[1] Hiji mangsa aya rombongan urang Parisi jeung ahli-ahli Kitab ti Yerusalem nepungan Isa.
[2] Kataringalieun ku aranjeunna yen murid-murid Anjeunna, anu sawarehna, dalaharna teh make leungeun najis, nya eta henteu sibanyo heula.
[3] Urang Parisi mah, sakumaha lumrahna urang Yahudi; ari henteu ngumbah heula leungeun mah, aranjeunna teh tara waka dahar sabab gugon kana adat karuhun.
[4] Tas ti pasar oge, aranjeunna mah tara waka dahar lamun acan ngumbah heula awak. Loba-loba deui adat titinggal karuhunna, kacida digumatikeunana; upamana bae, hal ngumbah cacangkir, kendi, jeung pakakas tina tambaga.
[5] Kitu nu matak, harita, aranjeunna nyarios ka Isa, «Ari murid-murid Anjeun, hirupna teh, naha henteu nyekel ka adat tali paranti karuhun urang? Sabab dalaharna teh, make leungeun anu najis.»
[6] Ari waler-Na, «Cocog sakumaha piwejang Nabi Yesaya, aranjeun teh, he jelema-jelema anu munapek! Kieu saurna: Ieu umat, biwirna ngagungkeun Kami; tapi batinna mah, mungkir ti Kami.
[7] Ibadahna ka Kami teh cumah bae; sabab anu diajarkeunana teh, nya eta parentah manusa.
[8] Aranjeun mopohokeun parentah Allah lantaran gugon ka adat istiadat manusa.»
[9] Saur-Na deui ka aranjeunna, «Bisa pisan aranjeun mah ngalindih parentah Allah, malar bisa miara adat tali paranti karuhun sorangan.
[10] Sabab saur Nabi Musa: Kudu hormat ka indung bapa! jeung: Sing saha anu ngagorengkeun bapa atawa indung, kudu paeh.
[11] Ari cek aranjeun, mun jalma ka bapana atawa ka indungna ngomong: Naon-naon nu aya di kuring, nya eta anu tadina keur kaperluan bapa jeung ema; ayeuna, ku kuring parantos digunakeun pikeun kurban; — sembahkeuneun ka Pangeran —
[12] nu kitu teh, ku aranjeun mah teu dijurung deui nedunan kawajibanana ka indung bapana.
[13] Ku kituna, parentah Allah teh ku aranjeun henteu dianggap; da kukuh kana adat tali paranti karuhun bae. Loba-loba deui kalakuan aranjeun anu kawas kitu teh.»
[14] Isa lajeng ngahiapkeun jalma rea sina kumpul, pok nyarios, «Ieu barandungan jeung lenyepan:
[15] Sakur-sakur nu asal ti luar asup ka urang, teu aya nu matak najis. Tapi sakur-sakur anu kaluar ti urang, tah eta anu najis teh.»
[16] (Mun enya ceuli teh paranti ngadenge, masing enya-enya nya ngadenge!)
[17] Sanggeus Anjeunna lebet ka hiji imah ngantunkeun jalma rea, murid-murid-Na mihatur hayang terang harti misil anu tadi.
[18] Waler-Na, «Kutan maraneh oge henteu ngarti? Na enya maraneh teu nyaho, yen nu asal ti luar asupna ka urang teu matak najis?
[19] Apan asupna teh, lain ka jero hate; tapi kana beuteung, anu tuluyna dipiceun ka jamban.» Ku hal ieu, ku Anjeunna dinyatakeun, yen kabeh kadaharan teu aya nu henteu halal.
[20] Saur-Na deui, «Naon bae nu kaluar ti jelema, eta najis.
[21] Sabab anu bijilna ti jero, nya eta ti jero hate, nimbulkeun rupa-rupa pikiran goreng, pacabulan, pamalingan, rajapati,
[22] pajinahan, kahawekan, kajahatan, pacurangan, hawa napsu, pasirikan, parahulan, kasombongan, jeung kagejulan.
[23] Ieu sipat-sipat kajahatan kabeh timbul ti jero jeung matak najis.»
[24] Sanggeus sasauran, Isa angkat ti dinya, ka daerah Tirus. Anjeunna lebet ka hiji imah; ari kahoyong-Na mah ulah aya nu nganyahoankeun, tapi buktina teu bisa disumput-sumput.
[25] Sabab teu lila, aya hiji ibu, anu anakna nu awewe diraksuk ku roh jahat meunang beja; tuluy manehna buru-buru datang, nyuuh kana sampeana-Na.
[26] Eta ibu teh urang Yunani, bangsa Siropuniki; manehna aya panunuhun ka Isa, nya eta supaya roh jahat anu ngaganggu anakna diusir.
[27] Tapi saur Isa ka manehna, «Keun, barudak heula sina sareubeuheun; sabab teu hade ngarebut roti anu pikeun barudak, terus dialungkeun ka anjing.»
[28] Si ibu ngawangsul, «Leres kituna mah, Jungjunan. Nanging anjing oge, anu nagog di kolong meja, sok ngiring ngaletak remeh anu nyarikclikan ti leungeun barudak.»
[29] Saur Isa ka eta ibu, «Ku sabab cek ibu, kitu; ayeuna mah, ibu geura mulang sabab setan teh geus ingkah ti anak.»
[30] Eta ibu terus balik, kasampak anakna keur ngedeng di enggon, jeung setanna geus ingkah.
[31] Isa jengkar ti daerah Tirus, ngalangkungan tanah Sidon, ngabujeng ka Talaga Galilea di tengah-tengah daerah Dekapolis.
[32] Di dinya, aya jelema anu, nya torek, nya pireu dideuheuskeun ka Anjeunna menta ditumpangan panangan.
[33] Eta jelema, ku Isa, dipisahkeun ti nu rea. Sanggeus paduduaan, ceuli nu torek teh dicolok ku remana; terus Anjeunna ngaludah bari tuluy nyabak kana letahna.
[34] Bari tanggah, ningali ka langit, Anjeunna narik napas, tuluy nyaur, «Efata!» hartina «Udar!»
[35] Plong bae, ceuli nu torek teh, ngemplong dibarung ku letahna udar tina tatali, nepi ka bisa ngomong bentes pisan.
[36] Anu araya di dinya, ku Anjeunna, dipesen ulah rea omong. Tapi beuki dilarang, maranehna, beuki resep bae nyaritakeunana nepi ka nyebar ka mana-mana.
[37] Maranehna bati bengong mikahelok bari ngaromong kieu, «Sagala damel-Na pitulung wungkul, nu torek disina bisa ngadenge, nu pireu disina bisa ngomong.»