Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 11:38

[1] Panghulu Agung mariksa, «Enya kitu, eta dakwaan teh?»

[2] Stepanus ngawalon, «Saderek-saderek sareng bapa-bapa sadaya, darangukeun. Allah, anu Maha Mulya, ngebrehkeun salira ka Ibrahim, rama karuhun urang, di Mesopotami; samemeh anjeunna ngalih ka tanah Haran.

[3] Kieu timbalana-Na: «Geura incah ti lemah cai lembur kiwari, tinggalkeun babarayaan. Teang hiji nagri, anu baris dituduhkeun ku Kami.»

[4] Ibrahim jengkar ngantunkeun tanah urang Kasdim, teras mukim di tanah Haran. Saparantos ramana pupus, ku Allah ditimbalan ka dieu, nya ka tempat pamatuhan aranjeun ayeuna.

[5] Nanging anjeunna henteu dipasihan tanah sacangkewok-cangkewok acan, mung dijangjian wungkul, yen ieu tanah tanwande jadi milik anjeunna sareng turunanana. Padahal harita anjeunna teu acan kagungan putra.

[6] Kieu dawuhan Allah teh, nya eta: Turunan anjeunna baris nyiruruk di tanah deungeun, dibudakkeun, sareng dikakaya ku eta bangsa salami opat ratus taun.

[7] Tapi bangsa anu nganiayana, moal henteu dihukum ku Kami; saterusna, maranehna bakal budal ti pangumbaraan baris babakti ka Kami di ieu tempat.

[8] Ibrahim, ku Allah, dipaparin sarat sunat. Kitu nu mawi saparantos anjeunna puputra Isak, putrana oge dina yuswa dalapan dinten disepitan. Isak puputra Yakub, Yakub puputra dua belas urang, anu jadi luluhur urang sadaya.

[9] Luluhur-luluhur urang sirik dengki ka Yusup, raina. Yusup dijual ka Mesir, nanging Yusup diaping ku Allah.

[10] Ahirna, Yusup dikersakeun leupas tina kabalangsakan tur mendak kurnia sareng dikersakeun pinter wijaksana di payuneun Piraon raja Mesir. Ku Piraon dijenengkeun raja anom, ngurus nagri Mesir sareng saeusi karaton.

[11] Salajengna, timbul bahla kalaparan di sakuliah Mesir sareng tanah Kanaan, anu tigeratna, nepi luluhur karuhun urang teu mendak pisan bahan tedaeun.

[12] Aya wartos ka Yakub yen di Mesir aya gandum; lajeng Yakub ngajurung karuhun urang ka ditu; eta teh, iangan anu ngawitan.

[13] Dina iangan kadua kalina, aranjeunna ditepangan ku Yusup anu ngenalkeun anjeun, dugi ka Piraon uningaeun kana asal-usul Yusup.

[14] Yusup ngangkir Yakub, ramana, ka Mesir katut wargi-wargina; sadayana aya tujuh puluh lima jalmi.

[15] Yakub jengkar sareng matuh di Mesir. Anjeunna, kitu deui karuhun-karuhun urang, parupusna di Mesir.

[16] Nanging dikurebkeunana mah di tanah Sekem, di hiji pajaratan kenging ngagaleuh Ibrahim ti anak ki Hemor urang Sekem.

[17] Beuki caket kana laksanana jangji Allah ka Ibrahim tea, bangsa urang di Mesirna wuwuh jembar;

[18] tug, dugi ka jumenengna raja Mesir anu anyar, anu sama sakali henteu uningaeun ka Yusup.

[19] Eta raja, ngatur tipu daya pikeun ngagencet bangsa urang. Karuhun urang diteungteuinganan, orok-orok bangsa urang diparentah kedah dipiceun, supados bangsa urang ulah ngarekahan.

[20] Nya dina jaman eta, Musa dibabarkeun; kasepna teh kabina-bina. Dirorokna di bumi ibu ramana teh mung kenging tilu sasih, teras bae dipiceun.

[21] Saparantos dipiceun, Musa, dipulung ku putri Piraon, tuluy diasuh sareng diasih lir ka putra ku anjeun.

[22] Ku putri, Musa, dipiwarang dididik sareng diwulang elmu panemu urang Mesir, nepi ka perceka, pinter nyarita, sarta ageung pangaruhna.

[23] Musa, dina yuswa opat puluh taun, jorojoy kahoyongna maluruh kaayaan dulur-dulur sabangsana, bangsa Israil.

[24] Hiji waktos, anjeunna ningali urang Israil anu dipahala ku urang Mesir, enggal dibelaan, ku jalan urang Mesirna dipaehan.

[25] Dina panggalihna, tangtos dulur-dulur sabangsa teh baris ngartos yen anjeunna dikersakeun ku Allah pikeun nyalametkeun bangsana; nanging panggalihna mencog.

[26] Enjingna deui, anjeunna ningali urang Israil duaan garelut, enggal disapih saurna, ‹Dulur-dulur, ku naon garelut silih pahala pada bangsa?›

[27] Nanging ku anu saurang, nya eta anu lepat tea, Musa disuntrungkeun bari sanggemna:

[28] ‹Na saha anu ngangkat anjeun jadi kapala jeung hakim urang! Rek maehan deuih, ka kuring, cara kamari maehan urang Mesir?›

[29] Kenging walonan kitu Musa enggal kabur, nyiruruk di tanah Midian. Di dinyana puputra dua, lalaki sadayana.

[30] Heuleut opat puluh taun, anjeunna ningali malaikat nembongan di Gunung Sinai, di tegal keusik, dina seuneu hurung anu ngagedur dina rungkun cucuk.

[31] Atuh kalintang heraneunana. Lajeng nyaketan hoyong nyidikkeun, nanging aya gentra Pangeran, dawuhana-Na:

[32] ‹Kami teh Allah nu disembah ku karuhun maneh, nya eta Allah nu disembah ku Ibrahim, Isak, jeung Yakub.› Musa dugi ka ngadegdeg sareng teu wantuneun ningali.

[33] Allah nimbalan deui, ‹Laan tarumpah maneh sabab tempat anu ditincak ku maneh teh, suci.

[34] Kami nyaho pisan yen kaayaan umat Kami di Mesir teh balangsak; Kami ge, geus ngadenge rarumahuhna. Ayeuna Kami turun rek ngaleupaskeun. Ku sabab eta, hiap, maneh rek diutus ka Mesir.›

[35] Musa, anu ku jelema kantos ditolak ku omongan, ‹Na saha anu ngangkat anjeun jadi pamingpin jeung hakim teh?› Nanging ku Allah, anjeunna anu diutus jadi pamingpin jeung anu ngaleupaskeun bani Israil; kalayan pitulung malaikat anu tembong tina rungkun cucuk tea.

[36] Nya anjeunna anu mingpin budalna urang Israil, ku jalan ngayakeun tanda-tanda sareng kaahengan-kaahengan di Mesir, di Laut Kolsum, sareng di tegal keusik salami opat puluh taun.

[37] Nya anjeunna oge, anu ngalahir yen, ‹Maraneh ku Gusti Allah bakal dibere hiji nabi anu saperti kami, asal ti maraneh keneh.›

[38] Nya anjeunna keneh, anu sasauran dina pajemuhan di tegal keusik, jadi perantara antawis karuhun urang sareng malaikat anu ngalahir di Gunung Sinai tea. Nya anjeunna anu ngemban dawuhan-dawuhan, pangandika anu hurip nu baris ditepikeun ka aranjeun.

[39] Nanging ku karuhun urang henteu diturut, anjeunna ditolak; karuhun urang anggur malik tibelat ka Mesir.

[40] Salajengna, maranehna meredih ka Harun, ‹Cik pangdamelkeun arca-arca aallahan pikeun lulugu urang; margi Musa, anu ngabudalkeun urang ti Mesir teu sumping-sumping, duka katarajang naon.›

[41] Nya lajeng maranehna ngadamel hiji arca anak sapi tea; teras si berhala bubuatanana sorangan teh, disasajenan sareng dipuja-puja.

[42] Kitu nu mawi, lajeng ku Allah ditilar, diantep sina nyarembah ka dangiang-dangiang, cocog sareng anu kaserat dina kitab nabi-nabi: ‹Na osok maraneh, sajero opat puluh taun di gurun alas mere pangbakti atawa kurban peuncitan ka Kami, eh, bani Israil?

[43] Tara! Maraneh anggur mamawa tempat si Molok jeung bebentangan dewa Repan! Sesembahan maraneh arca. Ku sabab eta maraneh ku Kami baris dibuang ka beh ditueun tanah Babul.›

[44] Di karuhun urang, di gurun alas, aya Kemah Suci anu dipidamelna numutkeun pituduh Allah ka Musa.

[45] Nalika ngarebut ieu tanah, ti bangsa lian anu diusir ku Allah ti hareupeun karuhun, dina pingpinan Yosua; eta Kemah teh ngiring dibantun ka ieu tanah, tug dumugi ka jaman Daud.

[46] Daud, anu ginuluran rahmat kurnia Allah, mundut diwidian ngadegkeun wangunan kanggo panglinggihan Allah nu disembah ku Yakub.

[47] Nanging Sulaeman, anu kalaksanakeun ngadegkeunana mah.

[48] Nanging Anu Maha Agung mah tangtos moal linggih di tempat kenging nyieun jalmi, sakumaha saur nabi:

[49] ‹Singgasana Kami teh, langit; sedengkeun tatapakan suku Kami, nya eta bumi. Imah nu kumaha, nu ku maneh rek dijieun pikeun Kami?› — timbalan Pangeran — ‹atawa tempat nu kumaha pikeun Kami reureuh teh?

[50] Eta sakabeh, naha lain beunang leungeun Kami?›»

[51] «Aranjeun teh bangsa bedegong, hate jeung ceuli teu disunat, teu diberesihan. Sapapanjangna ngalawan ka Ruh Allah, saruana jeung nu jadi karuhun.

[52] Nabi mana anu henteu dikaniaya ku karuhun aranjeun? Sadayana dipaehan, oge iber-iber anu ngiberan pisumpingeunana Sampurnaning Manusa teh, ku aranjeun dihianat tug dumugi ka dipaehan pisan.

[53] Kalayan jalan anu aheng aranjeun dipaparin kitab Toret, katampina ti panangan para malaikat, nanging ku aranjeun teu dipake!»

[54] Barang anggota-anggota Mahkamah Agama ngadarenge omongan sarupa kitu, mani ngagalidir awakna bari tikekereket.

[55] Ari Stepanus, anu pinuh ku Ruh Allah, tanggah ka langit; breh ningal kamulyaan Allah jeung Isa ngadeg di tengeneun Allah.

[56] Pok sasauran, «Tuh, simkuring ningal langit muka. Putra Manusa katingal nuju ngadeg di tengeneun Allah!»

[57] Dijawab ku nu tingsaroak bari nyarocokan ceuli, breg bae anjeunna diambreg;

[58] tuluy anjeunna disered ka luareun kuta; geus kitu, maranehna pada maledogan, ka anjeunna, ku batu. Nu keur narapsu teh, maruka jubahna; suk-sok, jarubahna teh, diteundeunan deukeut hiji budak ngora ngaran Saulus.

[59] Stepanus sasambat, «Nun Isa, Gusti Jungjunan simabdi, mugi tampi nyawa abdi.»

[60] Bari sideku anjeunna ngagero, «Nun Gusti Pangeran, ieu jalmi-jalmi teh mugi dihampura!» Geus kitu les bae lastari.

Carios Padamelan — Chapters