Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:59

[1] Heuleut genep poe, Petrus, Yakobus, jeung Yahya ku Isa dicandak ka hiji gunung anu luhur. Di dinyana ngan aranjeunna bae.

[2] Geus kitu, ku nu tiluan katenjo, Isa salin rupi. Raray-Na moncorong lir panonpoe, panganggo-Na hurung gumebyar.

[3] Katingal oge aya Nabi Musa jeung Nabi Elias, keur cacarios jeung Anjeunna.

[4] Petrus mihatur, «Jungjunan, estu, bagja abdi-abdi aya di dieu teh. Jungjunan, saena mah, urang ngadamel saung tilu di dieu: Kangge Jungjunan, kangge Nabi Musa, sareng kangge Nabi Elias.»

[5] Sabot manehna ngomong keneh, ngadak-ngadak aya mega anu ngagebyar turun mayungan ka Aranjeunna. Tina mega teh aya sora, «Ieu teh Putra Kaasih Kami, anu kamanah ku Kami. Masing anut ka Anjeunna.»

[6] Awahing ku sieun kana eta sora, murid-murid teh nyaluksruk kana taneuh.

[7] Ku Isa disampeurkeun terus diusap. «Cengkat» dawuhana-Na, «tong sarieun!»

[8] Barang maranehna cengkat geus teu aya sasaha, kantun Isa bae.

[9] Waktu marudun ti gunung Isa mesen, «Kade, tetenjoan anu tadi ulah diucah-aceh, nepi ka Kami hudang deui ti nu maraot.»

[10] Pihatur nu tiluan, «Upami kitu, naon margina ahli-ahli Kitab nyebatkeun yen Nabi Elias kedah sumping ti payun?»

[11] Waler-Na, «Nabi Elias memang baris sumping, pikeun ngomean sakur nu perlu.

[12] Ku Kami dibejakeun: Nabi Elias teh geus sumping, tapi teu aya nu wawuheun. Sikep jalma-jalma ka anjeunna sakarep-karep pisan. Putra Manusa oge bakal disangsara ku maranehna.»

[13] Ti dinya murid-murid teh ngarti, yen anu dimaksad ku Anjeunna teh Nabi Yahya.

[14] Sanggeus Isa jeung nu tiluan kumpul deui jeung nu rea, datang hiji jelema, tuluy nyembah;

[15] pok manehna mihatur, «Jungjunan, mugi hawatos ka pun anak, margi sok sakalor. Sering pisan tikusruk kana seuneu atanapi ka cai.

[16] Parantos dibantun ka murid-murid Jungjunan, nanging teu tariasaeun naon-naon.»

[17] Saur Isa, «Eh, umat nu teu boga iman tur sasar! Sabaraha lilana deui Kami kudu babarengan teh? Kudu nepi ka mana Kami sabar teh? Bawa budakna ka dieu!»

[18] Terus setanna ku Isa ditimbalan kalawan bengis pisan, sina ingkah ti eta budak. Harita keneh oge, eta budak teh, cageur.

[19] Sanggeus teu aya sasaha, murid-murid mihatur ka Isa, «Naon margina ku abdi-abdi mah teu beunang diusir eta setan teh?»

[20] Saur Isa, «Lantaran maraneh henteu cengeng percayana. Sabab saenyana, mun maraneh boga iman, — najan ngan sagede siki sasawi — mun ieu gunung ku maraneh sina pindah tempat, tangtu ieu gunung pindah; tur moal aya perkara nu pamohalan keur maraneh.

[21] Tapi bangsa nu tadi mah, moal bisa diusir lamun henteu bari nyambat ka Pangeran jeung puasa.»

[22] Sanggeus Isa jeung murid-murid aya di Galilea, Anjeunna nyarios kieu, «Putra Manusa teh bakal diserenkeun kana genggeman manusa, tuluy ku maranehna dipaehan. Tapi dina poe katilu, baris digugahkeun, nya dihirupkeun deui.»

[23] Hal ieu kacida matak ngaherukna ka murid-murid.

[24] Sasumping-Na, Isa samurid-murid, ka Kapernaum, Petrus disampeurkeun ku tukang narik pajeg Bait Allah, ditanya, «Ari Guru anjeun sok mayar pajeg Bait Allah?» Jawab Petrus, «Osok!»

[25] Petrus terus asup ka imah, ku Isa dipiheulaan dipariksa, «Simon, kumaha ari cek maneh, saha biasana anu wajib mayar pajeg atawa upeti ka prabu? Warga nagara atawa bangsa asing?»

[26] Walon Petrus, «Bangsa Asing.» Saur Isa ka manehna, «Jadi, warga nagara mah teu kudu mayar. Tapi keun bae, urang teu meunang ngalawan.

[27] Jung, ayeuna, maneh nguseup ka talaga. Engke, lauk anu nyanggut ti heula angkat; tuluy eta lauk teh calangapkeun, dina sungutna aya duitan; eta duit teh cukup keur mayar pajeg Bait Allah: Pikeun Kami jeung maneh.»

Mateus — Chapters