Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 9:41

[1] Ti dinya, Isa jengkar deui ka daerah Yudea jeung daerah peuntaseun walungan Ciyordan. Di dinya oge, loba pisan jelema nu daratang ka Anjeunna sarta saperti biasana, Anjeunna maparin piwuruk.

[2] Urang-urang Parisi oge daratang; maksudna, rek ngadoja ka Anjeunna, nanya kieu, «Ari salaki meunang nyerahkeun bojona?»

[3] Tapi ku Anjeunna diwaler kieu, «Parentah Nabi Musa ka aranjeun, kumaha?»

[4] Walonna, «Nabi Musa ngidinan nyerahkeun, tapi kudu make surat talak.»

[5] Saur Isa, «Nabi Musa netepkeun eta parentah ka aranjeun teh, lantaran aranjeun baredegong.

[6] Sabab barang mimiti alam dunya, Allah ngadamel jelema lalaki jeung awewe.

[7] Ku sabab kitu, lalaki teh, kudu incah ti indung bapa terus ngahiji jeung pamajikanana;

[8] nepi ka duanana ngajadi sadaging.

[9] Kitu, nu matak naon-naon anu geus dihijikeun ku Allah, ulah dipisahkeun ku manusa.»

[10] Sanggeus araya di bumi, murid-murid mihatur ka Anjeunna, nanyakeun hal ngeunaan lalaki jeung awewe tea.

[11] Ari saur-Na, «Saha-saha anu nyerahkeun pamajikanana, tuluy kawin ka awewe sejen; imah-imah jeung pamajikan anu ieu teh, lampah jinah.

[12] Kitu deui, lamun awewe ninggalkeun salakina, terus kawin ka lalaki sejen; imah-imah jeung salakina nu ieu teh, lampah jinah.»

[13] Ti dinya, jul-jol anu ngadareuheuskeun barudak leutik ka Anjeunna, menta dipangrampakeun; tapi ku murid-murid mah, maranehna teh dicarekan.

[14] Sanggeus kauninga ku Isa, eta murid-murid-Na teh, diseuseul Anjeunna, saur-Na, «Ingkeun, eta barudak teh sina ka Kami ulah dihalang-halang. Sabab jelema anu saperti eta barudak, nu boga Karajaan Allah teh.

[15] Cek Kami, ka maraneh: Saenyana pisan, saha-saha anu henteu mapagkeun Karajaan Allah lir budak leutik, pamohalan asup ka dinya.»

[16] Tuluy barudak teh, ku Anjeunna dirangkul bari ditumpangan panangan sarta diberkahan.

[17] Waktu Isa nembe jengkar neraskeun perjalanan, aya anu lumpat mendakan Anjeunna; terus eta jelema deku payuneuna-Na, pok mihatur, «Pa Guru anu berbudi, abdi teh hoyong tinemu sareng hirup anu langgeng, kedah kumaha?»

[18] Waler Isa, «Naha wet nyebut berbudi ka Kami? Saurang ge teu aya anu berbudi, anging Allah bae.

[19] Anjeun oge tangtu nyaho parentah-parentah Allah: Ulah maehan, ulah jinah, ulah maling, ulah mere panaksen palsu, ulah macikeuh hak batur, jeung kudu hormat ka bapa ka indung!»

[20] Eta jelema ngawangsul, pokna, «Pak Guru, eta sadayana parantos dilakonan ti ngongora.»

[21] Tapi ku Isa diteuteup, semu nu welas; pok, Anjeunna ngalahir, «Ngan sarupa kurangna teh: Bral balik heula, jual kabeh kakayaan, duitna dermakeun ka nu mariskin, ambeh anjeun meunangkeun banda sawarga; terus anjeun balik deui ka dieu, ngiring Kami.»

[22] Meunang waleran kitu, eta jelema mani melenguk; terus anjeunna mulang bari jeung semu ngungun; da kacida lobana, bandana teh.

[23] Isa neuteup ka murid-murid-Na, nu aya di sakuriling-Na; lajeng Anjeunna ngalahir, «Hese pisan jelema jegud asup ka Karajaan Allah teh.»

[24] Murid-murid-Na, arolohok ngadenge pilahir-Na teh. Tapi Anjeunna ngalahir deui, «Barudak, kacida banggana nya asup ka Karajaan Allah teh.

[25] Babari keneh onta nyeplos kana liang jarum, ti batan jelema jegud asup ka Karajaan Allah.»

[26] Murid-murid jadi gehger, ngaromong pada baturna, «Lamun kitu, saha nu baris salamet atuh?»

[27] Sanggeus neuteup, Isa ngalahir ka maranehna, «Cek manusa mah, eta teh mustahil; tapi henteu, pikeun Allah mah. Sagala rupa oge, pikeun Allah mah, euweuh anu mustahil.»

[28] Pok, Petrus mihatur, «Abdi-abdi parantos cul naon-naon, teras ngiring ka Jungjunan!»

[29] Waler Isa, «Nah, cek Kami: Unggal-unggal jelema anu cul imah-tangga, cul dulur lalaki dulur awewe, cul indung cul bapa, cul anak cul pakaya, demi Kami jeung demi Injil,

[30] ti ayeuna keneh, eta jelema bakal nampa saratus tikel: Imah, dulur awewe dulur lalaki, indung, anak, pakaya, sanajan kituna teh bari teu luput nandangan rupa-rupa panganiayaan; kitu deui, dina jaman ka hareupna, tinangtu bakal ginanjar hirup nu langgeng.

[31] Tapi anu geus ti hareula loba nu bakal datang pangpandeurina; kitu deui anu pangpandeurina, bakal jadi pangheulana.»

[32] Isa jeung murid-murid geus di tengah jalan ka Yerusalem; ari Isa, angkatna, di beulah hareup. Murid-murid ngarasa honcewang, kitu deui nu sejen-sejenna anu ngiring ka Anjeunna; maranehna ge, pada ngarasa salempang. Isa nyaur deui murid-murid, nyaurkeun nu bakal tumiba kana salira-Na.

[33] Saur-Na, «Ayeuna urang teh arek ka Yerusalem. Di dinya, Putra Manusa bakal diselehkeun ka imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab. Terus ku maranehna, Anjeunna teh bakal diragragan hukum paeh. Jaba ti eta, maranehna ge bakal nyelehkeun Anjeunna ka bangsa anu teu wawuh ka Allah.

[34] Anjeunna oge bakal dipoyok, dihina, dicariduhan, jeung dirangketan; geus kitu, kakara Anjeunna teh dipaehan; saterusna, sanggeus tilu poe ti harita, Anjeunna bakal hudang deui.»

[35] Ti dinya, Yakobus jeung Yahya, anak Sebedeus tea, ngadeukeutan ka Anjeunna terus mihatur, «Pa Guru, abdi gaduh panuhun, mugi didangu.»

[36] Waler-Na, «Aya kahayang naon?»

[37] Pihaturna, «Widian, engke, abdi-abdi dina kamulyaan Pa Guru sina diuk di kiwaeun sareng di tengeneun.»

[38] Tapi saur Isa, «Maraneh teu nyaho ka nu dipenta. Sanggup maraneh nginum lumur nu ku Kami kudu diinum? Sanggup dibaptis ku baptisan anu diwajibkeun ka Kami?» («Nginum lumur» maksudna: nandangan sangsara).

[39] Maranehna ngajawab, «Sanggem.» Saur Isa, «Puguh kitu tea mah, maraneh memang bakal nginum lumur nu ku Kami kudu diinum jeung dibaptis ku baptisan anu diwajibkeun ka Kami.

[40] Tapi hal tempat di kenca jeung katuhueun Kami, Kami teu boga hak ngidinan. Eta mah, rek dibikeunna ngan ka jelema-jelema anu geus ditangtukeun bae.»

[41] Murid-murid, nu sapuluh urang deui, jadi arambekkeun ka Yakobus jeung Yahya.

[42] Tapi ku Isa disauran, «Maraneh nyaho, yen anu disarebut pamarentah bangsa teh, marentah ka rayatna keras pisan; kitu deui pembesar-pembesarna, ka rayat teh kacida kerasna.

[43] Maraneh jeung maraneh mah ulah kitu. Sing saha nu hayang punjul kudu laladen ka babaturan.

[44] Sing saha nu hayang jadi pepentol, kudu jadi gandek sarerea.

[45] Sabab Putra Manusa oge, datang teh, lain hayang dilalayanan; tapi seja ngalalayanan jeung seja ngorbankeun pati, pikeun nebus jalma rea.»

[46] Isa jeung murid-murid-Na cunduk ka kota Yeriko. Sanggeus kaluar ti Yeriko, bari diiring ku murid-murid jeung jalma rea sejenna, mendak jelema lolong anu sok jajaluk; ngaranna Bartimeus, anak Timeus; manehna teh keur andiprek sisi jalan.

[47] Sanggeus manehna nyahoeun yen Isa, urang Nasaret tea, ngalangkung; tuluy bae gera-gero, «Nun Isa, Putra Daud, sing hawatos ka abdi!»

[48] Dicarek oge ku nu rea anggur beuki tarik gera-gerona, «Nun Putra Daud, sing hawatos ka abdi!»

[49] Anjeunna reg liren, saur-Na, «Sina ka dieu!» Tuluy eta nu lolong teh disina datang. Cek nu neangna, «Sing mantep hate teh, hiap, itu Anjeunna nyaur.»

[50] Sot jubahna, tuluy manehna buru-buru nyampeurkeun ka Isa.

[51] Ku Anjeunna dipariksa, «Hayang dikumahakeun ku Kami teh?» Wangsulna, «Rabuni (hartina: Guru), abdi teh hoyong tiasa ningal!»

[52] Saur Isa, «Heug, iman kapercayaan maneh geus nulung!» Dadak sakala, harita keneh, manehna bisa nenjo; tuluy manehna milu ngiring Anjeunna.

Markus — Chapters