Skip to content
Opens in a new window
Listen to this chapter • 4:48

[1] Sabada poe Sabat, Maryam Magdalena, Maryam, — ibu Yakobus — jeung Salome mareuli minyak seungit; nya pikeun bawaeun ka makam Isa tea; maksudna mah, rek nyeungitan layon-Na.

[2] Arinditna ka makam teh poe Minggu, isuk-isuk keneh, barang meletek panonpoe.

[3] Sajeroning laleumpang silih tanya, «Saha engke anu manggulingkeun batu tutup makam?»

[4] Tapi batu tutup makam teh, anu sakitu gedena, kasampak geus aya anu ngagulingkeun.

[5] Barang asup, katingal aya hiji jelema ngora; eta jelema anu dijubah bodas teh, keur calik di beulah katuhu. Atuh kacida rareuwaseunana.

[6] Tapi nu keur calik teh ngalahir, kieu saurna, «Ulah rareuwas. Ibu-ibu teh rek ngalayad Isa, urang Nasaret, anu disalib tea? Geus teu aya di dieu, geus gugah deui. Tah geuning kari urutna.

[7] Ayeuna mah, anggur buru-buru bejakeun ka murid-murid Anjeunna, oge ka Petrus. Bejakeun, Anjeunna teh geus ti payun angkat ka Galilea. Engke oge, ku aranjeun kasampak di ditu, sakumaha dawuhana-Na tea.»

[8] Nu tiluan gagancangan kalaluar ti jero pajaratan, tuluy lalumpatan bawaning ku sieun jeung baluas. Ku sieun-sieunna, nepi ka teu bisa nyarita naon-naon ka sasaha ge. Amanat malaikat tea ditepikeun ka Petrus sabatur-batur, ringkes bae. Ti harita mah, eta amanat Suci tur abadi teh, nya eta tina hal kasalametan anu salanggengna; diembarkeunana ku Isa ku Anjeun nu dikawasakeun ka murid-murid-Na, ti masrik tepi ka magrib.

[9] Sanggeus Jungjunan tanghi, hirup deui; poe Mingguna, isuk-isuk, nu ku Anjeunna mimiti ditembongan teh, nya eta Maryam Magdalena. Jungjunan kantos ngusir tujuh setan ti manehna.

[10] Tuluy Maryam Magdalena bebeja ka sakur nu sok ngingiring ka Jungjunan, anu keur pada sedih prihatin.

[11] Tapi beja yen Isa parantos tanghi, — hirup deui — jeung nembongan ka Maryam Magdalena teh, ku maranehna sama sakali teu diandel.

[12] Terus Isa nembongan deui ka dua murid nu keur aya di satengahing jalan ka luar kota, nembonganana teh geus salin rupa.

[13] Murid-murid nu duaan teh baralik deui sarta terus bebeja ka nu sejen. Tapi ieu oge, henteu dipalercaya ku batur-baturna teh.

[14] Panungtunganana, Jungjunan nembongan teh ka murid-murid sabelasanana waktu maranehna keur dalahar. Ku Jungjunan diweweleh ku sabab teu baroga iman; turug-turug, keukeuh embung ngandel ka batur anu geus nyaksian sorangan, yen enya Jungjunan teh hirup deui.

[15] Saterusna, Anjeunna ngadawuh, «Maraneh ku Kami rek diutus. Jugjug sakuliah dunya, embarkeun Injil ka umat sakumna.

[16] Bagja salamet sing saha nu percaya kana eta uaran sarta dibaptis; sabalikna, cilaka anu embung percaya sabab baris dihukum.

[17] Golongan nu percaya bakal kaancikan ku kakawasaan gaib: Bisa ngusir setan-setan ku nyambat jenengan Kami, bisa ngomong basa-basa ajaib nu araneh.

[18] Maranehna bakal wani newak oray matih, moal nepi ka binasa sanajan nginum racun keras; ana leungeunna dipake nyabak nu gering, nu gering teh terus cageur.»

[19] Tamat ngadawuh ka murid-murid, Isa, Gusti Jungjunan urang, lajeng dicandak mi'rad ka sawarga, linggih di tengeneun Gusti Allah.

[20] Murid-murid bral arindit, seja nguarkeun Injil ka suklakna ka siklukna. Sajeroning ngajalankeun tugasna, maranehna dituyun ku Pangeran nu maparin pangdeudeul ku rupi-rupi tanda ajaib; eta teh pikeun bukti, yen nu diuarkeun ku murid-murid teh perkara anu sajatina.

Markus — Chapters