Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 5:45

[1] Waktu eta, murid-murid mihatur deui, «Dupi anu punjul di Karajaan Sawarga, saha?»

[2] Ti dinya, Isa nyandak hiji budak leutik sina nangtung di tengah.

[3] Saur-Na, «Ingetkeun ieu: Lamun maraneh henteu robah kalakuan jeung teu jadi cara barudak leutik, pimoaleun bisa asup ka Karajaan Sawarga.

[4] Anu punjul di Karajaan Sawarga teh, nya eta anu handap asor jeung nu jadi saperti barudak leutik.

[5] Jeung saha-saha nu nyaah ka barudak leutik demi ngaran Kami, eta teh nyaah ka Kami.»

[6] «Saha-saha anu ngalantarankeun ingkarna salah sahiji ti barudak leutik anu anut ka Kami, leuwih hade dibangbaluhan beuheungna ku batu panggilingan, tuluy balangkeun ka laut.

[7] Cilaka dunya teh, loba gogoda dodoja. Tapi leuwih cilaka deui jelema anu nyieun gogoda.

[8] Upama leungeun atawa suku maraneh matak sasar, teukteuk: Piceun! Sabab mending boga leungeun hiji atawa suku hiji, tapi matak salamet di aherat; tinimbang lengkep anggahota, tapi tigebrus ka seuneu naraka.

[9] Upama panon maraneh nu sabeulah matak sasar, cokel: Piceun! Mending pecak, tapi salamet di aheratna; tinimbang panon dua, tapi tigebrus kana seuneu naraka.»

[10] «Ati-ati, maraneh ulah nepi nyapelekeun salah sahiji barudak leutik ieu. Sabab cek Kami: Malaikat-malaikatna teh salawasna aya di payuneun Rama Kami di Sawarga.

[11] Sabab Putra Manusa sumping teh, nya seja nulungan anu sasab.

[12] Cik, upama aya nu boga saratus domba, leungit hiji; cek maraneh, eta jelema baris kumaha? Tangtu manehna indit neangan, ari anu salapan puluh salapan mah ditinggalkeun heula nyaratuan di lamping pasir.

[13] Ana nu leungit kapanggih; cek Kami mah, nu bogana, atoheunana teh leuwih ti batan ku anu salapan puluh salapan nu teu kungsi leungit.

[14] Pangersa Rama Kami di Sawarga oge nya kitu: Ulah aya saurang-urang acan, ti barudak leutik ieu, anu leungit.»

[15] «Lamun aya dulur boga salah, teang, elingan. Lamun meunang dielingan, dulur urang teh beunang deui.

[16] Lamun pepeling maneh teu didenge, sakali deui elingan dibantu ku saurang atawa duaan, nepi ka dadaran sualna kasaksi ku duaan atawa tiluan, luyu jeung pangajaran Kitab Suci.

[17] Lamun nu sejen oge henteu didenge, unjukkeun ka jamaah. Lamun ku jamaah oge teu beunang dipepelingan, hade dianggap deungeun-deungeun atawa Tukang Cuke.

[18] Jeung Kami ngabejaan ka maraneh sakabeh, yen sagala rupa anu ku maraneh dilarang di ieu dunya, di Sawarga oge baris dilarang; naon-naon anu ku maraneh diidinan di ieu dunya, di Sawarga oge baris diidinan.

[19] Oge Kami ngabejaan, yen iraha bae maraneh ngunjukkeun panuhun kalawan mupakat duaan, ku Rama di Sawarga tangtu dikabul.

[20] Sabab mun aya dua atawa tilu jalma kumpul mawa ngaran Kami, Kami tangtu aya ngareujeungan.»

[21] Ti dinya Petrus mihatur ka Isa, «Jungjunan, upami pun dulur gaduh dosa ka abdi, sabaraha kali abdi wajib ngahampura? Tujuh kali?»

[22] Waler Isa, «Lain ngan tujuh kali, tapi tujuh puluh kali tujuh kali.

[23] Sabab Karajaan Sawarga teh, ibarat hiji raja anu mariksa hutang gandek-gandekna.

[24] Barang prak mariksa, aya saurang anu dideuheuskeun, hutangna jutaan rupia.

[25] Jelemana teu bisa mayar. Ku eta raja, gandek teh sina dijual jadi budak beulian; nya kitu deui anak pamajikanana katut sagala pangabogana, pikeun ngalunasan hutangna tea.

[26] Gandek teh ngarumpuyuk, ngomong melas-melis ka dununganana, ‹Nyuhunkeun sarantos bae, tangtos tiasa lunas sadayana.›

[27] Dununganana karunyaeun, tuluy hutangna dibebaskeun.

[28] Gandek nu geus dibebaskeun tina hutangna tea, balik; di jalan amprok jeung batur papada gandek, anu boga hutang ka manehna ukur rerebuan bae. Ku manehna dicerek, terus ditagih jeung dicarekan, pokna, ‹Hayoh, bayar hutang teh!›

[29] Nu ditagih mani nyembah, walonna, ‹Tempoan heula atuh, sugan kabayar.›

[30] Tapi teu didenge, malah terus dijebloskeun ka jero panjara geusan ngalunasan hutangna.

[31] Barang gandek-gandek sejenna nyarahoeun, pohara ngareneseunana, tuluy arunjukan ka dununganana.

[32] Eta gandek bengis teh, disaur deui. Cek dununganana, ‹Maneh gandek nu teu boga rasa rumasa. Hutang maneh geuning ku kami dibebaskeun lantaran ngadenge maneh ngalengis.

[33] Atuh maneh oge wajib ngaraskeun ka batur, kawas kami ngaraskeun ka maneh!›

[34] Ku bawaning dununganana jengkel, gandek teh dijebloskeun ka panjara pikeun ngalunasan hutangna.»

[35] Jungjunan nutup carios-Na, «Rama Kami di Sawarga oge, moal aya hampura-Na ka maraneh; lamun maraneh, masing-masing, taya hampura ka sasama.»

Mateus — Chapters