[1] Heuleut lima poe, Ananias Panghulu Agung tea, sumping ku anjeun ka gupernur; manehna dibarengan ku sawatara kokolot bangsa jeung pokrol saurang ngaran Tertulus, anu rek ngadakwa Paulus.
[2] Sanggeus Paulus disaur, galantang Tertulus ngelakkeun, kieu pokpokanana, «Bapa gupernur anu mulya. Kalayan berkah tarekah bapa gupernur, abdi-abdi teu kendat-kendat ginanjar kani'matan tur karaos, yen bangsa abdi aya dina kamajengan ku kawijaksanaan bapa gupernur.
[3] Eta sadayana, boh di mana bae sapapaosna estu katampi, kasuhun ku abdi-abdi sadaya.
[4] Ayeuna, supados waktos bapa henteu patos kaganggu, bade dibujeng enggalna bae seja nyuhunkeun sih citeres bapa gupernur anu parantos kakoncara, mugi kersa ngadangukeun ieu pihatur sakedap.
[5] Ieu jalmi teh parantos nyata jadi sasalad, tukang nagiwurkeun urang-urang Yahudi di sa-alam dunya, hiji ulon-ulon ti madhab agama Masihi.
[6] Malah kantos nyobi-nyobi menalkeun kasucian Bait Allah. Kitu kawitna, nu mawi ku abdi sadaya ditangkep, bade dihukum anu satimpal numutkeun hukum Toret bangsa Yahudi.
[7] Nanging kapegat ku komandan Lisias, eta jalmi teh dileupaskeun tina genggeman abdi-abdi.
[8] Saurna, upami bade ngadakwa mah, kedah ka Gupernur bae. Upami jinisna ku bapa diparios, tangtos baris ka uninga saniskanten pakelakan abdi sadaya ka dirina.»
[9] Kitu dakwaanana sarta dikuatkeun ku urang-urang Yahudi yen memang kitu duduk perkarana.
[10] Gupernur maparin isarah ka Paulus miwarang nyarita. Pok Paulus sasauran, «Ku margi Bapa Gupernur parantos mangtaun-taun ngatur ieu bangsa, simabdi moal asa-asa deui ngunjukkeun ieu perkawis.
[11] Bapa tangtos langkung tingali, simabdi aya di Yerusalem teh nembe dua welas dinten kalangkung, nya eta bade ngalakonan ibadah.
[12] Iraha tea simabdi sok kapendak papaduan, sumawonten ngarusuhkeun, boh di Bait Allah, boh di tempat pangibadahan, atanapi di tempat sanesna di kota.
[13] Aranjeunna sorangan moal tariasa ngabuktikeun pangdakwaanana.
[14] Nanging sumeja diangken pisan ku simabdi, yen sajeroning babakti ka Allah nu disembah ku karuhun simabdi sarerea teh, abdi nganut Jalan Lempeng; nya hiji agama anu ku aranjeunna disebut Madhab.
[15] Abdi ngagaduhan pangarep-ngarep ka Allah, sami sareng anu diarep-arep ku aranjeunna, nya eta pangarep-ngarep kana hudangna deui anu maraot, boh anu ibadah, boh nu doraka.
[16] Dumasar kana eta pangarep-ngarep, sapapaosna abdi teh ihtiar satekah polah supados hirup teh taya kuciwana di payuneun Allah; pon kitu deui ka sasama.
[17] Mangtaun-taun abdi lunta ti Yerusalem, wangsul deui teh sumeja amal ibadah ka sasama bangsa sareng bade ngalampahkeun kurban.
[18] Sabot ngalaksanakeun niat, nya eta nuju abdi aya di Bait Allah, kasampak ku urang-urang Yahudi ti Asia. Harita abdi teh nembe ngalakonan susuci,
[19] teu ngabantun jalmi seueur sareng henteu aya karusuhan. Ku emutan, pantesna mah anu ngadakwa teh, ya eta urang Yahudi anu ti Asia, upami aya tea mah kelakeunana.
[20] Nanging anu ayeuna parantos araya di dieu oge mangga teh teuing bade ngadakwa mah, naon dosa abdi anu kapendak ku aranjeunna nalika diparios ku Mahkamah Agama.
[21] Rupina anu dianggap dosa ku aranjeunna teh ku margi simabdi harita nyebatkeun kieu: Lantaran percaya kana pihudangeunana anu maraot, simkuring dijagragkeun ka ieu Mahkamah Agama.»
[22] Tapi lantaran Gupernur Peliks parantos apal kana seluk-belukna Jalan Lempeng, papariksaan ku anjeunna ditunda. Saurna, «Ieu perkara ku kami rek diputus upama komandan Lisias geus datang.»
[23] Geus kitu, anjeunna marentah ka perwira tea, supaya Paulus tetep ditahan, tapi tahanan enteng bae; bari saurna, bisi aya kanca mitrana anu niat ngalaladenan kaperluan anjeunna, ulah dihalang-halang.
[24] Sawatara poe ti harita, Gupernur Peliks sumping deui jeung Drusila geureuhana, urang Yahudi. Paulus disaur, ditimbalan nyaritakeun sual iman kapercayaanana ka Isa Al Masih.
[25] Barang ngabandunganana nepi kana sual bebeneran, sual mawas diri jeung sual hukuman aherat, anjeunna kacida sieuneunana; tuluy anjeunna sasauran ka Paulus, «Cukup, sakitu bae heula; jung, ka ditu deui. Mun kami aya waktu engke maneh disaur deui.»
[26] Sajeroning kitu, Gupernur Peliks teh dina manahna mah, ngarep-ngarep kana hadiah duit ti Paulus. Ku sabab eta, Paulus mindeng pisan disaur diajak gunem catur.
[27] Tapi heuleut dua tahun, gupernur teh diganti ku Perkius Pestus. Ari Paulus angger keneh diantep dina tahanan, dumeh Gupernur Peliks teh hayang kapake ku urang Yahudi.