ge taya nu nyaho, — malaikat ge taya nu nyaho, kitu deui Sang Putra — anging Rama nu uninga.
[37] Sabab pirawuheuna-Na, Putra Manusa, bakal cara keur jaman Nabi Enoh.
[38] Samemeh ger caah, jelema-jelema jaman harita gawena ngan dahar nginum, nikah jeung ditikahkeun, nepi ka poena Nabi Enoh unggah kana kapal.
[39] Memeh caah datang mah, taya anu engeuh naon-naon; nya nepi ka ahirna kabeh kabasmi ku cai tea. Dina waktuna Putra Manusa rawuh ge, kaayaanana, nya kawas kitu.
[40] Harita, ti dua jelema nu keur digawe di huma nu saurang bakal dicandak, nu saurang ditinggalkeun.
[41] Ti dua awewe anu keur nutu, nu saurang bakal dicandak, nu saurang ditinggalkeun.
[42] Kitu, nu matak sing caringcing ati-ati; sabab maraneh teh, teu nyaho iraha pisumpingeunana nu jadi Jungjunan.
[43] Upama pribumi nyahoeun pukul sabaraha bangsat rek datang, tangtu taki-taki, moal diantep imahna dibobol batur.
[44] Ku sabab eta, sing caringcing taki-taki; sabab pirawuheunana Putra Manusa teh, sama sakali teu kasangka ti anggalna.
[45] Gandek nu mana anu geten sarta titen, anu ku dununganana bisa diangkat sina ngabawah batur-baturna mere dahareunana dina waktuna?
[46] Di mana dununganana datang, bagja jamuga gandek anu kasampak nohonan kawajiban.
[47] Cek Kami, ka maraneh: Ku dununganana, tangtu bakal diangkat jadi pangawas sakabeh harta milikna.
[48] Sabalikna, lamun si gandek teh jahat jeung pamikirna:
[49] ‹Dunungan teh teu datang-datang;› tuluy lain ngan nyiksa ka papada gandek sejenna wungkul, tapi manehna oge ngadon dahar nginum jeung tukang-tukang mabok.
[50] Waktu dununganana datang, dina poe anu teu disangka-sangka, kalakuanana jadi katohyan.
[51] Eta gandek, ku dununganana, tangtu bakal dipaehan. Manehna bakal ditempatkeun di tempatna jelema-jelema munapek. Di eta tempat teh, jelema-jelema bakal gegerungan bari sasambat jeung kumerot huntu.»