Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 5:18

[1] Isa teh, dibabarkeunana di Betlehem tanah Yudea, dina jamanna Raja Herodes. Teu lila ti harita, aya nu daratang ka Yerusalem, nya eta parabujangga ti tebeh Wetan.

[2] Aranjeunna mariksa, «Di mana raja urang Yahudi anu anyar dibabarkeun teh? Kaula ti tatar Wetan parantos mendakan bentangna sarta pangna darongkap ka dieu seja mintonkeun persetya.»

[3] Atuh Raja Herodes pohara ngagebegna, kitu deui sakur nu aya di Yerusalem.

[4] Geuwat anjeunna nyaur Imam Agung jeung ahli-ahli Kitab bangsa Yahudi, lajeng mariksakeun, «Al Masih teh di mana bakal dibabarkeunana?»

[5] Wangsulanana, «Di Betlehem daerah Yudea, margi parantos tinulis kieu ku paranabi:

[6] ‹Maneh, Betlehem, di tanah Yudea, di antara rengrengan anu marentah nagara teh, lain nu pangleutikna. Sabab ti maneh pisan jaga baris rawuh hiji pamingpin, anu bakal ngaraksa umat Kami Israil.›»

[7] Bujangga tea ku Herodes disaur, ririkipan dipariksa kalayan talete: Eta bentang teh, iraha mimiti katembongna.

[8] Tuluy dijurung laku ka Betlehem bari diomat-omatan kieu, «Ayeuna mah, saksrak bae eta Murangkalih teh sing kapanggih; lamun enggeus, kudu ka dieu pupulih sabab kami oge seja ngabakti ka Anjeunna.»

[9] Bral, bujangga-bujangga teh, mariang. — Ujug-ujug, bentang nu tembong ti tatar Wetan tea bijil deui, tembong maju miheulaan aranjeunna; ahirna, kandeg di lebah Murangkalih tea —

[10] Atuh barang bentang tea, breh katembong, aranjeunna teh pohara baringahna!

[11] Geus kitu, sup bae lalebet, kapendak Murangkalih teh katut Maryam, ibu-Na. Brek sarujud ngabakti, tuluy muka pepeten, ngabaktikeun emas, dupa, jeung emur (sabangsa menyan).

[12] Aranjeunna karenging pituduh ti Gusti Allah dina impenan: Ulah ka Herodes deui jeung mulihna teh kudu nyandak jalan sejen.

[13] Sanggeus bujangga teh marulih, malaikat Pangeran nembongan ka Yusup dina impenan sarta ngadawuh, «Geura hudang, Budak jeung indung-Na bawa ka Mesir; cicing heula di ditu, tepi ka aya beja deui ti Kami; sabab eta Budak teh, keur disaksrak ku Herodes rek ditelasan.»

[14] Korejat Yusup tanghi. Tuluy eta Murangkalih jeung ibu-Na teh, peuting eta keneh, ku anjeunna dicandak ngalolos ka Mesir.

[15] — Maratuhna di Mesir teh, nepi ka pupusna Raja Herodes — Ieu kajadian teh bukti laksanana Pangandika Pangeran ka nabi-Na tea: ‹Kami geus nyaur Putra Kami ti Mesir.›

[16] Ari Herodes barang ngaraos yen bujangga-bujangga teh jalir, pohara benduna. Lajeng Herodes marentahkeun numpes kabeh barudak lalaki di Betlehem jeung sabudeureunana anu umurna dua taun ka handap; eta teh ancer-ancer anu dicandak ku Herodes, — ngitung ti wates tembongna bentang — sakumaha katerangan ti bujangga tea.

[17] Nya harita tinekananana pilahir Nabi Yermia anu kieu tea:

[18] ‹Di desa Rama kadenge tingkaroceak, midangdam aluk-alukan. Rahel nyeungceurikan anak-anakna, henteu beunang dibangbalerkeun. Da puguh, anakna kabeh geus teu aya di kieuna.›

[19] Sapupusna Herodes, malaikat Pangeran teh nembongan ka Yusup di Mesir, dina impenan, dawuhana-Na:

[20] «Hudang, eta Budak jeung indung-Na bawa mulang ka tanah Israil. Anu ngarah pati eta Budak teh, ayeuna mah, geus teu araya di kieuna.»

[21] Yusup hudang, tuluy eta Murangkalih jeung ibu-Na dibawa mulang ka tanah Israil.

[22] Tapi ku lantaran anjeunna mendak beja, yen raja Yudea gegentos Herodes teh Arkaleus, putrana; atuh Yusup ngaraos risi matuh di dinya mah.

[23] Sanggeusna kenging deui pituduh dina impenan, lajeng anjeunna ngajugjug ka Galilea sarta bumen-bumen di hiji kota nu ngaranna Nasaret. Ku kituna, pilahir paranabi teh kajadian; nya anu kieu ungelna, ‹Mantenna bakal katelah urang Nasaret.›

Mateus — Chapters