Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 5:45

[1] «Karajaan Sawarga teh, ibarat hiji jelema anu rebun-rebun geus indit neangan kuli, nya sina digawe di kebon anggurna.

[2] Sanggeus putus yen piburuheunana sadinar sapoe, terus kuli-kuli digarawe.

[3] Kira-kira pukul salapan, manehna indit deui, ka pasar; di dinya manehna manggih nu keur ngaligeuh, terus ditawaran gawe,

[4] pokna: ‹Hayu gawe di kebon anggur kula, buruhna pantes.› Tuluy maranehna arindit digawe.

[5] Kira-kira pukul dua belas jeung pukul tilu, nu boga kebon teh indit deui, cara tadi.

[6] Kira-kira pukul lima, geus burit, indit deui bae neangan jelema. Geus manggih diajak ngomong: ‹Ku naon tingjaranteng bae ti isuk?›

[7] Walonna: ‹Teu aya anu ngulikeun.› ‹Hayu atuh milu, digawe di kebon kula.›

[8] Sanggeus poe reupreupan, nu ngulikeun teh nitah ka mandor: ‹Sina kumpul nu digarawe teh, buruhanana bayar. Heulakeun bayar anu daratang pangburitna.›

[9] Tuluy nu daratang pukul lima sore dibayar ti heula sadinar sewang.

[10] Anu daratang pangisukna, maranehna nyangka rek dibayar leuwih gede. Tapi wet, sarua sadinar keneh.

[11] Bari nampanan buruhan maranehna gegelendeng:

[12] ‹Nu daratang pangburitna digawe na ukur sajam, ari bayaranana wet disaruakeun jeung anu ngadedeluk ti isuk keneh bari moe maneh.›

[13] Cek anu ngagawekeun: ‹Dulur-dulur, kula henteu pilih kasih. Lain geus akur urang teh, buruhna sadinar sapoe?

[14] Geus, geura tarima ku maraneh, jung geura balik. Hanas anu daratangna pangburitna dibayar sarua jeung aranjeun, atuh eta mah geus niat kula kitu.

[15] Na teu meunang kula make duit sorangan sakahayang? Atawa maraneh sirik pedah kula bageur?›

[16] Tah kitu, anu pangpandeurina jadi ti hareula, anu pangheulana jadi pandeuri.»

[17] Waktu Isa rek angkat ka Yerusalem, murid-murid anu dua belas sina dareukeut ka Anjeunna. Di tengah jalan, Anjeunna nyarios ka maranehna bae, saur-Na,

[18] «Ayeuna, urang rek ka Yerusalem; di ditu, Putra Manusa teh bakal diserenkeun ka imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab, sarta ku aranjeunna bakal diragragan hukum pati.

[19] Jaba ti eta, Anjeunna ge bakal dipasrahkeun ka bangsa anu teu wawuh ka Allah sina dihinakeun, dikaniaya, ahirna disalib. Tapi sanggeus meunang tilu poe, Anjeunna baris dihirupkeun deui.»

[20] Sabot kitu, jol bojo Sebedeus (indungna Yakobus jeung Yahya) bareng jeung dua anakna nemonan Isa; Tiluanana ngaharempoy ka payuneuna-Na, rek aya nu dipenta.

[21] Saur Isa, «Rek menta naon?» Wangsulna, «Dawuhkeun, yen ieu pun anak duanana widi kenging tempat di kiwaeun sareng di tengeneun Salira di Karajaan Jungjunan.»

[22] Tapi waler Isa, «Ibu teu terang ka nu dipenta. Na saranggup nginum tina lumur Kami?» Wangsulna, «Sanggem.»

[23] Saur Isa, «Lumur Kami memang bakal diinum ku maraneh. Tapi perkara tempat kenca katuhueun Kami, Kami teu kawasa ngidinan. Eta mah pikeun jelema-jelema anu geus ditangtukeun ku Rama Kami bae.»

[24] Barang murid-murid nu sapuluh urang deui ngadenge pamenta kitu, jadi arambekkeun pisan ka anu duaan teh.

[25] Tapi ku Isa diwawadian, saur-Na, «Maraneh nyaho, pamarentah bangsa-bangsa marentah rahayatna teh ku kakerasan, nya kitu deui pembesar-pembesarna, keras deui bae.

[26] Tapi di antara maraneh mah, teu meunang kitu. Mun salah saurang aya nu hayang punjul ti nu lianna, manehna kudu daek ngabdi ka sarerea.

[27] Jeung saha-saha nu hayang jadi jelema penting, kudu jadi badega sarerea.

[28] Putra Manusa oge sumping ka dunya teh lain malar dikawulaan, tapi arek ngawulaan jeung seja narohkeun pati geusan nebus jalma rea.»

[29] Sanggeus Isa samurid-murid nepi ka luareun kota Yeriko, anu ngiring beuki ngalobaan.

[30] Di dinya, aya nu lolong duaan keur andiprek di sisi jalan; ngadenge yen Isa ngalangkung, maranehna teh tinggarero, pokna, «Jungjunan, Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!»

[31] Ku nu rea, eta nu lolong teh dicarek sina repeh; tapi tinggarerona beuki tarik bae, «Jungjunan, Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!»

[32] Isa liren heula, nu lolong teh disaur; tuluy ku Anjeunna dipariksa, «Hayang dikumahakeun ku Kami teh?»

[33] Wangsulna, «Jungjunan, abdi teh hoyong tiasa ningal.»

[34] Isa ngahelas manah-Na, tuluy panon maranehna diusap: Bray bae, eta nu lolong teh bareunta, nya bisa nenjo. Geus kitu mah, maranehna teh ngiring ka Anjeunna.

Mateus — Chapters