[1] Sarsilahna Isa Al Masih turunan Daud sareng Ibrahim teh kieu:
[2] Ibrahim puputra Ishak; Ishak puputra Yakub; Yakub puputra Yuda jeung saderek-saderekna pameget;
[3] Yuda puputra Pares jeung Sara, ti Tamar; Pares puputra Esrom; Esrom puputra Aram;
[4] Aram puputra Abinadab; Abinadab puputra Nahason; Nahason puputra Salmon;
[5] Salmon puputra Boas, ti Rahab; Boas puputra Obed, ti Rut; Obed puputra Isai;
[6] Isai puputra raja Daud. Daud puputra Sulaeman, ti garwa Uria;
[7] Sulaeman puputra Rehabeam; Rehabeam puputra Abia; Abia puputra Asa;
[8] Asa puputra Yosapat; Yosapat puputra Yoram; Yoram puputra Usia;
[9] Usia puputra Yoatam; Yoatam puputra Ahas; Ahas puputra Hiskia;
[10] Hiskia puputra Manase; Manase puputra Amon; Amon puputra Yosia;
[11] Yosia puputra Yehonia jeung saderek-saderekna pameget, keur jaman diboyong ka nagara Babul.
[12] Di pangboyongan di nagara Babul, Yehonia puputra Salatiel; Salatiel puputra Serubabel;
[13] Serubabel puputra Abiud; Abiud puputra Elyakin; Elyakin puputra Asor;
[14] Asor puputra Sadok; Sadok puputra Ahim; Ahim puputra Eliud;
[15] Eliud puputra Eleasar; Eleasar puputra Matan; Matan puputra Yakub;
[16] Yakub puputra Yusup, caroge Siti Maryam; nya ti anjeunna medalna Isa, anu disebat Al Masih teh.
[17] Jadi, ti Ibrahim nepi ka Daud teh, kabehna aya opat belas turunan; ti Daud tepi ka jaman pangbuangan ka nagara Babul, aya opat belas turunan; ti jaman pangbuangan ka nagara Babul, nepi ka Al Masih, aya opat belas turunan oge.
[18] Riwayat dibabarkeunana Isa teh kieu: Ti waktu Siti Maryam jeung Yusup babakalan keneh; Maryam teh, ku kersana Ruh Allah bobot.
[19] Ku sabab Yusup, picarogeeunana tea, jelema bener; nya anjeunna henteu kersaeun ngawiwirang Maryam teh. Jadi, anjeunna rek ngabatalkeun niatna pikeun mibojo Maryam teh bari ririkipan.
[20] Sajeroning mikir, beh, aya malaikat ti Pangeran nembongan dina impian, lahirna, «He Yusup, turunan Daud, ulah hamham mibojo Maryam. Sabab anu keur dikandung teh, asalna ti Ruh Allah.
[21] Nu bakal dibabarkeun teh, nya eta hiji Murangkalih pameget nu ku anjeun kudu dingaranan Isa. Sababna, nya Anjeunna pisan nu baris nyalametkeun umat-Na tina sagala dosa-dosana.»
[22] Kajadian ieu teh, tandaning sakur nu geus didawuhkeun ku Pangeran ka nabi tea tinekanan; kieu dawuhana-Na:
[23] «Tah lanjang teh bakal bobot, bakal ngababarkeun hiji anak lalaki, nu ku maranehna baris dingaranan Imanuel.» Imanuel teh hartina ‹Allah nyarengan ka urang›.
[24] Sanggeus hudang, sakumaha piwarangan malaikat Pangeran, ku Yusup dilampahkeun: Maryam lajeng ditikah,
[25] tapi anjeunna henteu sapatemon jeung bojona nepi ka dibabarkeunana putra pameget tea, nu dingaranan Isa.