Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 9:16

[1] Di nagri Kesarea, aya hiji opsir pasukan Itali, ngaranna Kornelius.

[2] Anjeunna teh hade lampah jeung getol tapakur; anjeunna, sakulawarga, ajrih ka Allah jeung mindeng mere derma ka bangsa Yahudi.

[3] Dina hiji sore, kira-kira wanci pukul tilu, aya malaikat nembongan ka anjeunna, bari nyaur, «Kornelius!»

[4] Sieun-sieun oge Kornelius ngawalon bari neuteup, «Aya pikersaeun naon, Gusti?» Waler malaikat, «Do'a paneda maneh geus tepi ka hadirat Allah jeung geus meunang sapaat-Na.

[5] Geura nitahan jelema ka kota Yopa, angkir jalma anu ngaran Simon anu katelah Petrus.

[6] Ayeuna, anjeunna keur aya di imah tukang ngawidang kulit ngaran Simon keneh, pernahna di sisi laut.» Geus kitu malaikat teh mulih.

[7] Gancangna Kornelius nyalukan bujangna duaan jeung hiji serdadu anu geus kadeuheus.

[8] Maranehna diparentah ka Yopa, harita keneh, sanggeus dibejaan naon kaperluanana.

[9] Poe isukna, waktu jurungan geus deukeut ka kota, Petrus unggah ka loteng — anu aya di hateup imahna nu papak — seja tapakur.

[10] Bet ngadadak anjeunna ngaraos lapar. Tapi sabot disadiakeun, leng bae pana ku pangawasa ilahi.

[11] Anjeunna ningal langit muka sarta katenjo aya nu jiga lawon rubak, — anu ditalian dina kaopat juruna — diturunkeun nepi kana taneuh.

[12] Eusina lawon teh, nya eta rupa-rupa sato boh bangsaning suku opat, boh nu ngarayap, jeung bangsa manuk oge.

[13] Ngong aya soara kieu, «Geura hudang, Petrus! Heug peuncit, heug dahar eta sato teh!»

[14] Waler Petrus, «Palias Gusti! Abdi mah tara neda barang haram atanapi anu najis.»

[15] Ngong deui soara, «Anu geus dihalalkeun ku Allah, ku maneh teu meunang diharamkeun.»

[16] Kitu jeung kitu bae, nepi ka tilu balikan. Geus kitu, eta barang teh, gancang bae dipulut deui ka langit.

[17] Petrus mikiran, hal eta teh, naon pihartieunana. Sabot kitu, jurungan Kornelius geus narepi, nya eta araya di hareupeun panto, bari maluruh,

[18] «Leres kitu, bapa Simon anu katelah Petrus teh di dieu calikna?» carek maranehna ka hiji jelema di dinya.

[19] Ari Petrus masih keneh mikiran titingalanana tea. Tuluy Ruh nimbalan ka anjeunna, «Tuh, aya nu nareangan duaan.

[20] Buru-buru tepungan ku maneh, ka handap; tuluy maneh kudu milu jeung maranehna. Lian ti eta, maneh ulah rumegag sabab ka darieuna teh dititah ku Kami.»

[21] Jut, Petrus turun nepungan. «Ieu bapa,» saurna, «aya naon anu diseja?»

[22] Jurungan ngawalon, «Nu mawi, ngadeuheus teh ngemban piwarangan Kornelius, opsir anu luhur budi. Anjeunna disumpingan malaikat anu ngemban pidawuh Allah, dipiwarang ngangkir bapa ka bumina; anjeunna seja ngalap piwulangna bapa.»

[23] Semah ku Petrus diaku sina mareuting di anjeunna. Poe isukna, bral, anjeunna miang jeung nu ngangkir, dibarengan ku sawatara urang Yopa anu saiman.

[24] Isukna, anjeunna sabatur-batur geus aranjog ka Kesarea, nya keur meujeuhna diarep-arep ku Kornelius nu geus ngangkiran sanak baraya jeung sobat-sobatna.

[25] Gancang-gancang Petrus ku Kornelius diboro, terus disembah bari sideku.

[26] Tapi ku Petrus, geuwat bae anjeunna diajak nangtung. Saurna, «Ngadeg bae, bapa mah jalma biasa.»

[27] Sup, aranjeunna arasup bari cacarios pikeun nepungan anu di jarero imah.

[28] Saur Petrus ka pribumi, «Dulur-dulur aruninga yen urang Yahudi henteu pisan kenging gaul atanapi natamu ka anu sanes Yahudi deui. Tapi bapa parantos diisaratan ku Allah, dawuhana-Na, ‹Poma ulah nganggap najis atawa haram ka pada jalma.›

[29] Atuh waktu diteang teh, bapa henteu rumegag deui; teras bae bapa ka dieu. Ayeuna bapa seja tumaros, naon pasejaanana neang bapa teh?»

[30] Waler Kornelius, «Opat dinten kalangkung, kinten-kinten wayah kieu, — tabuh tilu sonten — abdi teh tapakur.

[31] Jleg, aya malaikat ngadeg hareupeun. Panganggona murub mubyar. ‹Kornelius,› saurna, ‹do'a paneda maneh geus tepi ka hadirat Allah; kitu deui amal sidekah maneh, geus meunang sapa'at di payuneuna-Na.

[32] Geura nitahan jelema ka Yopa, angkir Simon anu katelah Petrus, anu keur aya di imah tukang ngawidang kulit ngaran Simon keneh, anu pernahna di sisi laut.›

[33] Enggal-enggal abdi ngajurungan rencang ka bapa. Hatur nuhun, bapa parantos luntur manah kersa sumping. Ieu anu karempel di payuneun Allah, sadayana ngajeng-ngajeng pisan sumeja ngarupingkeun dawuhan Allah anu diemban ku bapa.»

[34] Pok, Petrus muka carita, saurna, «Ayeuna ku bapa kaharti, yen mungguh Allah mah teu ngabeda-beda umat.

[35] Unggal jalma, bangsa naon bae, anu ajrih ka Anjeunna jeung ngamalkeun kahadean, tangtos baris diangkeun.

[36] Hal ieu teh, — Dawuhan Anjeunna tea — kudu ditepikeun ka bani Israil, nya eta pangandika anu mawa katengtreman jiwa ku karana Isa Al Masih nu jadi Gustining sakumna jalma.

[37] Saderek-saderek oge, tangtos aruninga kana kajadian-kajadian di tanah Yudea anu diawitanana di Galilea, sanggeus diayakeun baptisan nu diembarkeun ku Yahya.

[38] Hal ieu teh, nya ngeunaan Isa Al Masih, — urang Nasaret tea — anu parantos diistrenan ku Allah, ku jalan maparin Ruh Allah sarta kakawasaan. Lajeng, Anjeunna teh ngider bari ngamalkeun kahadean jeung nyageur-nyageurkeun sakur anu digenggem ku kawasa Iblis. Sabab Anjeunna, disarengan ku Allah.

[39] Nya bapa sapara kanca anu geus nyaraksian kana sakur padamelana-Na, tug, nepi ka pupus-Na pisan; Anjeunna diperlaya ku urang Yahudi, nya eta ku jalan digantung dina tihang gantungan.

[40] Nanging dina poe anu katilu, Isa teh ku Allah digugahkeun deui tina pupus-Na sarta diwidian nembongan.

[41] Sanajan kitu, nembongana-Na teh, henteu ka sadayana. Tapi ngan ukur ka saksi-saksi-Na bae, — anu ti samemehna keneh parantos ditangtoskeun ku Allah, nya eta ka bapa sapara kanca — anu kungsi dahar nginum jeung Anjeunna sanggeus Anjeunna digugahkeun deui ti antara anu geus maraot.

[42] Bapa sapara kanca, ku Anjeunna, dipapancenan kedah mere embaran sareng panyaksen ka bangsa sakumna; yen Anjeunna teh, ku Allah parantos dijenengkeun Hakimna sakumna jalma, boh anu harirup keneh, boh anu geus maraot.

[43] Kitu oge, Nabi-nabi, sadayana sami maparin panyaksenna tina perkawis salira Anjeunna, nya eta sing saha anu percaya ka Anjeunna bakal dihampura dosana ku karana pajenengana-Na.»

[44] Sabot Petrus cacarios, Ruh Allah lungsur ka nu keur karumpul ngabarandungan.

[45] Pangiring Petrus ti Yopa, nya eta rencang-rencangna anu saiman ti golongan anu disunat, bati arolohok; pamikirna, geuning bangsa sejen oge sarua ginuluran Ruh Allah.

[46] Sabab sajeroning ngamulyakeun Allah teh, maranehna, cacaritana ku basa roh.

[47] Petrus sasauran deui, «Saupama ieu dulur-dulur ayeuna marenta dibaptis ku cai, naha aya anu seja mapalangan? Margi geus bukti maranehna geus nararima Ruh Allah sarua jeung urang-urang!»

[48] Geus kitu Petrus ngahaturanan maranehna, supaya dibaraptis kalawan pajenengan Isa Al Masih. Sanggeus kitu, Petrus, ku maranehna diandeg, nya pikeun sosonoan heula. Di dinya, anjeunna, meunang sababaraha poe.

Carios Padamelan — Chapters