[1] Dina poe Pentakosta, sakabeh jelema-jelema anu geus percaya, karumpul di hiji tempat.
[2] Dumadakan aya sora ti langit, ngaguruh lir angin barat; sorana minuhan sakuliah imah anu keur dicaralikan tea.
[3] Breh bae, katembong ku aranjeunna, aya anu pating suliwer mangrupa letah-letah anu harurung lir seuneu; tuluy eta letah-letah anu harurung lir seuneu teh areunteup ka aranjeunna.
[4] Eta teh cirining yen aranjeunna geus kalinggihan Ruh Allah; tuluy bae, aranjeunna teh salasauran dina rupa-rupa basa numutkeun gerak ti Ruh Allah tea.
[5] Harita, di Yerusalem loba urang Yahudi anu saraleh; marenehna teh, daratang ti sakuliah dunya.
[6] Waktu aya sora ngaguruh kitu teh, maranehna tuluy ngagarimbung; barang ngadarenge rasul-rasul sasauran dina basa maranehna, masing-masing, pohara hareraneunana.
[7] Cek maranehna bari rungah-ringeuh, «Lain urang Galilea tea maranehna teh?
[8] Na geuning kadengena teh cacarita ku rupa-rupa basa, nurutkeun basa urang masing-masing?
[9] Nu karumpul di dieu teh, kapan aya anu ti Partia, ti Media, ti Elam, ti Mesopotami, ti Yudea, ti Kapadokia, ti Pontus, ti Asia,
[10] ti Prigia, ti Pampilia, ti Mesir, ti wilayah-wilayah Libia nu dareukeut ka Kirena, jeung aya oge anu ti nagri Rum.
[11] — boh urang Yahudi, boh anu ngaragem agama Yahudi — kitu deui, urang Kreta jeung urang Arab pada ngadenge maranehna cacarita dina basana masing-masing, nyaritakeun padamelan-padamelan Allah anu araheng.»
[12] Maranehna tingpelengek semu bingung, silih tanya pada batur,
[13] «Alamat naon ieu teh?» Tapi cek nu sawareh deui mah, bari semu moyok, «Kabeh ge jelema mabok eta teh, loba teuing nginum anggur!»
[14] Neut Petrus ngadeg, dibarengan ku sabelas rasul sejenna, pok nyarios tarik, «Dulur-dulur, urang Yahudi jeung sakur anu maratuh di Yerusalem! Muga barandungan, simkuring rek nyarita.
[15] Sangkaan aranjeun yen simkuring sarerea mabok teh, teu bener. Ayeuna teh kakara pukul salapan.
[16] Ieu kajadian saenyana geus didawuhkeun ku Allah, ku perantaraan Nabi Yoel, anu kieu tea:
[17] Kieu dawuhan Allah: Engke dina jaman ahir, Kami rek ngucurkeun Ruh Kami ka sakabeh manusa; anak maraneh, boh lalaki, boh awewe, bakal barisa narubuwat, barudak ngorana mareunang ilapat, nu karolotna baris mareunang tetenjoan dina impian-impian.
[18] Jeung dina jaman ahir tea, Kami arek ngucurkeun Ruh Kami ka abdi-abdi Kami boh anu lalaki, boh anu awewe; maranehna bakal narubuwat.
[19] Sarta di luhur, di langit, Kami rek ngayakeun mujijat-mujijat, ari di handap, di bumi, rek ngayakeun tanda-tanda: getih, seuneu, jeung haseup meledug.
[20] Panonpoe bakal robah, ngajadi poek ngajumbleng, bulan ngajadi getih, samemeh datang mangsa rawuhna Gusti Jungjunan urang dina poe anu agung tur mulya.
[21] Sing saha anu nyambat ka pajenengan Gusti, tangtu baris disalametkeun.
[22] Eh, urang Israil, barandungan ieu omongan simkuring! Anu dimaksud ku simkuring, nya eta Isa ti Nasaret tea. Anjeunna geus ditangtukeun ku Allah tur geus dibuktikeun ka aranjeun ku rupa-rupa pangawasa jeung mujijat. Kitu deui, ku tanda-tanda dadamelan Allah anu dilaksanakeun ku perantaraan Anjeunna, sakumaha anu geus kasaksian ku sarerea.
[23] Anjeunna, ku Allah diselehkeun, cocog jeung maksad katut rarancang-Na; Anjeunna digantung dina salib sarta ditelasan ku aranjeun, ku jalan nginjeum leungeun ka jelema-jelema anu daroraka.
[24] Tapi ku Allah, Anjeunna geus digugahkeun deui, leupas tina siksaan maot. Sabab mustahil, Anjeunna bisa kagenggem ku kawasa almaot.
[25] Tur hal ieu teh sapagodos jeung anu geus disaurkeun ku Daud kieu: Simabdi sapapaosna madep ka Pangeran, Anjeunna ngadeg di katuhueun abdi; abdi moal unggut kalinduan.
[26] Kitu nu mawi hate abdi pinuh ku kabingahan, jiwa abdi surak gerah; raga pasrah sumerah, ayem tengtrem dina pangharepan ku ayana jangji-jangji Allah;
[27] wireh nyawa ku Gusti moal diserenkeun ka alam maot, Gusti moal ngantep abdi-Na nu satia ruksak binasa.
[28] Gusti ka abdi nuduhkeun jalan kana hirup, di payuneun pangersa, abdi tangtos ngaraos bagja.
[29] Dulur-dulur! Simkuring seja satarabasna bae, nyaritakeun hal Daud karuhun bangsa urang ka aranjeun. Anjeunna parantos pupus sarta dikurebkeun; makamna ge, aya keneh nepi ka ayeuna.
[30] Tapi anjeunna teh nabi, uninga yen Allah geus jangji kalawan sumpah, baris ngajenengkeun dina tahtana saurang ti antara seuweuna ku anjeun.
[31] Ku kituna, anjeunna teh geus uninga ti anggalna. Jadi, anjeunna iasa nyaurkeun hal pigugaheunana Al Masih; sakumaha kasauranana anu nyebatkeun, yen Anjeunna moal dikantunkeun aya di alam maot sarta salira-Na moal keuna ku ruksak.
[32] Nya Isa anu eta, anu geus digugahkeun deui ku Allah teh sarta simkuring sarerea saksina.
[33] Sanggeus Anjeunna dijungjung ku panangan tengen Allah sarta nampi Ruh Allah anu geus dijangjikeun tea; kiwari, eta Ruh teh, ku Anjeunna dikucurkeun; sakumaha anu ayeuna kataringal jeung kakaruping ku aranjeun.
[34] Daud teh henteu munggah ka sawarga, malah Daud ku anjeun sasauran kieu: Pangeran ngadawuh ka Gusti Jungjunan kaula:
[35] Geura calik di katuhueun Kami, nepi ka musuh-musuh Hidep ku Kami dijieun jojodog titincakan Hidep.
[36] Ku sabab eta, sakumna bangsa Israil kudu terang kalawan pasti, yen Isa anu ku aranjeun geus dihukum gantung teh ku Allah geus dijenengkeun Gusti Jungjunan jeung Al Masih.»
[37] Barang ngadarenge hal eta, jelema-jelema teh mani tinghareruk ngarasa kagagas. Tuluy maranehna naranyakeun ka Petrus jeung ka rasul-rasul sejenna, «Kedah kumaha atuh simkuring teh, dulur-dulur?»
[38] Diwaler ku Petrus, «Kudu tarobat jeung kudu daraek dibaptis kalawan pajenengan Isa Al Masih, supaya dosa aranjeun dihampura; mun geus kitu, tangtu aranjeun bakal narima Ruh Allah.
[39] Da eta anu dijangjikeun teh, nya pikeun aranjeun saanak incu, oge pikeun anu araya di tempat-tempat nu jarauh, sarta pikeun sakur nu bakal disaur ku Gusti Jungjunan urang.»
[40] Rea-rea deui kasauran Petrus enggoning nganyatakeun kasaksianana sarta maparin pepeling. Kieu saurna, «Aranjeun kudu pasrah supaya bisa luput ti ieu bangsa alam kiwari anu teu jalujur.»
[41] Sakur anu daek narima kana kasauran Petrus, kabeh sumerah marenta dibaptis. Poe eta, bilangan jalma nu ariman tambah kira-kira tilu rebu urang.
[42] Kabeh saregep kana pangajaran rasul-rasul tur sabeungkeutan: Salawasna babarengan milu kana riungan tuang roti jeung kumpulan doa.
[43] Maranehna timbul rasa kagimirna narenjo rasul-rasul sering ngayakeun rupa-rupa mujijat jeung tanda-tanda anu ajaib.
[44] Kaom percaya teh, estu rempug jukung sarta sabanda saboga.
[45] Unggal poe tara towong, aya bae anu jujualan, beubeunanganana dibagi keur sarerea, sakumaha bae perluna masing-masing.
[46] Ti poe ka poe deui, maranehna mani rajin karumpul di Bait Allah kalawan saniat sapikir. Jaba ti kitu, sok bagilir ngayakeun riungan tuang roti di imah masing-masing, didalahar bareng dibarung ku gumbira tur iklas.
[47] Maranehna maruji sukur ka Allah sarta masarakat umum oge jadi katarik. Unggal-unggal poe, jumlahna ku Gusti ditambah ku jalan lobana anu disalametkeun.