[1] Tas sasauran kitu, Isa ngadawuh ka murid-murid,
[2] «Dua poe deui aya perayaan Paska. Tah waktu eta, Putra Manusa bakal diselehkeun teh, terus disalibkeun.»
[3] Harita, imam-imam kapala jeung kokolot bangsa Yahudi mah keur karumpul di istana Imam Agung anu jenengan Kayapas;
[4] nya keur ngatur rencana rek nangkep ka Anjeunna baris terus ditelasan.
[5] Tapi salaurna, «Ulah keur perayaan, bisi matak jadi huru-hara ka rayat.»
[6] Waktu Isa linggih di imah ki Simon lepra, di Betania;
[7] aya hiji wanita anu ngadeuheusan ka Anjeunna bari mawa sabotol minyak seungit anu mahal. Sabot Isa keur tuang, eta minyak dikucurkeun kana rambut-Na.
[8] Murid-murid arambek dina hatena, pokna, «Wet dihahambur kitu!
[9] Mun jual, payu mahal; tuluy duitna sidekahkeun ka nu mariskin.»
[10] Isa uninga kana pikiran maranehna, tuluy ngalahir, «Keun bae, maraneh teu kudu openan. Ieu wanita keur nembongkeun katresnaanana ka Kami.
[11] Nu mariskin mah, sapapanjangna aya di maraneh. Ari Kami mah, babarengan teh moal lila.
[12] Ayeuna Kami ku ieu wanita diminyakan. Lampahna kieu teh, minangka sasadiaan keur mapag poean Kami dimakamkeun.
[13] Cek Kami ka maraneh: Di mana bae Injil diwawarkeun, di sakuliah dunya, anu ayeuna dilampahkeun ku ieu wanita baris disesebut, nya pikeun dipikaeling tea.»
[14] Geus kitu, salah saurang murid ti nu dua belas, — anu ngaran Yudas Iskariot — indit ka imam-imam kapala, mihatur kieu:
[15] «Abdi sanggup nyerenkeun eta Jelema. Naon engke buruhna?» Ku imam-imam kapala dibere duit, uang perakan tilu puluh.
[16] Ti dinya, manehna terus ngintip-ngintip waktu nu mustari, rek ngahianat ka Guruna.
[17] Dina poe kahiji tina Hari raya Roti Tanpa Ragi, murid-murid unjukan ka Isa, «Di mana bade nyayagikeun kangge riungan tuang Paska teh?»
[18] Ku Isa dibere hiji alamat di kota. Saur-Na deui, «Bejakeun kieu: Kami teh geus tereh cunduk kana dawuh. Kami hayang ngarayakeun pesta Paska heula di imah anjeun jeung murid-murid.»
[19] Sakumaha pamundut-Na ku murid-murid dilampahkeun, kaperluan tuang Paska disadiakeun.
[20] Sanggeus magrib Isa tuang ngariung jeung murid-murid.
[21] Sabot tuang, Anjeunna nyarios, «Di dieu aya anu rek ngahianat ka Kami, saurang.»
[22] Murid-murid tinghareluk, tuluy piligenti unjukan ka Anjeunna, «Abdi atanapi sanes?»
[23] Isa ngawaler, «Jelemana, nya eta anu engke bareng jeung Kami nganclomkeun roti kana ieu pinggan.
[24] Putra Manusa memang kudu tiwas, sakumaha cek Kitab Suci. Tapi cilaka kabina-bina, jelema anu ngalantarankeunana. Eta jelema, leuwih untung lamun teu kungsi dijurukeun.»
[25] Yudas, anu rek ngahianat mihatur, «Rabi, abdi atanapi sanes?» Waler Isa, «Sakumaha cek maneh.»
[26] Sabot tuang, Isa nyandak roti sarta ngucapkeun berkah. Terus rotina disemplekan, tuluy disodorkeun ka murid-murid bari saur-Na, «Tampanan, dahar. Ieu teh daging Kami.»
[27] Geus kitu, nyandak lumur sarta muji sukur; tuluy eta lumur disodorkeun ka murid-murid bari saur-Na,
[28] «Heg inum ku sarerea. Ieu teh getih Kami; getih perjangjian anu dikucurkeun guna mangpa'at jalma rea pikeun panghampura dosa.
[29] Tapi ti semet ieu Kami moal nginum-nginum deui anggur anu kieu, nepi ka waktuna nginum anggur anu anyar di Karajaan Ama Kami, babarengan jeung maraneh.»
[30] Sanggeus pupujian, Isa angkat ngajugjug ka Gunung Jetun diiring ku murid-murid.
[31] Di tengah jalan Anjeunna sasauran, «Peuting ieu iman maraneh bakal goncang lantaran Kami. Sabab cek Kitab Suci: Pangangonna ku Kami rek digebug, domba-domba-Na sina paburencay.
[32] Tapi di mana Kami hirup deui, Kami rek iang ti heula ka Galilea.»
[33] Petrus nempas, «Sanaos nu sanes-sanes goncang imanna, abdi mah moal!»
[34] Saur Isa, «Petrus, peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali ngangles Kami.»
[35] Walon Petrus, «Moal, Jungjunan! Sanaos dugi ka pati maot bareng sareng Jungjunan, abdi mah moal dugi ka ngangles!» Murid-murid sejenna oge, kitu ngaromongna teh.
[36] Isa jeung murid-murid sumping ka hiji taman anu ngaranna Taman Getsemane. Anjeunna sasauran ka murid-murid, «Daragoan di dieu, sabot Kami sembahyang di ditu.»
[37] Aya anu dicandak tiluan, nya eta Petrus jeung anak Sebedeus, duanana. Manah-Na mimiti ngangres jeung palaur.
[38] Kedal saur ka nu tiluan, «Kami teh ku nalangsa, asa rek paeh bae. Daragoan di dieu, Kami baturan nyaring.»
[39] Anjeunna majeng deui saeutik, terus nyuuh ngadu'a, «Nun Ama, manawi kenging mah, ieu lumur kasangsaraan teh candak ti Abdi. Nanging ulah numutkeun kahayang Abdi, kedah numutkeun pangersa Ama.»
[40] Geus kitu, Anjeunna ningali heula murid-murid, ana kasampak geus sarare. Anjeunna ngagentraan ka Petrus, «Na teu sanggup maneh nyaring maturan Kami sajam bae?
[41] Maraneh kudu tetep nyaring tur kudu dibarung sembahyang, supaya henteu keuna ku dodoja. Karep mah kuat, tapi badan hengker.»
[42] Tuluy angkat deui, mindo ngadu'a, «Ama! Manawi parantos teu kenging sumingkir mah tina ieu lumur kasangsaraan, Abdi estu suka lilah ngiringan kana pangersa.»
[43] Waktu murid-murid ditingali deui, kasampak sarare keneh, awahing ku tarunduheun.
[44] Terus ku Anjeunna, eta nu tiluan teh, dikantun deui bae; geus kitu, Anjeunna ngadu'a deui pikeun katilu kalina; sasambat-Na, saperti nu tadi keneh bae.
[45] Geus kitu, nyampeur deui murid-murid bari ngagentraan, saur-Na, «Pek sing jarongjon reureuh sarare. Tuh, waktuna geus cunduk, Putra Manusa diselehkeun kana genggeman nu daroraka.
[46] Harudang, urang arindit. Tuh, anu ngahianat ka Kami teh geus deukeut!»
[47] Sabot sasauran keneh, ki Yudas, — salah saurang murid ti anu dua belas tea — geus jebul; manehna mawa balad loba pisan; eta jelema-jelema teh, titahan imam-imam kapala jeung parakokolot tea, pada marawa pedang jeung pepentung.
[48] Yudas enggeus mere sandi kieu, «Mana-mana anu ku kula dirangkul, terus tangkep bae.»
[49] Manehna nyampeurkeun ka Isa bari ngomong tarik, «Haturan, Rabi?» Pokna bari ngarangkul.
[50] Saur Isa ka manehna, «Kisanak, ka dieu teh rek naon tea?»
[51] Ti nu ngiring ka Anjeunna, nu saurang mesat pedang, tuluy diheumbatkeun; eta heumbatan pedang teh, keuna kana ceuli bujangna Imam Agung, nepi ka rampung.
[52] Tapi Isa ngalahir, «Asupkeun eta pedang teh kana sarangkana. Sabab anu maen pedang, paehna, tangtu ku pedang deui.
[53] Dikira Kami teu bisa nyambat ka Ama, menta malaikat dua belas legiun ngabantu Kami?
[54] Kitu carana mah atuh ayat Kitab anu unina, ‹Ieu kudu kajadian› teh moal tinekanan.»
[55] Geus kitu, Isa ngalahir ka nu loba, saur-Na, «Naha Kami teh rampog, nepi ka marawa pedang jeung pepentung? Kapan unggal poe Kami sok aya di Bait Allah ngawuruk, naha ku maraneh diantep?
[56] Tapi memang kudu kieu, cocog jeung Kitab Suci.» Ti dinya mah, murid-murid teh kalalabur, naringgalkeun Anjeunna.
[57] Sanggeus ditangkep, Isa dihadepkeun ka Kayapas, Imam Agung. Di dinya, geus kumpul ahli-ahli Kitab jeung parakokolot.
[58] Ari Petrus nuturkeun ti kajauhan, nepi ka buruan Imam Agung; tuluy milu diuk jeung pangawal, hayangeun nyaho kumaha tungtungna.
[59] Imam-imam kapala, kitu deui anggota-anggota Mahkamah, satekah polah neangan bukti palsu, supaya Isa bisa dihukum paeh.
[60] Tapi teu hasil, sanajan saksi palsu teh loba. Ahirna, aya duaan nu ka hareup,
[61] ngong ngomong, «Ieu Jelema kungsi sosoak kieu: ‹Ieu Bait Allah ku Kami rek diruag, terus diadegkeun deui di jero tilu poe!›»
[62] Neut Imam Agung ngadeg, mariksa ka Isa, «Kumaha, moal dibantah eta dakwaan teh?»
[63] Isa mindel teu ngawaler. Imam Agung ngalahir deui, «Demi Allah nu jumeneng, aku sing bener: ‹Enya Maneh teh Al Masih, Putra Allah?›»
[64] Waler Isa, «Leres sakumaha pamariksa. Sareng Kaula seja nganyatakeun ka ieu rengrengan: ‹Ti semet ieu, ku aranjeun baris katingali Putra Manusa linggih di tengeneun Nu maha Kawasa, sumping dina mega di langit.›»
[65] Berewek Imam Agung nyoehkeun anggoanana, tuluy ngalahir, «Ieu Jelema ngahujat Allah. Pikeun naon urang ngayakeun deui saksi-saksi? Ku urang geus kareungeu kumaha ngahujat-Na.
[66] Kumaha putusan aranjeun?» Jawabna, «Kudu dihukum pati!»
[67] Ti dinya, jelema-jelema teh nyariduhan kana pameunteu-Na bari naronjok; nu sawareh deui ngagebug ka Anjeunna bari ngomong,
[68] «Sebutkeun ka kami, eh Al Masih, saha ieu anu neunggeul ka Maneh?»
[69] Ari Petrus diuk di buruan. Tuluy disampeurkeun ku hiji badega awewe. Eta badega awewe ngomong ka manehna, «Maneh sok babarengan jeung Isa urang Galilea!»
[70] Tapi Petrus mungkir, «Kumaha ngomong teh teu kaharti!»
[71] Waktu manehna ngaleos ka lawang kori, katenjoeun ku badega awewe sejenna, pok dibejakeun ka anu araya di dinya, «Eta jalma sok babarengan jeung Isa urang Nasaret tea.»
[72] Petrus mungkir bari susumpahan, «Teu wawuh kuring mah ka Eta teh!»
[73] Geus kitu, sakur nu araya di dinya nyalampeurkeun ka Petrus, ngaromong kieu, «Moal salah deui maneh teh batur-Na, kaciri tina lentong maneh.»
[74] Petrus ngutruk bari susumpahan, «Teu wawuh, teu wawuh ka eta Jelema teh!» Harita keneh, kadenge hayam kongkorongok.
[75] Ras, Petrus ingeteun kana dawuhan Isa anu kieu tea, «Memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali ngangles ka Kami.» Leos bae, manehna indit ka luar bari ceurik, nalangsa kabina-bina.