[1] Isa nyarios deui ka maranehna ku misil, saur-Na,
[2] «Karajaan Sawarga teh saupama hiji raja anu hajat ngarendengankeun putrana.
[3] Raja nimbalan ponggawa-ponggawa nyusulan paraondangan, tapi ondangan taya nu datang.
[4] Tuluy raja miwarangan deui ponggawa-ponggawa sejenna, dawuhanana: Bejakeun ka nu geus diarondang, hajat kami geus tarapti; sapi-sapi jalu, — nya kitu deui pipiaraan sejenna — geus dipareuncit, malah mah geus diolahkeun. Geura sarumping kitu.
[5] Tapi anu diarondang teh, teu aya nu ambil pusing: Aya nu leos ka kebon jeung aya nu jongjon-jongjon bae di toko.
[6] Aya oge, — anu sawarehna deui — nu pada nyerek paraponggawa, nya pikeun disiksa atawa dipaehan tea.
[7] Raja jadi wera, tuluy ngiangkeun wadya bala, jelema-jelema nu maehan teh dibasmi, padumukanana dihuru.
[8] Geus kitu, eta raja, nimbalan ka abdi-abdina: Hajat kawin geus tarapti; ari nu geus diarondang, ayeuna geus teu pantes ka dieu.
[9] Ku sabab eta, datangan jalan-jalan cagak, sakur anu liwat ondang ku maraneh ka dieu.
[10] Abdi-abdi arindit, tuluy sakur anu kapanggih di jalan-jalan, nu jahat, nu bageur dikerid, nepi ka balandongan teh pinuh ku semah.
[11] Waktu raja lebet nemonan semah, katingali nu saurang dangdananana lain paranti ka nu hajat.
[12] Tuluy raja ngadawuh: Ki Sanak, naha eta dangdanan teh lain pakean paranti ka anu hajat? Nu dipariksa ngabetem bae.
[13] Raja nimbalan ka abdi-abdina: Borogod ieu jelema teh sukuna jeung leungeunna, terus balangkeun ka tempat anu pangpoekna, keun sina gegerungan bari kumerot huntu.
[14] Sabab najan loba nu disaur, anu kapilih mah ngan saeutik.»
[15] Geus kitu, urang Parisi tinglaleos; tuluy maranehna baradami pipetaeun naheunan Isa ku hiji sual.
[16] Maranehna nitahan murid-muridna bareng jeung anggota-anggota parteyna raja Herodes nyual ka Isa, pokna, «Guru, parantos teu aya nu bireuk deui ka Anjeun, yen Anjeun teh jujur tur satarabasna ngawurukeun jalan Allah; nya Anjeun teh teuneung ludeung mayunan sing saha bae, wireh sanes pangalapan.
[17] Cobi saurkeun, kumaha panggalih Anjeun: Naha wenang atanapi henteu mayar pajeg ka prabu?»
[18] Isa, anu uninga kana maksud maranehna anu julig ngawaler, «Na make ngadoja ka Kami, eh jelema-jelema anu munapek?
[19] Ka dieukeun duit keur mayar pajeg teh, cik Kami ngilikan.» Tuluy maranehna nyodorkeun duit dinaran.
[20] Saur Isa, «Cik, ieu gambar saha jeung tulisan saha?»
[21] Jawabna, «Gambar sareng tulisan prabu.» Saur Isa, «Anu wajib disanggakeun ka prabu, sanggakeun ku maraneh ka prabu jeung anu wajib disanggakeun ka Allah, sanggakeun ku maraneh ka Allah.»
[22] Diwaler kitu teh maranehna bati tingpolongo, terus ngelemet undur.
[23] Poe eta keneh, jol deui ka Isa sababaraha urang Saduki, nya eta kaom anu teu percaya kana ayana poe kiamat.
[24] Maranehna naranya kieu, «Saur Nabi Musa, upami hiji lalaki maot teu ninggalan anak; tilas bojona kedah terus dikawin ku dulurna nu hilang, supados nurunkeun turunan keur dulurna nu geus teu aya tea.
[25] Ayeuna, aya lalaki tujuh padudulur. Nu kahiji kawin, geletuk maot. Ku margi teu ninggalan anak, randana dikawin ku dulurna.
[26] Kitu bae saterasna: Nu kadua, nu katilu dongkap ka nu katujuh, mararaot.
[27] Ahirna, awewena oge maot.
[28] Dina poe kiamat, ti antara eta anu tujuh teh, nu mana salakina eta awewe; margi tujuhanana kantos ngawin manehna.»
[29] Ku Isa diwaler kieu, «Aranjeun teh sasar; da aranjeun mah teu ngaharti kana Kitab Suci jeung teu ngarti kana kakawasaan Allah!
[30] Dina poe kiamat mah, jelema teh henteu kawin, henteu dikawinkeun. Sabab hirupna teh, cara malaikat di Sawarga.
[31] Hal perkara hudangna anu maraot, naha aranjeun acan maca anu didawuhkeun ku Allah? Timbalanana:
[32] Ieu Kami Allah nu disembah ku Ibrahim, Allah nu disembah ku Isak, jeung Allah nu disembah ku Yakub. Anjeunna, lain Allah nu disembah ku jelema-jelema nu maraot, tapi Allah nu disembah ku jelema-jelema anu harirup.»
[33] Balarea ngadarenge kitu teh kacida heranna, mikahelok piwulang-Na.
[34] Barang urang Parisi meunang beja yen urang Saduki beunang kabungkem ku Isa, tuluy karumpul.
[35] Geus kitu, nu saurang, nya eta ahli Kitab nanya kieu, — maksudna ngadoja ka Anjeunna —
[36] «Guru, timbalan nu mana anu pangutamana dina Toret?»
[37] Waler Isa, «Kudu nyaah ka Pangeran, — Allah nu disembah ku maneh — kalawan sabuleudna hate, sabuleudna jiwa, sarta saakal budi.
[38] Eta timbalan nu pangutamana.
[39] Timbalan anu kadua, anu sarua pentingna jeung eta: Kudu nyaah ka pada manusa lir ka awak sorangan.
[40] Nya ka ieu dua timbalan gumantungna saeusining Toret jeung kitab nabi-nabi.»
[41] Waktu urang Parisi keur kumpul, ku Isa ditaros kieu:
[42] «Kumaha pamanggih aranjeun ngeunaan Al Masih, ari Anjeunna putra saha?» Walonna, «Putra Daud.»
[43] Saur Isa, «Lamun bener kitu, na kumaha Daud ku pituduh Ruh bisa nyebat ‹Jungjunan› ka Anjeunna? Nya eta waktu anjeunna nyebatkeun kieu:
[44] ‹Pangeran ngadawuh ka Jungjunan kaula: Calik-calik di katuhueun Kami, nepi ka sakabeh musuh Hidep ku Kami dijieun titincakan Hidep.›
[45] Ari Daud nyebat ‹Jungjunan› mah ka Anjeunna, na kumaha bisa jadi putrana?»
[46] Taya saurang-urang acan anu bisa ngajawab ka Anjeunna. Jeung ti semet poe eta, saurang ge, teu aya nu wani nyual-nyual deui ka Anjeunna.