Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 11:26

[1] Sanggeus bray beurang, imam-imam kapala jeung kokolot-kokolot bangsa Yahudi karumpul; sejana, nya mutuskeun pikeun nelasan Isa tea.

[2] Isa dibarogod, tuluy dibawa ka gupernur Pilatus.

[3] Barang Yudas nyahoeun yen Isa diragragan hukum pati, pohara kaduhungeunana. Duit perak anu tilu puluh tea teh, dipulangkeun deui ka imam-imam kapala jeung parakokolot.

[4] Terus wakca, «Abdi rumasa doraka, ngahianat getih Jelema nu tanpa dosa.» Ku aranjeunna diwalon, «Mangsa bodo, kami teu nyaho-nyaho. Eta mah urusan maneh!»

[5] Tuluy eta duit teh, ku Yudas diawurkeun ka jero Bait Suci; geus kitu, manehna, ngagantung maneh.

[6] Duit dirawatan ku imam-imam kapala, saurna, «Ieu duit teu meunang dicampurkeun kana peti persembahan sabab ladang getih.»

[7] Sanggeus barempug, duit teh dibeulikeun kana tanah nu disebut ‹Lahan Panjunan,› pikeun tanah pamakaman urang asing.

[8] Nepi ka kiwari, eta tanah jadi nelah ‹Lahan Getih.›

[9] Ku kituna, ngabukti eta nubuwatan Nabi Yermia anu kieu: ‹Duit perakan tilu puluh, — nya eta pihargaeunana hiji jelema nurutkeun taksiran urang Israil — ditarima,

[10] tuluy dipasrahkeun pikeun meuli tanah Lahan Panjunan. Kitu pangandika Pangeran ka kaula.›

[11] Isa geus dijagragkeun payuneun gupernur. Gupernur mariksa ka Anjeunna, «Anjeun teh raja urang Yahudi?» Waler Isa, «Leres sakumaha pilahir.»

[12] Dakwaan imam-imam kapala jeung kokolot-kokolot mah, ku Anjeunna teu diwaler pisan.

[13] Saur Pilatus ka Anjeunna, «Teu kareungeu eta dakwaan-dakwaan sakitu lobana?»

[14] Isa tetep teu kersa ngawaler, nepi ka matak heran ka gupernur.

[15] Saban-saban hari raya Paska, gupernur teh geus baku sok ngaleupaskeun saurang sakitan, nu mana bae sakahayang rayat.

[16] Harita, di jero panjara, aya sakitan anu kawentar jahatna; eta jelema teh, ngaranna Barabas.

[17] Sakalian rayat harita kumpul, Pilatus sasauran, «Mana anu dipikahayang, anu ku kami kudu dibebaskeun: Barabas atawa Isa, anu disebut Al Masih?»

[18] Anjeunna uninga, pangna maranehna nyerenkeun Isa teh bawaning ku dengki-dengkina.

[19] Sabot Pilatus calik dina korsi pangadilan, nampi amanat ti geureuhana: «Ulah ngiring campur kana perkawisna eta Jalmi bener; margi lantaran Manehna, abdi kalintang kasiksana ku impian tadi wengi.»

[20] Tapi rayat teh, geus kaangsonan ku imam-imam kapala jeung ku kokolot-kokolotna. Maranehna menta, supaya Barabas bebas, ari Isa kudu dihukum paeh.

[21] Gupernur ngawaler, «Saha? Saha ti antara anu dua nu ku kami kudu dibebaskeun?» Jawabna, «Barabas!»

[22] Saur Pilatus, «Ari Isa anu disebut Al Masih kumaha?» Urang Yahudi nyorowok, «Gantung!»

[23] Saur Pilatus deui, «Naha naon dosana?» Urang Yahudi tinggorowok beuki bedas, «Gantung, gantung!»

[24] Sanggeus ngaraos yen daya upayana teu mental, Pilatus wawasuh panangan hareupeun sarerea; ti dinya, anjeunna ngalahir, «Kami henteu tanggung jawab kana getih ieu Jelema, pek tanggung ku maraneh sorangan!»

[25] Urang Yahudi bareng ngajawab, «Keun getih-Na sina malindes ka kuring saanak incu!»

[26] Tuluy Pilatus ngaleupaskeun Barabas, ari Isa dirangket heula; saterusna, Anjeunna teh diserenkeun ka maranehna sina digantung.

[27] Geus kitu, Isa dibawa ku serdadu-serdadu gupernur ka gedong pangadilan. Serdadu-serdadu sejenna ge disina kumpul ka dinya.

[28] Tuluy anggoan Isa dicuculan, diganti ku jubah warna wungu.

[29] Maranehna nyieun mamakutaan anu dianyam tina cucuk; tuluy diterapkeun kana mastaka-Na, ari panangana-Na sina nyepeng awi sateukteuk. Geus kitu, serdadu-serdadu teh sujud payuneuna-Na bari moyok kieu, «Wilujeng, raja urang Yahudi!»

[30] Geus kitu, maranehna nyariduhan ka Anjeunna. Jaba ti eta, awina direbut tina panangana-Na, terus diteunggeulkeun kana mastaka-Na.

[31] Sanggeus dikaniaya jubah-Na dicuculan, dianggoan ku anggoana-Na deui, terus dibawa ka tempat panggantungan.

[32] Di tengah jalan, anu jolna ka luar kota, aleutanana amprok jeung hiji jelema urang Kirena nu ngaranna Simon; tuluy Ki Simon teh, ku paraserdadu tea, dipaksa sina manggul salib Isa.

[33] Sanggeus nepi ka tempat anu disebut Gulguta (hartina: Tempat Tangkorek),

[34] Isa dileueutan anggur anu dicampuran hamperu. Tapi sanggeus ngicip-ngicip, Anjeunna teu kersaeun ngaleueut.

[35] Sanggeus digantung, anggoana-Na dilotrekeun,

[36] maranehna terus dariuk ngajaga.

[37] Luhureun mastaka-Na aya merek anu netelakeun sababna nu matak Anjeunna dihukum, unina, «IEU RAJA URANG YAHUDI.»

[38] Aya deui anu digantung harita, rampog duaan, digantungna di kenca jeung katuhueuna-Na.

[39] Sakur nu laliwat ka dinya pada gigideug bari maroyok.

[40] Pokna, «Hey, Anu rek ngaruag Bait Suci jeung anu sanggup ngadegkeunana deui di jero tilu poe! Lamun enya maneh Putra Allah, salametkeun diri teh, nya turun ti dinya!»

[41] Imam-imam kapala, ahli-ahli Kitab jeung kokolot-kokolot oge maroyokan, pokna:

[42] «Ka batur bisa nyalametkeun, ari ka diri-Na sorangan teu bisa nanaon. Eta, Raja Israil teh? Cik turun tina panggantungan, meureun urang percaya.

[43] Carekna, Manehna teh nyalindung ka Allah. Keun sina ditulungan ku Allah, ari enya mah kameumeut Allah! Da ngaku-Na mah Putra Allah.»

[44] Malah rampog anu papada digantung tea, oge pipilueun moyok.

[45] Barang geus pukul dua belas, tengah poe; reup bae, di dinya, jadi poek sakurilingna nepi ka pukul tilu.

[46] Kira-kira dina pukul tilu, Isa ngagero, «Eli, Eli, Lama Sabahtani?» (Ya Allah Pangeran Abdi, ku naon margina Abdi dikantun?)

[47] Terus aya nu ngaromong kieu, «Manehna keur sasambat ka Elias!»

[48] Aya anu geuwat nganclomkeun sepon kana anggur haseum, ditiirkeun kana gantar; maksudna, Isa sina ngaleueut.

[49] Tapi aya nu nyarek, «Engke heula! Urang nenjo heula Nabi Elias nulungan Manehna!»

[50] Isa ngagero deui tarik pisan, tuluy Anjeunna masrahkeun nyawa-Na.

[51] Harita, bareng jeung pupus-Na, reregan Bait Suci bedah dua, parat ti luhur ka handap sarta bumi ngariyeg ku lini; gunung-gunung cadas bareulah,

[52] makam-makam mararuka sarta jasad-jasad jelema saruci anu keur sumare di dinya, harudang deui.

[53] Waktu Isa gugah tina pupus-Na, ieu jasad-jasad kalaluar ti makamna; tuluy arasup ka kota suci, narembongan ka jalma rea.

[54] Barang riyeg aya lini jeung kajadian-kajadian sejenna, komandan jeung perjurit-perjuritna, kacida sarieuneunana. Tuluy ngucapkeun kieu, «Bener ieu Jelema teh Putra Allah!»

[55] Di dinya oge, aya wanita-wanita, — teu wudu rea — anu ngarawaskeun ti kajauhan bae; wanita-wanita eta teh, nya anu milu kana rombongan Isa keur ti Galilea keneh.

[56] Di antarana aya Maryam Magdalena, Maryam indung Yakobus jeung Yusup, sarta indungna anak-anak Sebedeus.

[57] Memeh reup peuting, aya hiji jelema jegud urang Arimatea, nya eta Yusup. Manehna oge geus jadi murid Isa,

[58] ngadeuheus ka Pilatus pikeun nyuhunkeun layon Isa. Pilatus nimbalan, supaya eta layon Isa teh dipasihkeun.

[59] Tuluy eta Layon Isa teh, ku Yusup dipulasara: Nya dibungkus ku lawon bodas beresih;

[60] terus dimakamkeun dina makam anu anyar keneh, anu dibobok dina gunung cadas. Sanggeus lawangna ditutup ku batu gede, tuluy dikantunkeun.

[61] Tapi Maryam Magdalena jeung Maryam nu saurang deui mah, caricing keneh di dinya bari melong ka eta makam.

[62] Isukna, sabada ‹poe panyadiaan›, imam-imam kapala jeung urang Parisi bareng daratang ka Pilatus.

[63] Salaurna ka Pilatus, «Juragan, eta tukang nyasabkeun teh waktos hirup keneh uar-uar kieu: Sanggeus tilu poe, Kami bakal hudang deui.

[64] Ku margi kitu, mugi diparentahkeun supados makam-Na dijaga dugi ka dinten anu katilu. Margi tiasa jadi, engke, dipaling ku murid-murid-Na bari diuar-uar yen parantos hudang deui ti nu maraot. Pangwadulan anu ieu mah, balukarna tangtos langkung awon ti nu ti heula.»

[65] Saur Pilatus, «Mangga pasihan bae kawal, jaga sakumaha mistina.»

[66] Geus kitu, pajaratan Isa, ku aranjeunna sina dijaga sarta disegel.

Mateus — Chapters