[1] {1a} Ari Saulus, dina hatena, pohara panujuna Stepanus dipaehan teh. {1b} Ti semet harita, jamaah di Yerusalem teh nandangan panganiayaan anu pohara hebatna. Anggota-anggotana, iwal ti rasul-rasul mah, jadi pabalencar ka wilayah-wilayah Yudea jeung Samaria.
[2] Layon Stepanus dipulasara ku anu saraleh kalawan hate anu pohara nalangsana.
[3] Ari Saulus, terus bae nguwak-ngawik boga niat numpes jamaah; awewe lalaki, ku manehna, disaksrak ka saban imah terus diseredan diasup-asupkeun ka pangbuian.
[4] Ari anggota-anggota anu geus mencar tea mah, ngasruk ka ditu ka dieu ngawawarkeun Injil.
[5] Aya hiji kota di Samaria anu didatangan ku Pilipus; terus anjeunna oge, ngawanohkeun Al Masih ka urang dinya teh.
[6] Urang dinya saregep pisan ngabandungan; pituturna anu diwuwuh ku ngayakeun tanda-tanda ajaib jeung mujijat-mujijat ditarima kalawan hate anu buleud.
[7] Karana loba jelema-jelema anu diraksuk ku roh-roh jahat, dicageurkeun; roh-roh jahatna, nyalingkir bari tingjarerit; nu lalumpuh jeung nu dareog oge, dicalageurkeun;
[8] pohara matak bungahna ka urang dinya.
[9] Di dinya aya hiji jelema ngaranna Simon, anu ngakukeun jalma pinunjul pedah bisa nyieun sihir anu matak bengong; manehna jadi tukang sihir teh geus lila.
[10] Urang dinya, ti nu pangluhurna nepi ka nu panghandapna, kacida mupunjungna; nyarebutna oge: «Jelema anu kasinungan ku kaagungan kakawasaan Allah.»
[11] Geus lila pisan maranehna keuna ku pangaruh eta jelema teh, nya eta lantaran ku sihirna tea.
[12] Tapi sanggeus ku Pilipus diwawaran Injil Al Masih nepi ka palercayana; maranehna, awewe lalaki kabeh dibaptis.
[13] Simon oge percaya sarta sanggeus dibaptis manehna jadi embung pisah ti Pilipus. Nenjo kaahengan-kaahengan jeung mujijat-mujijat teh, manehna bati heran bae.
[14] Beja yen tanah Samaria geus narima kana pangandika Allah geus nepi ka rasul-rasul di Yerusalem; tuluy Petrus jeung Yahya diutus ka ditu.
[15] Sasumpingna, aranjeunna neneda, nyuhunkeun supaya urang dinya pada-pada ginanjar Ruh Allah.
[16] Sabab harita mah, Ruh Allah acan turun ka saurang-urang acan di Samaria teh. Maranehna kakara dibaptis ku pajenengan Isa bae.
[17] Sabada ku anu duaan ditarumpangan panangan, kakara maranehna ginanjar Ruh Allah.
[18] Barang katenjo ku Simon yen Ruh Allah bisa katarima ku jalan numpangkeun leungeun; seug bae, manehna teh ngahaturan duit ka rasul-rasul,
[19] bari pokna, «Abdi oge hoyong gaduh kabisa kitu, tiasa nurunkeun Ruh Allah ka saha bae anu ku abdi ditumpangan leungeun.»
[20] Tapi saur Petrus, «La'nat eta duit teh, kitu deui anjeun! Naha panyangka anjeun kurnia Allah teh beunang dibeuli ku duit?
[21] Pamohalan anjeun meunang bagian atawa hak dina ieu perkara, sabab bengkok sembah enggoning ibadah ka Allah.
[22] Leuwih hade anjeun buru-buru tobat, ulah tonggoy dina kajahatan. Buru-buru anjeun sasambat ka Pangeran, malah mandar eta pikiran anu sakitu gorengna teh dihampura ku Anjeunna.
[23] Sabab kaimplengna anjeun teh badis hamperu, pait ku dengki jeung kajiret ku dosa pasirikan!»
[24] Simon terus tomada pokna, «Nyuhunkeun dipangnedakeun bae ka Pangeran, mugi-mugi diri abdi ulah cios katarajang nasib anu bieu disaurkeun ku bapa.»
[25] Sanggeus maparin panyaksen jeung ngawurukkeun pangandika Allah, Petrus jeung Yahya marulih deui ka Yerusalem bari sajajalan ngawawarkeun Injil di kampung-kampung wilayah Samaria.
[26] Kakocapkeun, Pilipus didawuhan ku malaikat Pangeran, saurna, «Geura leumpang ngajugjug ka kidul, make jalan anu mudun ti Yerusalem ka Gasa, anu tiiseun tea.» Pilipus tumut, bral miang.
[27] Harita, aya hiji mantri jero urang Etiopi, nya eta ponggawa anu ngurus harta kakayaan ratu Sri Kandasi, ratu nagara Etiopi; anjeunna teh tas ti Yerusalem ngalakonan ibadah.
[28] Ayeuna, anjeunna teh eukeur di jalan seja mulih, tunggang kareta bari ngaos kitab Nabi Yesaya.
[29] Saur Ruh ka Pilipus, «Tuh sampeurkeun, deukeutan karetana!»
[30] Sanggeus disampeurkeun, ku Pilipus kakuping, anjeunna keur ngaos kitab Nabi Yesaya tea; tuluy bae ku Pilipus teh ditaros, «Kumaha kahartos nu diaos teh?»
[31] Waler mantri jero bari ngajak Pilipus unggah kana kareta, «Bade ngartos kumaha margi teu aya anu nerangkeun.»
[32] Ayat anu diaosna teh kieu: ‹Lir domba anu ditungtun ka pameuncitan, jeg anak domba diguntingan buluna teu kecet-kecet: Anjeunna mindel, sakecap teu kedal saur.
[33] Sajeroning nandangan panghina, Anjeunna ditibanan hukuman. Saha anu seja ngaguar asal-usul-Na? Nyawana lastari dicabut ti dunya.›
[34] Saur mantri jero, «Anu bade ditaroskeun teh eta anu dimaksad ku nabi tea: Saha? Salirana ku anjeun atanapi anu lian?»
[35] Barabat ku Pilipus diterangkeun nepi ka Injil Isa, mimiti ti ayat anu bieu tea.
[36] Sabot kitu, aranjeunna nepi ka hiji tempat di sisi cai. Saur mantri jero, «Kaleresan, eta aya cai. Kumaha moal aya kaabotan upami simkuring dibaptis?»
[37] Pilipus, «Atuh mangga upami leres-leres percanten mah.» Walerna, «Kantenan, percanten pisan: Isa teh Putra Allah.»
[38] Reg karetana dieureunkeun, crub duanana, nya eta Pilipus jeung anjeunna ancrub ka cai; tuluy anjeunna dibaptis ku Pilipus.
[39] Pilipus mah, barang hanjat ti cai, teu katingal deui ku mantri jero lantaran digaibkeun ku Ruh Pangeran. Ti dinya, mantri jero, terus ngalajengkeun perjalanan bari pinuh ku kabingahan.
[40] Ari Pilipus terang-terang geus aya di daerah Asdod, terus kebat lalampahanana bari ngawawarkeun Injil sapanjang jalan nepi ka nagara Kesarea.