Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 7:46

[1] Meuntasna geus nepi ka wewengkon tanah Gadara, peuntaseun Talaga Galilea.

[2] Barang jut, Isa, tina parahu; prok, Anjeunna, amprok jeung hiji jelema anu datangna ti hiji pamakaman.

[3] Eta teh jelema edan anu kasurupan roh jahat; cicingna ge di pamakaman bae. Eta jelema teh, geus teu bisa diurus, teu aya nu tahan, jeung taya tali atawa rante nu kuat dipake nyangcang manehna.

[4] Sababaraha kali ditalikung make rante, tapi rantena pegat-pegat bae, malah beusi bangkol sukuna oge bisa dipingges-pinggeskeun. Bedasna luar biasa, taya nu sanggup ngahalang-halang deui!

[5] Beurang peuting gawena ngaprak di pamakaman atawa di gunung-gunung, bari ceuceuleuweungan jeung nurihan maneh ku batu seukeut.

[6] Harita, ti kajauhan keneh geus awaseun ka Isa; deregdeg manehna muru, brek sideku ka Anjeunna bari nyembah.

[7] Tuluy ngagorowok, «Aduh Isa, Putra Allah Mahaagung! Bade dikumahakeun abdi teh? Demi Allah, ulah nyiksa!»

[8] Sabab tadi Isa geus nimbalan kieu, «He roh jahat, ingkah maneh ti eta jelema!»

[9] Isa terus mariksa, «Maneh saha ngaran?» Jawabna, «Legiun!» Sabab nu nyurupna teh, lobaan!

[10] Tuluy anu nyebut ngaran Legiun teh, sasambat, menta supaya anu nyurupna, anu lobaan tea, ulah diusir ti daerah eta.

[11] Teu jauh ti dinya, aya babi sabubuhan keur nyaratuan di lamping pasir.

[12] Tuluy roh-roh jahat teh menta, «Ka itu bae atuh, widian nyurup ka babi-babi.»

[13] Ku Anjeunna dirujukkan. Eta roh-roh jahat aringkah ti eta jelema, tuluy nyarurup ka babi-babi. Gerebeg babi nu sakitu lobana teh, kurang leuwih dua rebu, tingdurugdug lalumpatan ka gawir; terus eta babi-babi teh, bras-brus kana talaga, kabeh paraeh.

[14] Jelema-jelema anu ngangon eta babi-babi tingbalecir, aya nu lumpat ka kota, aya nu ka kampung-kampung pikeun nyebarkeun beja. Anu dibarejaan riab harayang nyaho.

[15] Ari gok jeung Isa, nyampak nu edan teh keur anteng diuk, geus barang pake, jeung ingetanana geus sehat. Tapi maranehna mah, sarieuneun keneh.

[16] Sanggeus nyaraho buktina, tuluy hariweusweus ka nu sejen, nyaritakeun nu edan jeung babi-babi nu jaradi edan tea.

[17] Ahirna, kabeh urang dinya rempug, maksa ka Isa supaya buru-buru ngantunkeun eta tempat.

[18] Sanggeus Isa kana parahu, urut nu edan teh hayangeun milu. «Abdi ngiring,» pokna.

[19] Tapi ku Isa diwagel, saur-Na, «Mending balik ka lembur. Pek, di ditu, caritakeun pitulung Pangeran anu sakitu anehna ka maneh, caritakeun kumaha rahman-rahim-Na ka maneh!»

[20] Manehna nurut, tuluy indit ngider satanah Dekapolis (=Sapuluh Kota), nyaritakeun pitulung Isa. Anu ngadenge caritana, teu aya nu henteu ngarasa helok.

[21] Isa meuntas deui ka peuntaseun eta talaga. Sasumpingna, jelema-jelema tumplek deui ka Anjeunna di sisi talaga.

[22] Jol, saurang pangurus tempat ibadah; jenenganana Yairus. Sumping-sumping terus sujud ka Isa;

[23] bari ngalengis mundut tulung, «Mugi sumping ka rorompok. Pun anak, awewe, udur repot. Hoyong dipangningalikeun sareng dipangnumpangankeun ku panangan Anjeun; nya supados katulungan sareng tiasa sehat deui!»

[24] Isa rujuk, tuluy jengkar bareng bari diiring ku balarea anu pasesedek hayang deukeut ka Anjeunna.

[25] Aya hiji awewe, geus dua welas taun katerap kasakit ngagetih.

[26] Ka tabib geus sering, duit ge geus beak dipake tatamba. Tapi kasakitna teh, teu cageur-cageur; malah mah, tambah parna bae.

[27] Barang ngadenge beja hal Isa, tuluy milu seselendep ka pungkureuna-Na.

[28] «Rek nyabak tungtung jubah-Na bae aing mah, moal teu cageur!» Carekna ngomong sorangan.

[29] Gap nyabak kana tungtung jubah. Set, ngagetihna, ngadadak eureun. Karasa jadi garenah, panyakit anu nyusahkeun teh geus cageur.

[30] Bareng jeung eta, karaos ku Isa asa aya tanaga anu mencar tina salira-Na. Anjeunna luak-lieuk, lajeng mariksa, «Saha anu nyabak jubah Kami?»

[31] Diwangsul ku murid-murid, «Naha nganggo mariksakeun anu nyabak? Tangtos da sakitu pasedek-sedekna.»

[32] Tapi Isa tetep luak-lieuk, milarian jelemana.

[33] Nu nyabak-Na ngarasa asa boga dosa; atuh pohara sieuneunana, bruk bae nyuuh kana sampeana-Na, tuluy ngaku sabenerna bari ngadegdeg.

[34] Tapi Isa ngalahir, «Geus nyai! Sukur geus cageur mah. Eta teh ku sabab nyai boga iman. Heug, saterusna, sing cageur ti kajuwet teh.»

[35] Sabot Anjeunna sasauran, jol aya jurungan ti bumi Pa Yairus, mawa beja, «Putra teh parantos pupus. Teu kedah ngarerepot deui ka Pa Guru.»

[36] Tapi beja teh ku Isa henteu didangu. Anjeunna ngadawuh ka Pa Yairus, «Teu kedah rejag, sing yakin.»

[37] Geus kitu, balarea ku Anjeunna diwagel teu meunang terus milu, iwal ti Petrus, Yakobus, jeung Yahya, dulurna tea.

[38] Sasumpingna ka bumi Pa Yairus, nyampak nu keur careurik, tingrambisak, tingsalegruk, aya oge nu nepi ka aluk-alukan.

[39] Tuluy Anjeunna lebet, nu keur careurik ditimbalan, «Ulah dipake nalangsa, parantos ulah narangis. Murangkalih teh lain maot, tapi keur sare!»

[40] Tapi nya kitu, Anjeunna anggur disaleungseurikeun. Tuluy eta jelema-jelema teh, ku Anjeunna dipiwarang kalaluar; Anjeunna terus lebet ka kamar layon bareng jeung ibu ramana murangkalih jeung tilu murid-Na tea.

[41] Ceg, leungeun layon teh, dicepeng; lajeng Anjeunna ngadawuh, «Talita Kumi,» hartina, «Gugah, nyai!»

[42] Murangkalih terus ngulisik, cengkat, tuluy leuleumpangan. (Ari yuswana geus dua welas taun). — Atuh puguh bae matak kaget, matak bengong nu narenjo, hese dipercayana.

[43] Tapi kabeh ge, ku Isa pohara diomat-omatanana, teu meunang ucah-aceh ka sasaha deui — Geus kitu, saur Isa, «Bere dahar, eta budak teh!»

Markus — Chapters