Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 6:11

[1] «Dulur-dulur sareng bapa-bapa: Simkuring amit seja ngahaturkeun katerangan.»

[2] Ngadarenge anjeunna ngagunakeun basa Ibrani, jelema- jelema beuki jempe.

[3] Paulus neruskeun, «Simkuring teh bangsa Ibrani, lahir di Tarsus bawahan Kilikia, nanging digedekeun di dieu. Kenging didikan dina panalingaan ahli hukum jenengan Gamaliel, dididik enya-enya ngulik-ngulik palaturan Toret karuhun urang, nepi ka jadi jelema anu suhud ngalakonan parentah Allah, cara aranjeun ayeuna.

[4] Simkuring, bareto mah tukang nganiaya panganut-panganut agama anu ayeuna dianut ku simkuring, nepi ka maranehna naremahan pati. Nu ditangkepan ku simkuring mangpirang-pirang, awewe lalaki, dijeblos-jebloskeun ka pangbuian.

[5] Kalakuan simkuring anu kitu teh, kasaksian pisan ku Panghulu Agung; kitu deui, ku sarengrengan sesepuh. Sakali mangsa, simkuring dibahanan surat kawasa ku aranjeunna keur ka dulur-dulur sabangsa anu maratuh di Damsik. Iang teh ngandung niat seja newakan panganut-panganut eta agama, nya eta pikeun digiring ka Yerusalem sina diharukum.

[6] Sabot di jalan keneh, teu pati jauh deui ti Damsik; kira-kira wanci tengah poe, dumadakan simkuring kasorot ku hiji cahaya ti langit.

[7] Bluk bae, simkuring tibeubeut kana taneuh; teras aya soara anu ditujulkeun ka simkuring, pokna: ‹Saulus, Saulus! Ku naon maneh nganiaya ka Kami?›

[8] Simkuring ngawalon: Saha anjeun teh, Jungjunan? Ari waler-Na: ‹Kami teh Isa, urang Nasaret, nya anu keur dikaniaya ku maneh!›

[9] Babaturan anu marengan simkuring ge, sami naringal kana eta cahaya teh; ngan gentra tea mah, teu kadarengeeun.

[10] Sanggem simkuring: Nun Junjungan, kedah kumaha abdi teh? Waler-Na: ‹Geura cengkat, teruskeun ka Damsik. Engke, di ditu, ku Kami dibejaan naon pilampaheun.›

[11] Asup ka Damsik teh, dugi ka ditungtun-tungtun. Sabab urut kasorot cahaya teh, jadi teu tiasa ningal naon-naon.

[12] Di eta kota, aya hiji jalmi wastana Ananias. Anjeunna teh, jalmi ibadah anu tuhu kana hukum Toret sareng hade kasebutkeunana ku urang Yahudi anu maratuh di dinya.

[13] Anjeunna ngalayad ka simkuring, saurna: ‹Paulus, saderek sing bisa ningali deui.› Sapada harita keneh, simkuring bisa deui ningal, teras mencrong ka anjeunna.

[14] Saurna deui: ‹Saderek teh, ku Allah nu disembah ku karuhun urang, parantos dipilih malar ngartos kana pangersa-Na, supados weruh ka Nu Langkung Bener tea, sareng nguping gentra-Na tina lambey-Na ku anjeun.

[15] Margi, saderek teh, bakal dijieun saksi pikeun sagala perkara anu engke ku anjeun baris katingal sareng kakuping ti Mantenna.

[16] Ayeuna bade ngantos naon deui? Mangga urang baptis bari nyambat pajenengana-Na, supados dosa-dosa anjeun disucikeun.›

[17] Saterasna, waktu simkuring aya di Yerusalem, nya eta di Bait Allah; leng bae, simkuring kaancikan ku kawasa ilahi.

[18] Sajeroning kitu, breh bae, simkuring ningal Mantenna, ngadawuh kieu: ‹Buru-buru, ayeuna keneh, tinggalkeun Yerusalem. Sabab urang dieu, arembungeun ngadarenge katerangan maneh tina hal Kami.›

[19] Simkuring ngawangsul: Nun Gusti Jungjunan simabdi, maranehna tangtos tarerangeun, yen abdi teh, asalna tukang nganiaya sareng ngagusuran jalmi-jalmi anu aranut ka Anjeun ti tempat-tempat ibadah pikeun dijeblos-jebloskeun ka panjara.

[20] Kitu deui nalika pun Stepanus, sahid Gusti tea mandi getih, abdi oge ngiring nyakseni sarta nyatujuan bari mangnungguankeun papakean jalmi-jalmi anu maraehanana.

[21] Dawuhana-Na deui: ‹Indit bae, sabab maneh ku Kami rek diutus ka nu jauh, ka bangsa deungeun.›»

[22] Barang Paulus nyaritana nepi ka lebah dinya, — jelema-jelema anu tadina jempling teh — ger bae, tinggorowok, «Singkirkeun eta jelema teh ti alam dunya, hirup ge cumah bae!»

[23] Tinggorowokna teu eureun-eureun bari ngalung-ngalungkeun jubahna masing-masing jeung ngawur-ngawurkeun taneuh ngebul.

[24] Ku sabab eta, Paulus ku komandan diparentahkeun dibawa ka markas, arek dirangket supaya daek nerangkeun naon dosana pangna nepi ka sakitu dikakalakeunana.

[25] Barang geus dipentang, rek dirangket, Paulus sasauran ka hiji perwira di gigireunana, «Na wenang anjeun ngarangket warga nagara Rum tur perkarana acan dipariksa?»

[26] Si perwira terus laporan ka komandanna, pokna, «Bapa, eta jelema teh geuning warga nagara Rum. Ayeuna bade dikumahakeun?»

[27] Ti dinya komandan nyampeurkeun, mariksa ka Paulus, «Na enya maneh warga nagara Rum?» Walon Paulus, «Yaktos.»

[28] Saur komandan, «Kami mah jadi warga nagara Rum teh beunang meuli mahal kacida.» Walon Paulus, «Simkuring mah memang turunan.»

[29] Nu rek ngarangket terus undur, teu tulus ngarangketna. Barang nyaho, yen Paulus teh warga nagara Rum; eta komandan teh, malik risi.

[30] Tapi anjeunna, ngarasa wajib nalungtik; naon saenyana dosa Paulus ka urang-urang Yahudi teh. Ku sabab eta, isukna Paulus dikaluarkeun tina tahanan, barogodna dilesotkeun. Geus kitu, komandan nyaur imam-imam kapala katut rengrengan Mahkamah Agama; tuluy Paulus dijagragkeun sina dipariksa.

Carios Padamelan — Chapters