Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 3:10

[1] Hiji mangsa, sanggeus murid-murid beuki loba, urang Yahudi anu sapopoena ngaromong dina basa Yunani kukulutus. Lantaran ngarasa randa-randana disapirakeun dina urusan ngabayuanana, beda ti randa-randa urang Yahudi asli.

[2] Ku dua belas rasul, murid-murid teh dipiwarang kumpul. Tuluy ku rasul-rasul dicariosan, «Pangandika Allah teu meunang kateler-teler ku nguruskeun bae sual-sual sejen.

[3] Matak eta, dulur-dulur, coba milih batur tujuhan anu kasebut hade kalakuan jeung budina. Jelema-jelema bieu, engke urang angkat keur urusan eta;

[4] supaya bapa sapara kanca bisa jongjon dina urusan sembahyang jeung Pangandika Allah.»

[5] Ieu usul kacida pada ngarempuganana; tuluy jamaah teh milih: Stepanus, jelema anu ibadah pisan tur kaancikan Ruh Allah, Pilipus, Prokorus, Nikanor, Timon, Parmenas, jeung Nikolaus urang Antioki anu nyekel agama Yahudi.

[6] Sanggeus anu tujuhan eta dideuheuskeun, ku rasul-rasul dipangnedakeun jeung ditumpangan panangan.

[7] Pangandika Allah beuki sumebar, bilangan murid beuki loba, malah loba panghulu anu tumut kana kapercayaan jamaah.

[8] Kocap, Stepanus — anu ginuluran kurnia jeung kawasa — bisa ngayakeun tanda-tanda ajaib jeung mujijat-mujijat hareupeun umum.

[9] Geus kitu, ka anjeunna aya anu ngajak padu. Jelema-jelema anu ngajak padu teh, nya eta ti jamaah Yahudi anu disebut kaum Libertini, — anggota-anggotana teh, sawatara asal ti jamaah urang Kirena, sawatarana deui ti Aleksandria — urang Yahudi ti Kilikia, jeung ti Asia.

[10] Tapi maranehna teu kuat ngalawan kapercekaan Stepanus, teu sanggup nandingan Ruh Allah anu ngatur kasauranana.

[11] Seug bae maranehna ngarorojok batur, pokna, «Eta jelema teh ucap-ucapanana ngahina ka Nabi Musa jeung ka Allah!»

[12] Pangaruhna teurak ka jalma rea, ka rengrengan sesepuh, jeung ka ahli-ahli Kitab; terus bae maranehna teh nangkep Stepanus sarta ngagiringna ka Mahkamah Agama.

[13] Maranehna ngayakeun saksi-saksi palsu sina ngucapkeun pitenah: «Ieu jalmi teu eureun-eureun ngaluarkeun omongan anu nganistakeun tempat suci sareng hukum Toret.

[14] Kakuping pisan ku simkuring sabatur-batur, anjeunna nyebat-nyebat yen Isa, urang Nasaret tea, baris ngaruag tempat suci sareng ngarobah adat tali paranti bangsa urang titilar Musa.»

[15] Rengrengan marerong ka Stepanus, tapi pasemonna katembong cahayaan lir raray malaikat bae.

Carios Padamelan — Chapters