[1] Sabot Petrus jeung Yahya sasauran, ngadak-ngadak diberedeg ku panghulu-panghulu dibarengan ku kapala pangawal Bait Allah jeung urang Saduki,
[2] anu pohara arambekeunana ka aranjeunna, pedah aranjeunna ngajar kitu ka jalma rea jeung netelakeun yen Isa kawasa gugah ti nu paraeh.
[3] Kerewek aranjeuna ditangkep, ditahan nepi ka poe isukna sabab harita geus peuting.
[4] Tapi anu ngabarandungan kasauran aranjeunna teh loba nu terus percaya, nepi ka jumblahna jadi lima rebu urang; eta teh ngan ukur lalakina wungkul.
[5] Poe isukna, pamingpin-pamingpin urang Yahudi, parakokolot, jeung ahli-ahli Kitab ngayakeun sidang,
[6] diluuhan ku Panghulu Agung Anas jeung Kayapas, Yahya jeung Aleksander katut lian-lianna anu kaasup turunan Panghulu Agung.
[7] Petrus jeung Yahya dijagragkeun, tuluy dipariksa, «Meunang kawasa ti mana atawa make ngaran saha maraneh nyieun peta kitu?»
[8] Waler Petrus anu geus kaancikan ku Ruh Allah, «Parapamingpin bangsa sareng parasesepuh sadaya!
[9] Saupami simkuring dipariksa teh lantaran nulungan nu gering sareng kedah nerangkeun kenging kawasa ti mana nyageurkeun ieu jalmi:
[10] Mugi kauninga ku sadaya, kitu deui ku sakumna umat Israil, yen tindakan simkuring teh taya sanes estu demi pajenengan Isa Al Masih urang Nasaret, anu ku aranjeun parantos digantung tea; tapi ku Allah Anjeunna parantos digugahkeun deui ti alam nu paraeh. Nya ku karana Isa pisan cageurna ieu jalmi anu nuju dipayunan teh.
[11] Mugi kauninga, Isa teh: batu anu parantos dipiceun ku tukang ngawangun imah. Aranjeun nu jaradi tukangna teh. Tapi eta batu teh parantos dijieun batu lulugu.
[12] Jalmi teh, saha bae ge, teu aya anu ngagaduhan kasalametan, iwal ti Anjeunna. Margi di sakolong langit teu aya deui jenengan anu dipaparinkeun ka manusa iwal ti eta-etana sarta ngan ku lantaran Jenengan eta, urang sadaya pitiasaeun salamet teh.»
[13] Wawanen Petrus jeung Yahya anu sakitu gedena — tur kanyahoan aranjeunna teh lain jalma terpelajar — estu matak heran anu keur sidang. Kabeh ge nyarahoeun yen aranjeunna teh panganut Isa.
[14] Tapi ku sabab aya bukti, jelemana anu dicageurkeun jonghok di dinya gigireun rasul-rasul, sidang teu bisa ngabantah.
[15] Rasul-rasul dikaluarkeun heula ti tempat sidang; sidangna terus badami,
[16] «Kudu dikumahakeun eta dua jelema teh? Mujijatna sakitu terangna ka urang Yerusalem; ku urang teu bisa dipungkir.
[17] Tapi supaya hal eta ulah nepi ka tambah nyaliara, leuwih hade urang ancam bae, nya eta teu meunang nyarita-nyarita deui mamawa eta ngaran.»
[18] Geus kitu Petrus jeung Yahya dijagragkeun deui ka sidang, tuluy aranjeunna dilarang cacarita atawa ngajar mamawa deui jenengan Isa.
[19] Tapi Petrus jeung Yahya ngawaler, «Aranjeun kantun nimbang-nimbang, mana anu sapagodos sareng pangersa Allah: Kedah tunduk ka manusa, atanapi kedah ta'at ka Allah?
[20] Dupi simkuring mah, pamohalan dongkap ka henteu nyanggemkeun sugri anu kantos katingal sareng kakuping.»
[21] Sidang ngancamna beuki keras, tapi kapaksa aranjeunna dileupaskeun. Sabab sidang henteu manggih jalan pikeun ngahukum, turug-turug sieun ku balarea anu geus ragem maruji ka Allah.
[22] Lantaran jalma rea teh, narenjo pisan jelema anu gering sapanjang umurna, nya eta salila opat puluh taun leuwih, bisa cageur ku jalan anu sakitu ahengna.
[23] Sanggeus leupas, Petrus jeung Yahya nepangan rerencanganana. Pamariksaan imam-imam kapala jeung kokolot-kokolot teh, ku aranjeunna dicarioskeun deui.
[24] Geus kitu, rerencanganana ragem sasambat ka Allah, kieu, «Nun Pangeran anu ngadamel langit, bumi, laut, katut saeusina.
[25] Ku jalan Ruh Allah anu diilhamkeun ka Daud abdi Gusti tea, karuhun abdi sadaya, Gusti parantos nimbalan kieu: Ku naon bangsa-bangsa pada amarah; suku-suku bangsa ngareka perkara anu mubadir?
[26] Raja-raja alam dunya tatan-tatan, rek ngalawan ka Pangeran jeung ka Al Masih-Na.
[27] Saleresna pisan, di ieu kota, raja Herodes, Pontius Pilatus, bangsa-bangsa anu teu palercaya, sareng kaom-kaom bangsa Israil, parantos kumpul sakait ngalawan Isa, — Abdi Gusti anu suci, kenging Gusti ngalisahan —
[28] kanggo ngalakonan papasten anu ku Gusti dipastikeun ti awalna kalayan kawasa sareng pangersa Gusti.
[29] Nun Pangeran, mugi tingali, maranehna ayeuna ngancam ka abdi sadaya. Kitu nu mawi, mugi abdi-abdi dikersakeun teuneung ludeung ngadongkapkeun pangandika Gusti tea.
[30] Mugi Gusti kersa nyodorkeun panangan, maparin kacageuran ka anu aludur sareng ngadamel tanda-tanda ajaib sarawuh mujijat-mujijat demi pajenengan Isa, Abdi Gusti anu suci.»
[31] Sabot-sabot rasul-rasul neneda kitu, tempat aranjeunna kumpul teh ngariyeg inggeung sarta aranjeunna kalinggihan ku Ruh Allah. Nepi ka ludeung ngembarkeun pangandika Allah.
[32] Pakumpulan jelema-jelema anu geus ariman teh estu salulut, saniat sapikir, sarta teu aya pisan anu ngaku-ngaku yen bandana teh muklis milikna pribadi, estu sabanda saboga.
[33] Ari rasul-rasul pohara soson-sosonna netelakeun hal gugahna Isa, Gusti Jungjunan urang, sarta hirup dina kaayaan ginuluran kurnia tanpa tanding.
[34] Tara aya anu kakurangan sabab sing saha bae anu boga tanah atawa imah sok tuluy dijual. Beubeunanganana dibawa,
[35] disanggakeun ka rasul-rasul terus dibagikeun ka unggal jalma, luyu jeung kaperluan masing-masing.
[36] Nya kitu deui Yusup, anu ku rasul-rasul dilandi Barnabas, — anu hartina ‹anak panglipur› — kaasup kaom Lewi asal ti Kiprus.
[37] Manehna oge ngajual lahan milikna, duitna dibawa disanggakeun ka rasul-rasul.