Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 6:16

[1] Harita, di dinya oge, loba deui bae jelema. Tapi maranehna, geus teu baroga dahareun. Lajeng Isa nyaur murid-murid, saur-Na,

[2] «Kami karunya ka ieu jelema-jelema anu sakitu lobana. Geus tilu poe, maranehna mimilu ka Kami; ayeuna, maranehna geus teu barogaeun dahareun.

[3] Kami teu tega nitah balik lapar. Tangtu engke pada kalempohan sabab loba anu jarauh lemburna.»

[4] Wangsul murid-murid, «Kumaha bade nyuguhanana, margi ieu tempat teh mencil pisan.»

[5] Isa mariksa, «Ari di maraneh aya sabaraha roti?» Wangsulna, «Tujuh siki.»

[6] Ku Anjeunna, jelema-jelema teh, dipiwarang dariuk dina taneuh. Roti anu tujuh ku Anjeunna dicandak, terus muji sukur; geus kitu, eta roti ku Anjeunna disemplekkan, terus dipaparinkeun ka murid-murid sina dibagikeun.

[7] Jaba ti eta, aya oge lauk sababaraha siki; sanggeus Anjeunna muji sukur deui, laukna dibagikeun.

[8] Tuluy jelema-jelema teh dalalahar saseubeuhna. Potongan-potongan roti, leuwihna, dikumpulkeun: Meunang tujuh bakul.

[9] Anu dalahar teh, kira-kira aya opat rebu urang. Geus kitu, ku Isa dijurung marulang.

[10] Ari Anjeunna, unggah kana parahu jeung murid-murid, ngabujeng ka daerah Dalmanuta.

[11] Jol urang Parisi, tuluy soal jawab jeung Isa. Aranjeunna menta ka Isa supaya ngabijilkeun hiji tanda ti sawarga; maksudna, seja ngadoja ka Anjeunna.

[12] Anjeunna rumahuh jeroning manah, tuluy saur-Na, «Ieu jelema-jelema jaman kiwari marenta tanda? Cek Kami, maraneh, umat kiwari ku Kami moal dibere tanda!»

[13] Anjeunna terus angkat ti dinya, unggah deui kana parahu terus meuntas.

[14] Waktu unggah kana parahu, murid-murid poho mawa roti, ngan mawa hiji.

[15] Ari Isa lajeng nyaur, mepelingan, saur-Na, «Masing awas, ati-ati, kana ragi urang Parisi jeung ragi Herodes.» (Ragi di dieu hartina: kamunapekan).

[16] Murid-murid malalikir terus ngomong pada batur, «Kitu nyariosna teh lantaran urang teu boga roti.»

[17] Kadangu ku Isa, pok sasauran, «Naha ngaromongkeun teu boga roti? Kutan can paham, can ngarti keneh? Geus paeheun pikir?

[18] Boga panon lain dipake nenjo, boga ceuli lain dipake ngadenge. Na geus paroho

[19] waktu Kami nyemplekkan roti, anu lima siki tea, didahar ku lima rebu urang, sabaraha bakul leuwihna beunang maraneh ngumpulkeun?» Wangsulna, «Dua belas bakul.»

[20] «Jeung anu tujuh siki, disuguhkeun ka opat rebu urang, sabaraha bakul sesana?» Wangsulna, «Tujuh bakul.»

[21] Saur-Na deui, «Can ngarti keneh bae?»

[22] Satuluyna, Isa sumping ka kampung Betsaida jeung murid-murid. Di dinya, aya nu lolong, tuluy dideuheuskeun ka Anjeunna, nyuhunkeun supaya dipangrampakeun.

[23] Ku Anjeunna dicepeng leungeunna, ditungtun dicandak ka luareun kampung. Terus panonna ku Anjeunna diludahan bari dirampa, pok dipariksa, «Geus aya nu katenjo?»

[24] Nu lolong nyeueung ka hareup, tuluy ngawangsul, «Ningal jalmi, rupina keur leuleumpangan, mung katingalna sapertos tatangkalan.»

[25] Panonna ku Isa dirampa deui; bray bae, ayeuna mah beunta enyaan, tetenjoanana awas jeung cekas.

[26] Ku Anjeunna dipiwarang balik, ngan saur-Na, «Ulah ka kampung itu deui!»

[27] Isa samurid-murid angkat ka kampung-kampung saputereun tanah Kesarea Pilipi. Di tengah jalan mariksa ka murid-murid, saur-Na, «Ari cek jalma rea, ieu Kami saha?»

[28] Wangsulna, «Aya nu nyebatkeun Nabi Yahya, aya nu nyebatkeun Nabi Elias, aya oge anu nyebatkeun salah sawios nabi.»

[29] Anjeunna mariksa deui, «Ari cek maraneh, Kami saha?» Petrus ngawangsul, «Cek abdi mah, Al Masih!»

[30] Murid-murid, ku Anjeunna, diomat-omatan teu meunang rea carita saha Anjeunna.

[31] Geus kitu, Isa wawangsit ka maranehna; saur-Na Putra Manusa teh misti nandang sangsara anu pohara; tur Anjeunna teh baris ditampik ku parakokolot, ku imam-imam kapala, jeung ku ahli-ahli Kitab; terus Anjeunna teh bakal ditelasan, tapi bakal gugah deui sanggeus tilu poe.

[32] Sasaurana-Na teh, terang-terangan pisan. Ku Petrus dikenyang ka sisi, manehna mihatur maksudna ngemutan.

[33] Tapi Anjeunna malik, ningali ka murid-murid sejen, terus nyeuseul ka Petrus, saur-Na, «Nyingkah, Iblis! Maneh mikir teh lain kana pangersaning Allah, tapi kana kahayang jelema!»

[34] Ti dinya, jalma rea ku Anjeunna dihiapkeun, kitu deui murid-murid, sina kumpul, lajeng sasauran, «Saha-saha anu arek ngiring Kami, kudu nyegah kahayang napsuna, kudu manggul salibna, sarta anut ka Kami.

[35] Sabab saha-saha anu rek nyalametkeun nyawana, bakal kaleungitan nyawa; sabalikna, anu kaleungitan nyawa demi Kami jeung demi Injil, pinasti bakal salamet.

[36] Naon gunana meunangkeun saalam dunya, tapi nyawana leungit?

[37] Naon anu bisa dipake gaganti nyawana?

[38] Sabab sing saha anu era ngaku Kami sarta era kana pangajaran Kami di kalangan umat kiwari anu teu satia tur doraka; Putra Manusa oge kitu, — di mana geus datang kalawan kamulyaan Rama-Na bari diiring ku para malaikat suci — bakal era ngaku ka jelema anu kitu.»

Markus — Chapters