Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 7:59

[1] Sanggeusna diputus yen kudu diiangkeun ka Itali, Paulus jeung sawatara sakitan deui dipasrahkeun ka hiji perwira ti resimen Prabu ku anjeun, ngaranna Yulius.

[2] Simkuring sabatur-batur diunggahkeun kana kapal anu ti Adramiti, nu rek balayar ka palabuan-palabuan sapanjang basisir Asia. Aya deui batur saurang nya eta Aristarkus urang Makedoni ti Tesalonika.

[3] Poe isukna, simkuring sabatur-batur anjog ka palabuan Sidon. Kabeneran Yulius teh bageur ka Paulus, ngidinan anjeunna nepungan heula sobat-sobat sina marekelan.

[4] Ti Sidon, ku lantaran kapal mapag angin, jadina balayar teh malipid pulo Siprus.

[5] Sanggeus ngaliwatan laut hareupeun basisir Kilikia jeung Pampilia, kapal anjog ka palabuan Mira di tanah Likia.

[6] Di dinya simkuring sabatur-batur dipindahkeun kana kapal anu tas ti nagri Aleksandri seja terus ka Itali.

[7] Meunang sababaraha poe, balayar teh, meh taya lajuna. Hayang ngahontal kota Kenidos oge, mehmehan teu sanggup. Ku sabab angin angger goreng bae, kapal teh jalanna mipir-mipir basisir pulo Kreta liwat Tanjung Salmone.

[8] Sanggeus hese beleke ngaliwatan eta tanjung; jol bae, di hiji tempat anu ngaranna Palabuan Endah, deukeut kota Lasea.

[9] Tapi waktu teh, geus loba pisan kapiceunna. Sabab geus liwat usum puasa jeung lamun diteruskeun balayar teh loba pikarempaneunana. Ku sabab eta, Paulus mepelingan kieu,

[10] «Batur-batur! Cek pangrasa kuring perjalanan urang teh baris balangsak jeung karurugian, lapur barang lapur umur.»

[11] Tapi opsir mah, leuwih percaya ka jurumudi jeung nangkoda batan ka Paulus.

[12] Sabab eta palabuan teh, kurang hade dipake pangeureunan dina musim es mah. Panumpang-panumpang oge, karereaanana mah, rempugna supaya terus; sugan bisa nepi ka kota Penik, eureun didinya bae. Penik teh, kota palabuan pulo Kreta anu nyanghareupna ngidul ngulon jeung ngaler ngulon nyela bumi.

[13] Pareng datang angin leuleuy kawas nu ngajurung maksud. Tuluy ngangkat jangkar terus balayar mapay sisi-sisi basisir pulo Kreta.

[14] Ari teu lila, gelebug teh, angin ribut ti darat anu disebutna angin «Kaler Wetan».

[15] Kapal henteu tahan nadah angin ti hareup. Tuluy digubag-gabigkeun ku eta angin, nya antukna mah diantep; sarerea teh pasrah kana kadar.

[16] Saterusna, kapal kapalidkeun ka hiji pulo leutik nu ngaranna pulo Kauda. Lebah dinya, sabisa-bisa diihtiarkeun nyalametkeun sampan.

[17] Sanggeus sampan bisa kajait, kapalna dipalincang ku tambang. Ku sabab sieun neumbrag karang anu ngaran Karang Sirtus, layar digulung sarta kapal diantep luak-leok saparan-paran.

[18] Ku sabab kapal pohara galuang-galeongna, isukna, barang-barang muatan dipiceunan ka laut.

[19] Malah katilu poena deui mah, pakakas-pakakas kapal oge dihaja dialung-alungkeun ka laut.

[20] Srangenge geus sababaraha poe teu tembong-tembong; bentang taya hiji-hiji acan; angin ribut ngamuk terus, nepi ka sarerea geus pada nyamarkeun maneh kana salamet.

[21] Geus mangpoe-poe taya nu inget dahar-dahar acan. Geus kitu, Paulus ngingetan, saurna, «Dulur-dulur, mun kamari ieu nurut mah kana omongan kuring ulah waka ninggalkeun pulo Kreta, moal balangsak kieu jeung moal kungsi karurugian kawas ayeuna.

[22] Tapi najan kaayaan siga kieu, pamenta kuring aranjeun ulah pegat pangharepan. Moal, moal aya anu tiwas, ngan ari kapal mah moal katulungan.

[23] Terang baris kitu soteh, tadi peuting aya malaikat Pangeran ka kuring, nya eta ti Allah anu disembah jeung anu kagungan jiwa raga kuring.

[24] Saur anjeunna: ‹Ulah salempang, Paulus! Maneh pasti baris jagrag ka Prabu. Malah babaturan sakapal oge geus dipiwelas ku Allah, bakal saralamet ku karana maneh.›

[25] Ku hal eta, sing tararabah dulur-dulur! Kuring beak-beak nya percaya ka Allah yen kabeh bakal ngabukti, moal mencog ti anu didawuhkeuna-Na.

[26] Ngan ari kapal mah geus pasti kandas di salah sahiji pulo.»

[27] Nepi ka maleman kaopat belas, ti barang ditempuh ku angin ribut, kapal masih angkleung-angkleungan di Laut Adriatik. Tapi dina tengah peutingna, ku kalasi-kalasi karasa yen kapal asa nyampeurkeun daratan.

[28] Tuluy maranehna nyemplungkeun batu pangjugjug, kanyahoan jerona aya dua puluh deupa. Maju saeutik deui dijugjugan deui, ngadeetan jadi lima belas deupa.

[29] Ku sabab sieun kandas kana karang, tuluy labuh jangkar — opat jangkar — beulah tukang, bari ngarep-ngarep hayang geura beurang.

[30] Tapi kalasi-kalasi arek maringgat ti kapal, narurunkeun sampan pura-pura rek nurunkeun jangkar hareup.

[31] Ku Paulus dipopoyankeun ka opsir saperjuritna, saurna, «Upami maranehna diantep naringgalkeun kapal, taya harepan aranjeun bisa salamet.»

[32] Geuwat sampanna ku perjurit-perjurit ditilas; tuluy eta sampan, diantep ngangkleung sorangan.

[33] Wanci rek bray beurang, Paulus ngingetan sarerea yen kudu dalahar. Saurna, «Geus opat belas poe aranjeun teu kararaban naon-naon, balas ngarep-ngarep salamet.

[34] Geus meujeuhna, ayeuna mah dalahar heula bae. Paksakeun malar jagjag. Sing percaya, moal sakara-kara, moal aya nu leungit buuk-buuk acan najan salambar.»

[35] Anjeunna nyontoan nyandak roti sawatara siki, tuluy ngadu'a ka Allah, kasaksian ku sarerea. Sanggeus rotina disemplek-semplek terus didahar.

[36] Geus kacontoan mah, maranehna jadi tarareteg hatena, tuluy sarerea dalahar.

[37] Kabehna, nu araya di kapal teh, dua ratus tujuh puluh genep urang.

[38] Sanggeus dalaharna sarareubeuh, muatan gandumna dipiceun ka laut ngarah kapal ngahampangan.

[39] Barang bray, beurang, tembong aya teluk anu basisirna ngampar, teu nyarahoeun ngaranna mah pulo naon. Kabeh rempug arek balabuh di dinya sabisa-bisa.

[40] Tali jangkar ditilas, jangkarna diantep ngerelep ka dasar laut. Tali kamudi diudar, tuluy nebengkeun layar hareup, supaya kapal katebak angin ka basisir.

[41] Tapi kapal, ujug-ujug ngagesruk teu bisa maju, kandas kana dasar laut anu munjul. Eta kapal, beulah hareupna nyeblok pageuh teu obah-obah; ari ti tukang mah, diteumbragan ku ombak nepi ka amburadul.

[42] Kahayang serdadu-serdadu mah, sakitan-sakitan teh diparaehan bae sina peren kabeh, bisi ngarojay terus maringgat.

[43] Tapi perwirana mah, ku sabab hayang nyalametkeun Paulus, marentah supaya anu barisa ngojay mah, ngarojay bae ti heula ka darat.

[44] Nu teu barisa ngojay, kudu nyusul muntang kana papan-papan atawa naon bae bebejadan kapal. Gancangna, sarerea geus araya di darat kalawan salamet.

Carios Padamelan — Chapters