[1] Ieu uaran Injil, nya eta bewara hal Isa Al Masih, Putra Allah.
[2] Uaranana geus ti jaman Nabi Yesaya keneh, diserat dina kitabna, kieu: «Dawuhan Pangeran: Ieu utusan Kami. Ku Kami diutus ti heula, pikeun nyadiakeun jalan keur Hidep.
[3] Aya nu cumeluk di tegal kikisik: ‹Sadiakeun jalan kanggo Pangeran; nya jalan anu lempeng!›»
[4] Jol Nabi Yahya ka tegal kikisik, ngumumkeun baptisan sarta biantara, «Geura tarobat tina dosa, tuluy dibaptis, malar dihampura nya dosa ku Pangeran!»
[5] Merul anu dararatang ngupingkeun biantarana; sanggeusna, disusul ku ngawakcakeun dosa. Eta jelema-jelema teh, asal ti sabudeureun Yudea jeung sakur nu di Yerusalem. Tuluy ku nabi dibaptis, di walungan Ciyordan.
[6] Nabi Yahya teh anggoanana tina bulu onta; disabuk ku sabuk kulit.
[7] Ari tuangna simeut jeung madu leuweung. Anjeunna ngumumkeun bewara kieu, «Sanggeus kami, engke, aya deui nu bakal sumping; Anjeunna mah leuwih agung tur kawasa. Ngudar tali tarumpah-Na ge, kami teu wani.
[8] Kami ngabaptis maraneh teh, ku cai; ari Anjeunna mah, ku Ruh Allah.»
[9] Heuleut teu lila, Isa oge, — ti Nasaret wewengkon Galilea — sumping ka Yahya. Terus ku nabi dibaptis di walungan Ciyordan.
[10] Sanggeus hanjat ti cai, ngadak-ngadak brah bae langit beulah; terus aya nu turun siga japati, nya eta Ruh Allah; tuluy eta anu siga japati teh, eunteup ka Anjeunna.
[11] Ngeng, ti awang-awang, aya sora kieu, «Hidep teh, Putra Kami, anu dipikanyaah sarta anu kamanah ku Kami!»
[12] Geus kitu, Anjeunna digerakkeun ku Ruh Allah kedah angkat ka tegal kikisik:
[13] Di tegal kikisik, — kenging opat puluh poe bari nadah gogoda Iblis — di antara sato galak tea, Anjeunna dilayanan ku malaikat-malaikat.
[14] Sanggeusna Nabi Yahya ditangkep, Isa mulih deui ka Galilea sarta ngawitan ngayakeun hutbah-hutbah ngeunaan Injil ti Allah Nu Mahaagung.
[15] Kieu hutbah-Na, «Kiwari teh, geus tepi ka wancina; ayeuna, geus meh datang mangsana Karajaan Allah baris ngadeg. Geura tarobat jeung kudu percaya ka Ieu Injil!»
[16] Hiji mangsa, Anjeunna angkat mapay talaga Galilea. Anjeunna ningali palika, duaan, keur lintar; nu saurang ngaranna Simon, nu saurang deui dulurna, ngaranna Andreas.
[17] Ku Anjeunna digentraan, «Hiap milu ka Kami; engke, maraneh, ku Kami diajar ngala jelema!»
[18] Nu disaur teu talangke; cul heurapna ditinggalkeun, terus ngiring ka Anjeunna.
[19] Anjeunna jengkar deui. Teu lila, beh deui palika, duaan; duanana anak Sebedeus, nu saurang ngaranna Yakobus, nu saurang deui Yahya, keur ngabenahan heurap dina parahu arek lintar.
[20] Tuluy ku Isa, duanana, disaur diajak ngiring. Ieu oge, terus nurut; cul, bapana jeung kuli-kuli, ditinggalkeun ngiring ka Anjeunna.
[21] Isa sarta murid-murid-Na, tepi ka hiji kota anu ngaran Kapernaum.
[22] Dina poe Sabat, Anjeunna ngawulang di tempat ibadah. — Anu ngabarandungan piwulang-Na, kabeh mikahelok lantaran karasa bedana ti ahli-ahli Kitab, turug-turug karasa aya wibawa-Na —
[23] Harita, di dinya, aya jelema anu kasurupan roh jahat ngagorowok,
[24] «Rek naon Isa urang Nasaret datang ka urang? Arek ngabinasa? Urang nyaho, Anjeun teh Jelema suci, utusan Allah!»
[25] Timbalan Isa ka eta roh jahat, «Repeh maneh, hayoh nyingkah ti eta jelema!»
[26] Tuluy nu kasurupan teh ngagibrig, ari roh jahatna ngagero bari terus ingkah.
[27] Saayana jelema di tempat ibadah bati arolohok, tuluy tingkucuwes, «Aneh, aneh! Geus puguh hutbah-Na barang anyar. Omongana-Na ge, gede pangaruhna; bisa dipake marentah ka roh-roh jahat, nepi ka narurut kitu.»
[28] Eta kajadian teh, bejana, gancang pisan sumebar ka sakuliah wewengkon Galilea.
[29] Tas ti tempat ibadah, Isa ngabujeng ka imah Simon jeung Andreas, katut Yakobus jeung Yahya.
[30] Barang sumping, terus Anjeunna diwartosan, yen mitoha awewe ki Simon keur gering, muriang panas.
[31] Ku Anjeunna ditingali, terus leungeunna dicepeng disina cengkat. Rep bae muriangna rerep, cageur ngadak-ngadak; malah mah, anjeunna teh bisa ngalalayanan ka tamuna.
[32] Wanci sareupna, hul-hol urang dinya marawa nu garering jeung anu kasarurupan roh jahat.
[33] Saayana urang dinya tumplek ka eta imah.
[34] Ku Anjeunna nu garering teh dicageur-cageurkeun; ari nu kasarurupan, roh-roh jahatna diusir. Eta roh-roh jahat, kabeh ge, wawuheun ka Anjeunna; tapi eta roh-roh jahat, ku Anjeunna sama sakali teu dibere kasempetan ngomomg naon-naon.
[35] Isukna, poek-poek keneh, Jungjunan geus angkat; angkatna teh, — nyalira bae — ka luareun kota, nya eta ka hiji tempat anu sepi.
[36] Anjeunna, ku ki Simon sabatur-batur, ditareangan.
[37] Sanggeus kapendak maranehna unjukan, «Jungjunan dipilarian ku sadaya.»
[38] Ari waler-Na, «Mending urang terus ka kampung-kampung sakuriling ieu. Eta oge perlu didatangan. Maranehna oge perlu diwawaran Injil ku Kami. Sabab eta pisan perluna Kami datang ka alam dunya teh!»
[39] Sanggeus ngalahir kitu, terus Anjeunna jengkar pikeun ngideran sakuliah tanah Galilea, hutbah di tempat-tempat ibadah, sarta ngusir setan-setan anu nyarurup ka manusa.
[40] Kocap, aya nu katerap kasakit lepra datang ka Isa ngadeuheus. Brek sideku bari unjukan yen manehna hayang cageur. Piunjukna, «Saupami Jungjunan kersa, mung Jungjunan anu iasa nyageurkeun kasakit abdi.»
[41] Jungjunan ngahelas manahna, tuluy nu lepra teh dicabak. «Heug, cageur!» timbalana-Na.
[42] Les bae, kasakit leprana, leungit tanpa lebih; awakna jadi pulih beresih.
[43] Ku Isa ditimbalan balik buru-buru bari dipesen, «Kade, ulah cacarita ka sasaha.
[44] Tapi maneh, kudu nembongkeun eta awak maneh ka imam. Jaba ti eta, maneh ge kudu nyanggakeun kurban panarima, nurutkeun tetekon ti Nabi Musa, tandaning awak geus pulih beresih.»
[45] Tapi sakitu diomat-omatanana ge, teu weleh cacarita ka ditu ka dieu nepi ka nyebar bejana ka mana-mana. Ku sabab eta, Isa teu iasa terang-terangan ka jero kota; atuh kapaksa Anjeunna teh di luar kota bae, di nu sepi-sepi. Tapi teu kalis ku kitu, nu daratang mah, angger bae merul ti mana-mana.